Contoh Sajak Sunda tentang Corona

3 Contoh Sajak Sunda tentang Corona dan Artinya

7 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Berikut ini 3 contoh sajak Sunda tentang Corona. Sajak bahasa Sunda ini syairnya murwakanti atau mirip suara vokal ujung barisnya.

Sajak basa Sunda tentang Corona ini saya buat sendiri. Agar bisa dipahami, saya juga buatkan artinya dalam bahasa Indonesia.

Selamat membaca…

1. Sajak Virus Corona Jaman Ayeuna

Kajadian aheng jaman ayeuna
Jalma di dunya loba nu kaserang virus corona
Ceuk beja mah datangna ti nagri Cina
Napel dina tikorona
Sanajan kadar teu bisa disinglar
Manusa keukeuh kudu ikhtiar
Ulah loba liar ka luar
Kajaba nu wajib balangsiar
Corona gancang pisan patalepana
Sakabeh jalma kudu iyatna
Make masker dina baham jeung irungna
Lain dina palebah gadona

Artinya:

Kejadian luar biasa jaman sekarang
Manusia di dunia banyak yang terkena virus corona
Katanya virus itu datangnya dari negara China
Menempel di tenggorokan
Meskipun ketetapan Tuhan tidak bisa dihindari
Manusia tetap harus berikhtiar
Jangan keluyuran ke luar rumah
Kecuali yang wajib mencari nafkah
Corona sangat cepat menular
Semua orang harus waspada
Memakai masker di mulut dan hidung

Bukan di dagu

2. Cicing di Imah Jauhan Wabah

Kiwari loba nu ngadadak susah
Sabab lila teuing cicing di imah
Nu tani sedih nu dagang seunggah
Ririungan oge digebah
Dokter jeung suster keur susah payah
Sangkan rahayat gancang suka bungah
Jongjon deui nyiar kipayah
Katut ibadah kanu Maha Gagah
Diajar saheulaanan mah jeung mamah
Sangkan jauh tina wabah
Omat ulah ningkah jeung loba luhlah
Wayahna sing tumut ka ulama jeung pamarentah
Sangkan teu katarajang wabah
Kudu berseka jeung getol kukumbah
Nerapkeun masker ulah salah
Jaga jarak kuduna mah

Artinya:

Sekarang banyak yang mendadak susah
Sebab terlalu lama diam di rumah
Petani sedih, pedagang susah
Berkerumun juga dilarang
Dokter dan perawat sedang susah payah
Supaya rakyat cepat bahagia
Tenang mencari nafkah
Dan ibadah kepada Tuhan Yang Maha Gagah
Belajar sementara dengan ibu (di rumah)
Agar terhindar dari wabah
Jangan banyak tingkah dan mengeluh
Harus taat pada ulama dan pemerintah
Supaya tidak terserang wabah
Harus menjaga kebersihan dan rajin cuci tangan
Memasang masker jangan salah
Jaga jarak sudah seharusnya

3. Korona Sing Gancang Balik

Jalma leutik careurik
Nu ngumbara euweuh balik
Nu di lembur diuk cunggelik
Ngarep-ngarep anu mudik
Matak hirup kudu rikrik
Kana duit masing apik
Dina mangsa keur paceklik
Aya teangeun najan saeutik
Korona sing gancang balik
Kaluman geus lila calik
Jalma hayang gera usik
Usaha neangan milik

Artinya:

Rakyat kecil menangis
Perantau tidak pulang
Yang di kampung duduk menunggu
Menanti yang akan mudik
Makanya hidup harus hemat
Terhadap uang harus apik
Di waktu sulit
Ada tabungan walau sedikit
Corona semuga lekas hilang
Bosan sudah lama diam
Orang ingin segera beraktifitas
Usaha mencari rejeki

Itulah contoh sajak Sunda corona yang bisa saya bagikan. Semoga kita terhindar dari wabah dan bisa mengambil hikmah dari semua kejadian ini.