SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Dina bahasa Sunda aya sababaraha istilah patukangan. Ari nu disebut patukangan teh lamun ceuk dina bahasa Indonesia mah profési. Nyaéta pagawéan matuh anu sok dilakonan ku jelema. Jalma anu migawéna disebut tukang.
Pangna disebut tukang téh lantaran manéhna kaitung ahli dina widang éta. Sanajan tadina teu bisa ogé ari ku tuluy-tuluyan dipigawé unggal poé mah jadi parigel ogé.
Dina postingan ieu bakal ditataan naon waé ngaran patukangan di urang Sunda. Ngan tong héran lamun sawaréhna barudak jaman kiwari teu nyarahoeun, lantaran pagawéan jaman baheula réa nu geus tinggal ngaran.
Sawaréhna mah memang aya kénéh éta ogé, malah bakal aya patukangan nu moal leungit satungtung hirup manusa. Ngan pedah ayeuna mah carang maké istilah basa Sunda.
Dina paguneman sapopoé sok réa maké bahasa Indonesia. Balukarna, basa sorangan ogé ari langka digunakeun mah poho. Ngaliwatan postingan ieu, hayu urang inget-inget deui istilah-istilah patukangan dina basa Sunda.
1. Ajun = tukang nyieun parabot tina taneuh.
2. Bujangga = tukang ngarang.
3. Candoli = awéwé tukang ngajaga jeung méréan sagala rupa bahan dahareun di nu kariaan.
4. Gending = tukang nyieun tatabeuhan saperti gamelan tina kuningan.
5. Kajineman = tukang ngajaga sakitan.
6. Kuncén = tukang ngurus kuburan.
7. Legig = tukang ngasruk di pamoroan.
8. Malim = tukang nalukkeun sasatoan.
9. Maranggi = tukang nyieun sarangka keris.
10. Merebot = tukang ngurus (kabersihan) masjid, nakol bedug sarta matuh di masjid.
11. Nyarawedi = tukang ngagosok permata.
12. Pakacar = juru ladén di nu kariaan.
13. Palatuk = jalma purah méré iber heulaeun rombongan pangagung.
14. Palédang = tukang nyieun barang tina tambaga.
15. Palika = tukang teuleum.
16. Pamatang = tukang moro nu ngagunakeun tumbak.
17. Panday = tukang nyieun parabot tina beusi.
18. Paneresan = tukang nyadap kawung.
19. Paninggaran = tukang moro maké bedil.
20. Sarati = tukang nalukkeun gajah.
Lamun dijieun tabel kalawan maké harti bahasa Indonesia mah jiga kieu:
Pekerjaan | Disebut |
Pembuat perabotan dari tanah | Ajun |
Pengarang (pujangga) | Bujangga |
Perempuan penjaga dan yang mengatur bahan makanan di tempat orang hajat. | Candoli |
Pembuat alat tabuhan seperti gamelan dari bahan kuningan. | Gending |
Penjaga tahanan. | Kajineman |
Tukang mengurus makam. | Kuncén |
Orang yang merangsek ke semak-semak di tempat berburu | Legig |
Penakluk binatang (pawang). | Malim |
Ahli membuat sarung keris. | Maranggi |
Orang yang biasa mengurus masjid. | Merebut |
Penggosok permata. | Nyarawedi |
Pelayan di tempat hajat sunatan. | Pakacar |
Orang yang biasa memberi kabar di rombongan pembesar. | Palatuk |
Pembuat perabotan dari tembaga. | Paledang |
Penyelam. | Palika |
Pemburu yang menggunakan tombak. | Pamatang |
Pembuat perabotan dari besi. | Panday |
Penyadap aren | Paneresan |
Pemburu yang menggunakan senapan. | Paninggaran |
Pawang gajah. | Sarati |
Baca juga: Cara Menanyakan Pekerjaan dalam Bahasa Sunda
Muga-muga ieu tulisan téh sing aya mangpaatna.