SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Kaulinan langlayangan atau layangan merupakan permainan tradisional yang tidak hanya ada di masyarakat Sunda, akan tetapi ada juga di daerah lain.
Menerbangkan layangan ada yang untuk diadukan ada juga yang dipamerkan karena keindahannya (layangan hias). Permainan layangan yang biasa diterbangkan oleh anak-anak Sunda biasanya untuk diadukan. Bahasa Sundanya disebut ngadu langlayang.
Ngadu layangan semakin seru ketika dua kelompok menerbangkan banyak layangan dari tempat berbeda. Yang berhasil memutuskan layangan kelompok lainnya surak (sorak) ramai-ramai.
Berikut ini istilah-istilah kaulinan langlayangan atau permainan layangan dalam bahasa Sunda.
- Beurat sabeulah = langlayangan muih atawa tuluy nyereng ka sabeulah arah. (Layangan berat sebelah).
- Bola balik = kenur atawa gelasan anu teu kabawa ku langlayangan kabur. (benang sisa layangan putus).
- Cacap = kenur béak tina golonganana. (benang layangan habis di golongnya).
- Digibrig = ngadu langlayangan kenurna diberean saeutik tuluy bari dicentok-centok. (benang ditarik-tarik).
- Dikicrik = ngadu langlayangan bari dicentok-centok leutik. (benang ditarik-tarik lebih halus dari digibrig).
- Digombél = ngadu langlayangan kalawan diulur bari kenurna dibetot ka kenca katuhu supaya langlayanganana “hirup”. (ngadu layangan dengan benang ditarik ke kanan dan ke kiri).
- Dikubet = dibetot nyakali waktu langlayangan keur diadu. (benang ditarik mendadak).
- Diobrok = diulur jauh nepika cacap kenur. (benang diulur).
- Ditataran = diulur, kenurna dibéréan sina luhur. (benang diulur).
- Gédég = langlayangan ngapungna ngagibrig, biasana lantaran tali timbana handap teuing. (layangan terbangnya gemeteran).
- Gelasan = benang seukeut paragi ngadu, biasana maké campuran bubuk beling, endog bobodasna, silikon, atawa salatin. (benang tajam untuk ngadu layangan).
- Gélényé = langlayang babari disarang-séréngna jeung teu daék anteng. (layangan lincah).
- Godos = langlayangan keur diadu terus gelasannana lésot atawa misah deui. (benang yang sedang diadu lepas lagi).
- Golong = alat paranti ngagolongan kenur, biasana dijieun tina awi atawa pipa. (alat untuk menggolong benang).
- Jalingeur = langlayang lincah surang sereng teu daék anteng. (lincah susah dikendalikan).
- Kabur = langlayangan leupas tina kenurna alatan diadukeun atawa kapakan. (layangan lepas).
- Kapakan = langlayangan leupas sorangan lain diadukeun. (layangan lebas sendiri tanpa diadu).
- Kebluk = langlayangan hésé diséréngkeun jeung ditututgkeun/ditotogkeun. (layangan susah diarahkan).
- Kenur = benang
- Mayung = langlayangan anteng nanjung di luhur kawas payung. (layangan anteng di atas seperti payung).
- Mawana = gelasan atawa kenur nu kabawa kabur. (benar yang terbawa putus).
- Mumbul = langlayangan nu leupas beuki ka luhur. (layangan lepas semakin jauh).
- Ngabandang = néwak langlayangan nu kabur ku langlayangan deui. (menangkap layangan lepas dengan layangan).
- Ngambul = langlayang kaburna beuki jauh ka luhur. (layangan lepas semakin jauh).
- Ngarebol = megatkeun bola balik batur nu langlayanganana geus kabur. (memutuskan benang balik orang lain yang layangannya lepas).
- Ngarucu = moro langlayangan kabur. (mengejar layangan putus).
- Ngobrok = ngadu langlayang kalawan diulur jaur. (mengadu dengan mengulur benar)
- Nguntung = megatkeun bola balik batur nu langlayanganana geus kabur. (memutuskan benang balik orang lain yang layangannya lepas).
- Notog, nutug = hulu langlayang nyirorot nyanghareup ka handap. (layangan menukik).
- Nyangkol = benang kait kana tatangkalan. (benar nyangkut di pohon).
- Nyasar = langlayangan ngaduan kana kenur anu batur. (gelasan menyasar benang orang).
- Nyéréng = malik tuluy maju ka kénca atawa ka katuhu. (mengarah ke kiri atau ke kanan).
- Palincang, malincang = ngomekeun langlayang anu beurat sabeulah ku cara dibentikkeun jangjangna. (menyeimbangkan layangan supaya tidak berat sebelah).
- Rarancang = rangkay langlayangan tina awi meunang ngaraut. (rangka layangan).
- Rérénténg = kenur nu diberendil-berendil paragi ngabandang. (benang yang dipelintir untuk ngabandang).
- Tali barat = benang dina rarancang antara tungtung hulu jeung jangjang. (benang dari ujung kepala ke sayap).
- Tali timba = tali langlayangan antara beuheung jeung tungtung beulah handap. (benang dari leher ke ujung bawah).
- Wangkong = gambar atawa pulas langlayangan.
- Ngapungkeun = menerbangkan layangan.
- Tali rarawat = benang paragi meungkeut jeung metot rarancang samemeh dikeretasan. (benang untuk mengikat dan menarik rangka sebelum dikertasin).
Baca juga: 37 Kaulinan Barudak Lembur atau Permainan Tradisional Sunda
Demikian, semoga bermanfaat.