Contoh Karangan Deskripsi Bahasa Sunda tentang Pemandangan Alam

5 Contoh Karangan Deskripsi Bahasa Sunda Tentang Pemandangan

31 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Karangan deskripsi adalah karangan yang menggambarkan suatu topik dengan melibatkan pengamatan panca indera. Pembaca seolah-olah dapat merasakan, melihat, atau mendengar apa yang dirasakan, dilihat, dan didengar oleh penulis.

Dalam menulis karangan deskripsi, jarang menggunakan kata-kata sifat. Tetapi digambarkan dengan kata-kata yang dapat dirasakan atau dibayangkan. Misalnya mobil bagus, digambarkan dengan kata-kata mobil berwarna merah mengkilat, velgnya bintang berwarna silver, dan seterusnya.

Menulis mobil bagus saja orang mungkin tidak bisa membayangkan. Tetapi dengan menyebutkan berwarna merah mengkilat, velg bintang berwarna silver, semua orang pasti dapat membayangkannya.

Contoh lainnya, perempuan cantik bisa digambarkan misalnya dengan hidung mancung, bulu matanya lentik, mata belo, rambutnya hitam tebal dan ikal.

Setiap bahasa memiliki kosakata sendiri untuk menggambarkan sesuatu. Tidak terkecuali bahasa Sunda sebagai bahasa daerah masyarakat Jawa Barat. Bahasa Sunda memiliki banyak kosakata, saking banyaknya bahkan tidak sedikit kata-kata Sunda yang sulit diindonesiakan. Misalnya nangkarak bengkang, anjeucle, ucang angge, kiceup peureudeuy, tiseureuleu, tijengkang, dan sebagainya.

Dalam bahasa Sunda, kata-kata tersebut dapat mendeskripsikan keadaan atau perbuatan. Orang yang membaca atau mendengar akan dapat membedakan keadaan nangkarang bengkang dengan anjeucle, atau tiseureuleu dengan dijengkang.

Intinya, dalam menulis karangan deskripsi baik dalam bahasa Sunda maupun bahasa lainnya harus pantai memilih kata dapat mewakili rasa, pendengaran, dan penghilatan. Untuk itu tentu harus banyak berlatih, rajin membaca tulisan orang lain, dan menambah perbendaharaan kata.

Di bawah ini ada beberapa contoh karangan deskripsi singkat bahasa Sunda tema pemandangan. Sebagai contoh, karangan deskripsi bahasa Sunda di bawah ini tulisannya sangat sederhana.

Contoh Karangan Deskripsi Singkat Bahasa Sunda tentang Pemandangan Alam

Contoh 1

Gunung-gungung parentul  jadi pamageuh dayeuh. Leuweungna masih kénéh héjo ngémploh ma’lum euweuh nu wani ngageureudeuh. Pasawahan ngeplak satungtung deuleu, paréna keur meujeuna beuneur héjo. Di sisi sawah aya walungan gedé caina ngagulidag, ti suku gunung mapay nyaian sawah jeung lembur-lembur.

Manuk ricit disarada patembalan patinggeleber dina dahan tatangkalan. Bajing arulin bari silih undag jeung baturna. Sasatoan liar baretah bubuhan teu kungsi ngadéngé sora bedil.

Panon poé beuki lila beuki ka luhur. Hawa panas tapi teu karasa bayeungyang da kabauran ku hiliwirna angin leutik. Tatangkalan anu rajeg di sisi lembur nimbulkan hawa seger. Teu kungsi lila ngong kadéngé sora adan ti masigit nu aya di tengah pilemburan. Anu digarawé ti kebon ngabring baralik muru salat berjamaah.

Artinya:

Gunung-gunung berdiri memperkuat kota. Hutannya masih hijau maklum tidak ada yang berani menjamah. Sawah-sawah luas, padinya sedang hijau. Di sisi sawah terdapat sungai airnya besar, mengalir dari kaki gunung merayap mengairi sawah dan kampung-kampung.

Burung berkicau bersahutan beterbangan di dahan pohon. Tupai bermain saling kejar dengan sesamanya. Binatang-binatang liar betah karena tidak pernah mendengar suara senapan.

Matahari semakin lama semakin ke atas. Udara panas tapi tak terasa gerah karena dicampuri angin sepoi-sepoi. Pohon-pohon yang berdiri di sisi kampung menimbulkan udara segar. Tak lama kemudian terdengar suara adzan dari masjid di tengah kampung. Yang bekerja dari kebun pada pulang untuk sholat berjamaah.

Contoh 2

Méga beureum geus katempo ngempur di belah wétan. Cicirén yén panon poé téréh bijil. Enya wé tu kungsi lila panon poé téh meleték, ray.. ray.. nyaangan alam dunya anu tadina poék mongkléng buta rajin. Awak anu tadina ngahodhod kabulusan laun-laun mimiti karasa haneut. Gap kana kaméra, jeprét kaéndahan pamandangan alam di puncak gunung Cikuray téh dipotoan. Bari moyankeun awak, regot kana cikopi anu masih kénéh ngebul. Sanajan caina karék cur kopi téh teu karasa panas bubuhan hawa di luhur gunung mah tiris kacida.

Beuki caang téh pamandangan asa kalah tambah éndah. Haseup bodas ngampar ngagulung jiga budah lautan. Katempona kawas dina handapeun dampal suku, lir ibarat nangtung dina luhur parahu tuluy ninggali ka laut. Ngeplak bodas, kota Garut anu sakitu legana méh-méhan teu katempo bakating ku kandelna éta haseup.

Panon poé beuki naék, rét ka belah kulon katempo kalangkang gunung Cikuray ngawangun segi tilu ngabelegbeg nutupan gunung Papandayan. Gurawésna kawah Papandayan teh écés pisan katinggalina ti puncer gunung Cikuray mah.

Artinya:

Mega merah sudah terlihat bersinar di ufuk timur. Pertanda matahari akan segera terbit. Benar saja tidak lama kemudian matahari menampakkan dirinya. Perlahan-lahan menerangi alam yang tadinya gelap gulita. Tubuh yang tadinya kedinginan pun perlahan mulai terasa hangat. Mengambil kamera, lalu memotret keindahan pemandangan alam di puncak gunung Cikuray. Sambil menghangatkan tubuh, meneguk kopi yang masih mengepul. Meskipun airnya baru dituangkan tetapi kopi tidak terasa panas karena udara di atas gunung sangat dingin.

Semakin terang pemandangan malah semakin indah. Asap putih menggulung seperti ombak di lautan. Kelihatannya seperti di bawah kaki, seperti berdiri di atas perahu lalu melihat ke laut. Putih, kota Garut yang luas pun hampir tidak kelihatan saking tebalnya asap.

Matahari semakin naik, melihat ke sebelah barat terlihat bayang-bayang gunung Cikuray membentuk segi tiga menutupi gunung Papandayan. Tebing kawah itu jelas terlihat dari puncak gunung Cikuray.

Contoh 3

Barang anjog ka jalan nu rék asup ka hiji lembur, pamelong kagoda ku wangunan gapura anu basajan tapi katempona agreng pisan. Tihang-tihanna teu sapira, saukur tina gundukan pangpung nu dibeungkeut ku tali hoé. Ari ku loba jeung dipapantes mah mah éta pangpung téh jadi gedé tur jangkung. Di luhur gapura aya manuk dadali nu dijieun tina barangbang. Jangjangna mébér, sukuna nyakop kana palang lir ibarat leungeun manusa jeung muntang.

Asup ka jero lembur matak pikabetaheun. Jalanna raresik euweuh runtah hiji-hiji acan. Di sajajalan kira-kira heuleut dua puluh méter disayagakeun wadah runtah tina drum urut anu dikelengan. Wadah runtah téh dipulas ku cét beureum jeung bodas.

Umbul-umbul ngajajar ti gapura nepika jero lembur. Tihang wanéra rajeg di buruan imahna séwang-séwangan. Wanéra beureum bodas kékélébétan katebak angin. Pamandangan di lembur éta téh kituna sataun sakali dina bulan Agustus. Ari sapopoéna mah teu kitu, ngan ngeunaan kabersihannana mah sarua.

Artinya:

Ketika sampai ke jalan menuju sebuah kampung, penglihatan tergoda oleh bangunan gapura yang sederhana tetapi kelihatannya sangat megah. Tiang-tiangnya tidak seberapa, hanya dari setumpuk ranting yang diikat oleh tali rotan. Kalau banyak dan dibikin unik ranting itu jadi besar dan tinggi. Di atas gapura ada burung garudak terbuat dari daun kelapa kering. Sayapnya mengembang, kakinya mencengkram pada palang seperti tangan manusia yang sedang mengganggam.

Masuk ke dalam kampung suasananya bikin betah. Jalannya bersih tak ada sampah satu pun. Di sepanjang jalan kira-kira selang dua puluh meter disediakan tempat sampah dari drum bekas yang dipotong. Tong sampah itu dicat warna merah dan putih.

Umbul-umbul berjajar dari gapura sampai ke dalam perkampungan. Tiang bendera berdiri di halaman rumahnya masing-masing. Bendera merah putih berkibar tertiup angin. Pemandangan di kampung tersebut seperti itu hanya setahun sekali pada bulan Agustus. Kalau sehari-hari tidak begitu, tetapi kebersihannya sama.

Contoh karangan deskripsi bahasa Sunda singkat tentang kerusakan alam

Contoh 4

Hawa karasana matak hareudang bayeungyang. Gunung-gunung darugul, bubuhan kaina geus pada naluaran. Kebon-kebon sayur méh nepi ka puncer gunung. Lahan anu tadina pinuh ku tatangkalan galedé téh geus salin jinis jadi kebon tomat.

Motor pulang anting ka luhur gunung ngunjalan gemuk jeung hasil tatanén. Sora mesin anu gagauran ngagareuwahkeun sasatoan anu masih kénéh aya di éta leuweung. Kadaharan sato geus langka, tempat cicingna oge tuluy diduruk dikebonan.

Ku sabab kitu, monyét-monyét turun ka pilemburan nyiar kadaharan. Arulin pating gulayun dina dahan jambu pipireun imah warga. Begu ogé teu katinggaleun, kukuluduk turun ka kebon jeung huma.

Artinya:

Udara terasa gerah. Gunung-gunung pada gundul, karena pepohonannya sudah ditebangi. Kebun-kebun sayur hampir sampai ke puncak gunung. Lahan yang tadinya penuh dengan pepohonan besar sudah berganti wujud jadi kebun tomat.

Motor hilir mudik ke atas gunung membawa pupuk dan hasil pertanian. Suara deru mesin kendaraan mengganggu binatang-binatang yang masih ada di hutan. Makanan binatang sudah jarang, tempat tinggal mereka juga terus dibakar dijadikan kebun.

Oleh sebab itu, monyet-monyet turun ke perkampungan mencari makanan. Bermain bergelantungan di dahan jambu di samping rumah warga. Babi hutan juga tak ketinggalan, turun ke kebun dan area padi gogo.

Contoh 5

Kakara ogé sababaraha bulan usum halodo, cai walungan geus ampir saat. Batu-batuna nalongérak katempo nepi kana dasarna. Ku déét-déétna éta walungan, dipaké meuntas ku budak satepak ogé moal matak palid. Jukut-jukut di sisieunana geus salin warna jadi semu konéng kawas nu karerab. Sawah-sawah taneuna bareulah maklum teu kacaian.

Di sisi leuwi para mojang keur nyeuseuhan bari uplek ngobrol. Sakapeung maranéhna akey-akeyan seuseurian nyengseurikeun carita babaturannana anu pikalucueun. Biasana lamun keur usum ngijih mah tara aya nu ngadon nyeuseuh ka walungan. Kahijina cai walungan gedé pibahayaeun, atuh kaduana da di pancuran ogé sanajan kiruh caina cur cor.

Ngaguruhna sora cai téh teu pati kadéngé. Nu kadéngé teh ukur ngérélék. Ngan anu tarik kadengé mah dokdak na sora palu diadu jeung batu. Bakat lamun usum halodo téh sok réa nu ngala batu beulah jualeun ka proyék.

Artinya:

Baru juga beberapa bulan musim kemarau, air sungai sudah hampir kering. Batu-batu kelihatan sampai ke dasarnya. Saking keringnya sungai itu, dipakai menyeberang anak kecil pun tidak akan hanyut. Rumput-rumput di pinggirnya sudah berganti warna jadi kekuning-kuningan seperti terbakar. Sawah-sawah tanahnya pecah-pecah maklum tidak teraliri air.

Di pinggir palung para gadis sedang mencuci sambil asyik ngobrol. Sekali-kali mereka tertawa terpingkal-pingkal menertawakan cerita temannya yang bikin lucu. Biasanya kalau musim hujan tidak pernah ada yang sengaja mencuci ke sungai. Alasannya, pertama karena air sungainya deras membahayakan, keduanya di jamban juga airnya besar meskipun keruh.

Gemuruhnya suara air sungai sudah tidak begitu terdengar. Yang terdengar hanya gemercik. Hanya yang keras terdengar itu suara palu beradu dengan batu. Sudah biasa kalau musim kemarau suka banyak warga yang mengambil batu belah untuk dijual ke proyek.

Baca juga: 2 Contoh Karangan Bahasa Sunda tentang Kebersihan Lingkungan

Demikianlah, semoga bermanfaat.