Contoh Warta Sunda tentang Banjir

7 Contoh Warta Sunda Tentang Banjir

11 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Pada postingan ini terdapat 7 contoh warta bahasa Sunda tentang banjir. Bahasa Sundanya banjir adalah caah. Kata banjir sendiri sering digunakan dalam percakapan sehari-hari di kalangan orang Sunda.

Pengertian Warta Sunda

Hartina warta Sunda nya éta béja, béwara, atawa informasi anu ditepikeun maké basa Sunda. Dalam bahasa Indonesia, warta disebut juga berita. Dalam bahasa Inggris disebut news yang berarti kabar atau informasi.

Kata warta berasal dari bahasa Sensakerta, atinya kabar berita. Berita dapat disampaikan secara lisan, tulisan maupun video.

Warta yang menggunakan ragam bahasa tulisan contohnya koran, majalah, dan portal berita di internet. Warta yang disampaikan melalui lisan contohnya berita di radio. Adapun warta dalam bentuk video sering kita lihat di televisi atau di channel YouTube.

Tujuan menyampaikan warta itu macam-macam. Ada yang bertujuan untuk memberi tahu, propaganda, iklan, atau sebagai sarana persuasi, dan sebagainya.

Sajian berita biasanya menggunakan prinsip piramida terbalik, yaitu menyampaikan hal-hal penting yang sering disebut lead lalu diikuti informasi pelengkap lainnya.

Contoh Warta Sunda tentang Banjir

Di bawah ini kumpulan contoh warta tentang banjir dalam bahasa Sunda loma. Dilihat dari cara penyajiannya, warta tulis di bawah ini termasuk straight news atau berita langsung. Staight news yaitu berita yang disajikan secara langsung berdasarkan kejadian sebenarnya, tidak ditambah atau dikurangi serta menggunakan bahasa lugas agar mudah dipahami.

Contoh-contoh berita bahasa Sunda tentang bencana banjir ini merupakan terjemahan bebas dari situs berita Tribunjabar.id.

Rébuan Imah Warga Kakeueum Caah Rob di Indramayu

Caah rob di basisir Kabupaten Indramayu beuki parna, Salasa (12/1/2021). Koordinator Lapangan Taruna Siaga Bencana (Tagana) Kabupatén Indramayu, Waminuddin nyebutkeun, caah éta nimpa di tilu désa sakaligus.

Ngawengku Desa Kertawinangun, Desa Eretan Kulon, jeung Desa Eretan Wetan di Kacamatan Kandanghaur.

“Isuk-isuk ieu caah nepi ka 1 méter,” ceuk Waminuddin.

Waminuddin nepikeun, aya rebuan imah anu kakeunaan ku caah, kaasup wangunan sakola, jeung tempat ibadah.

Caah éta arasup ka imah warga. Caah rob anu nimpa wewengkon satempat, kanyahoan sok kajadian unggal poé ti saprak awal taun 2021.

Warga meredih sangkan aya tarékah anu enya-enya ti pamaréntah daerah pikeun ngungkulan bancang pakéwuh caah rob téa.

Caah rob ieu dikanyahokeun datang unggal jam 6 isuk-isuk jeung saat dina jam 11 beurang. Ngan, kajadianana rotin unggal poé.

“Waktu kuring leutik, caah téh sataun sakali, ayeuna mah unggal poé. Aya kamalir anu mendet, baheula bendungan eretan carang caah,” ceuk salah saurang warga Ulli Nunu (35).

3 Imah di Desa Bunder Purwakarta Kakeueum Caah

Sajumlah tilu imah di Kampung Selaeurih RT 12/4, Desa Bunder, Kacamatan Jatiluhur, Purwakarta kakeueum caah balukar tina hujan gedé sapeupeuing, Senén (11/1/2021). Katilu imah éta téh anu Woko (40), Ikin (42), jeung Suhéndi (42).

Woko ngadadarkeun hujan anu kacida gedéna ti mimiti soré nepi ka peuting tadi nimbulkeun cai ngeueum imahna kusabab solokan PT Metro Pearl Indonesia kapendet taneuh.

“Soré kamari basa kuring balik digawé imah geus kakeueum. Salila solokan di PT Metro Pearl Indonesia can dioméan, tangtu unggal usum ngijih bakal kajadian caah,” pokna.

Woko miharep PT Metro bisa ngoméan solokan éta ngarah lamun turun hujan teu caah deui.

Aparat désa ogé kaciri mantuan warga nu jadi korban caah, salah sahijina ngitung jumlah karugian anu ditimbulkeun ku kapendetna solokan kalawan ngajukeun pangganti ka PT Metro.

Minijer PT Metro, Evad Padli nyaritakeun pihakna geus ngadatangan tempat caah. Manéhna ngaku pihakna geus meresihan solokan anu palid ka walungan Cikao, ngan kusabab aya urug susulan taneuh mendet deui kana solokan.

Hujan Ngecrek, Tilu Ratus Héktar Sawah di Majalengka Kakeueum Caah

Saeutikna tilu ratus héktar sawah di opat désa di Kacamatan Jatitujuh, Kabupatén Majalengka kakeueum caah, Rebo (6/1/2021).

Hal éta akibat hujan anu tuluy-tuluyan salila sababaraha poé katukang.

Hujan anu tuluy-tuluyan oge nimbulkeun walungan Cibuaya anu ngaliwat ka opat désa di Jatitujuh teu bisa nampung cai.

Salah saurang warga nu sawahna kakeueum, Rosidin (35) nyaritakeun dirina geus tandur salila sabulan katukang.

Manéhna ayeuna teu bisa nanaon sanggeus aya musibah ka sawahna jeung warga nu lian.

“Kuring geus ngaluarkeun waragad kurang leuwih 2-3 juta rupiah keur meuli gemuk, komo deui ayeuna geus usum ngagemuk. Tapi kumaha deui, kaayaanana kawas kieu,” ceuk Rosidin basa ditepungan, Rebo (6/1/2021).

Manéhna ogé ngaku, balukar tina kaayaan siga kitu téh sawah manéhna nu 5 hektar teu bisa digarap.

Malah geus bisa ditangtukeun moal bisa panén dina usum ieu.

“Muga-muga gancang meunangkeun cara jeung bisa pepelakan deui,” pokna.

Pasawahan di opat désa di Kacamatan Jatitujuh téa jadi siga lautan cai. Luhurna cai nu ngeueum paré ditaksir nepi ka sameter.

Kuwu Sumber Wétan, Usi Sanusi negeskeun pihakna jeung warga lianna ngan ukur bisa ngupayakeun sangkan solokan teu kacocokan ku régang jeung runtah.

Ambéh cai bisa ngaliwat jeung teu ngeuyeumbeu dina waktu lila di pasawahan warga.

“Di désa Sumber Wétan aya 80 héktar sawah milik warga nu kakeueum. Lamun diitung-itung mah tina opat désa téh, kurang leuwih 20 persénna,” Usi ngajelaskeun.

Wanci soré ieu cuaca di Kabupatén Majalengka angkeub.

Lamun cur hujan, caah anu ngeueum ratusan hektar sawah téh bakal tuluy kajadian deui.

Sababaraha Lembur di Balééndah Kabupatén Bandung Kakeueum Caah

Sababaraha warga ngaliwatan caah nu ngeuyeumbeu di wewengkon Kalurahan Andir, Kacamatan Balééndah, Kabupaten Bandung, Senén (11/1/2021).

Aya nu kapaksa ngadodorong motorna, kusabab mesinna kaasupan cai antukna hésé hirup.

Caah ieu nimpa sababaraha lembur di Kalurahan Balééndah.

Lembur-lembur nu kakeueum caah, di antarana Muara, Ciputat, Cibadak jeung Kampung Jambatan.

Cai ngeuyeumbe sanggeus hujan gedé dina Minggu (10/1/2021) anu nimbulkeun cai walungan Citarum naék, cai limpas nepi ka jalan jeung ngeueum imah warga.

Tanggul Rempag, Ratusan Héktar Sawah di Tunggilis Pangandaran Kakeueum Caah

Kurang leuwih 227 héktar sawah di Désa Tunggilis Kecamatan Kalipucang Kabupatén Pangandaran kakeueum caah sanggeus rempagna tanggul Cirapuan Kedung Palumpung, Rebo (17/11/2020).

Tanggul anu lébarna 3 méter di wates Désa Ciganjeng (Padahérang) jeung Désa Tunggilis (Kalipucang) téa rempag sanggeusna hujan gedé anu ngecrek unggal poé dina sababaraha poé katukang.

Cai limpas ti Cirapuan anu jerona ti saméter nepi ka 2 meter ngeueum sawah warga sahingga ratusan hektar sawah di Désa Tunggilis kawas lautan cai. Ratusan héktar sawah anu kakeueum caah téh écés aya di sisi jalan raya Banjarsari-Pangandaran.

“Balukar tanggul rempag, cai limpas asup ka sawah. Aya kana 227 héktar sawah di Tunggilis anu kakeueum cai,” ceuk Kapolsék Kalipucang Polrés Ciamis, AKP H Jumaéli basa nempo ka tempat kajadian Kamis (19/11/2020) .

AKP Jumaéli ménta ka warga geuwat gotong royong nutupan saheulaanan palebah tanggul anu rempag ngarah cai ngeuyeumbe anu ngeueum sawah warga teu tuluy ngalegaan. Jeung lebah tanggul anu rempag ogé teu tuluy ngagedéan pédah hujan gedé ditaksir turun unggal poé.

“Palebah tanggul anu rempag disaeur maké karung keusik atawa taneuh keur ngungkulan saheulaanan,” pokna.

Katinggang Hujan Ngecrek, Jalan Provinsi di Ciemas Sukabumi Kakeueum Caah

Jalan provinsi di Kampung Cihuni wates Désa Mekarsakti jeung Désa Ciwaru Kacamatan Ciemas, Kabupatén Sukabumi, Jawa Barat, kakeueum caah.

Caah nu luhurna kira-kira 60 sentimeter nu ngeueum jalur wisata Géopark Ciletuh téh balukar tina walungan Cikalong jeung walungan Balé RK limpas sanggeus hujan ngecrek di wewengkon éta, Senén (30/11/2020) peuting.

Koordinator Pusdalops BPBD Kabupaten Sukabumi, Daéng Sutisna nyaritakeun, nepi ka ayeuna caah kénéh ngeueum jalan raya.

“Sawaréh wewengkon Ciemas hujan jeung caah, ayeuna masih kénéh hujan, ieu masih can sakumaha, kawasna mah bakal leuwih naék, pokna, Salasa (1/12/2020).

Nurutkeun Daéng, kandaraan bisa kénéh ngaliwat asalkeun majuna tarik. Kusabab, lamun majuna lalalunan, cai bisa ngeueum mesin dan ngakibatkeun mesin pareum.

“Saheulaanan mobil bisa kénéh dipaksakeun ngaliwat bari majuna kudu rada ngebut, lamun lalaunan kakeueum,” dadarna.

Can Lila Dioméan, Tanggul Walungan Conggér Indramayu Pikahariwangeun Deui

Tanggul walungan di Blok Asinan Désa Pegagan, Kacamatan Losarang, Kabupatén Indramayu kaayaanana pikahariwangeun deui.

Tanggul éta barejad deui padahal can lila diomékeun ngagunakeun alat beurat.

Nganyoankeun kana hal éta Badan Penanggulangan Bencana Daérah (BPBD) Kabupatén Indramayu katut stake holder nu patali séjénna langsung ngayakeun pamariksaan.

Plt Kapala Pelaksana BPBD Kabupatén Indramayu, Dodi Dwi Endrayadi nyaritakeun, bejadna deui tanggul ditimbulkeun ku limpasna cai ti sungapan walungan.

“Kuring geus mariksa kaayaan tanggul Conggér anu kamari karék diomékeun ku alat beurat tapi ayeuna kaayaanana bareulah deui,” ceuk Dodi, Rebo (30/12/2020).

Dina hal ieu, Dodi Dwi Endrayadi méré wawadi ka masarakat sangkan teu geumpeur jeung salilana taki-taki sarta tetep iyatna bisi kajadian cai limpas.

“Muga-muga taya hujan gedé jeung kiriman cai ti sungapan jeung tangtuna urang kudu ménta ka Alloh SWT sangkan dijauhkeun tina sagala bancang pakéwuh boh alam boh non alam,” pokna.

Saperti diwartakeun saméméhna, balukar ruksakna tanggul Conggér saeutikna lahan sawah di 6 Désa di Kacamatan Losarang kakeueum caah.

Ngawengku Désa Pegagan, Puntang, Krimun, Muntur, Losarang, jeung Santing.

Kaasup lahan pasawahan di Désa Manggungan Kecamatan Terisi jeung sabudeureunana.

Pabinihan para patani anu rék ngamimitian tandur di ditu ogé ruksak kakeueum caah.

“Kakeueum cai alatan tanggul walungan Saradan Conggér limpas lantaran kiriman cai ti sungapan walungan Conggér di Désa Kendayakan,” ceuk Dodi.

Baca juga: Contoh Wawancara Bahasa Sunda dan Laporan Hasilnya

Demikianlah, semoga bermanfaat.