Contoh Sajak Sunda tentang Kerusakan Lingkungan

5 Contoh Sajak Sunda tentang Alam dan Lingkungan

44 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Contoh sajak Sunda tentang alam dan lingkungan yang sudah rusak. Puisi bahasa Sunda tentang kerusakan alam ini dibuat untuk bahan renungan bahwa alam kita sudah tidak utuh lagi.

Sekarang alam seolah tidak bersahabat lagi dengan manusia. Hutan-hutan ditebang membabi buta, gunung-gunung banyak yang gundul, air bersih susah didapat. Datang hujan banjir melanda, tiba musim kemarau air pun kering.

Oleh karenanya kita harus berusaha melestarikan alam dan menjaga lingkungan agar kerusakannya tidak semakin parah. Semua terjadi karena ulah oknum manusia sendiri yang telah membuat kerusakan di muka bumi.

1. Contoh Sajak Sunda tentang Alam Kiwari

Alam dunya matak ketir
Gunung dugul pasir bulistir
Sasatoan ti leuweung jicir
Ngalanto ke lembur ge diusir
Datang hujan balalanjir
Jol halodo caah nyingkir
Ngan watir kanu di hilir
Ngala cai oge digilir
Kalakuan nu teu mikir
Nuaran kai teu diijir
Dapon leuitna buncir
Paduli teuing batur nyengir

2. Contoh Sajak Basa Sunda tentang Kerusakan Hutan

Leuweung gonggong sima gonggong
Kiwari tinggal omong
Gunung molongpong
Tatangkalan lowong
Poma tong bedegong
Leuweung tong diantep ngemplong
Pelakan deui nu kosong
Kabeh kudu ngarojong
Tong saukur melong
Komo deui patukang tonggong

3. Contoh Sajak Bahasa Sunda tentang Kerusakan Lingkungan

Mangsa datang dadangrat
Cinyusu luput walungan saat
Deudeuh teuing masarakat
Hayang cai ge tihothat
Jol hadolo mah geus komo
Caianeun sakotak ge teu kacomo
Ieu teh tangtu akibat
Leuwung diruksak nepi ka parat
Teu ngingetkeun poe aherat
Ngababad leuweung teu jeung adeuh
Asal beuteung seuebuh
Pangrasa boga keur ngagaleuh
Da meni geuleuh

4. Contoh Puisi Sunda tentang Sampah

Harianeun, runtah di jalan pabalatak
Nu miceunna teu jeung otak
Padahal wadahna geus nemrak
Harianeun, dikorehkeun teh nongerak
Urut popok budak
Turta cangkang wedak
Runtah anu hese ruksak
Hayang teuing kasampak
Taktakna rek ditepak
Diharewosan ulah goreng talajak
Miceun runtah tong kawas budak

5. Global Warming

Beu!
Cilaka dua belas
Hawa mimiti karasa panas
Bejana di kutub geus laas
Pelestarian alam remen di bahas
Lakon gawe na can jelas
Make listrik bararebas
Ti dapur nepi ka teras
Keur sare oge balalengras
Sok pikir sing waras

Demikianlah, semoga contoh sajak Sunda tentang lingkungan ini bermanfaat.