Biantara Basa Sunda kesenian tradisional jawa barat

Contoh Biantara Basa Sunda Tentang Kesenian Tradisional Jawa Barat (Wayang Golek)

hjhSUNDAPEDIA.COM, Sampurasun baraya di mana pun berada! Pada postingan ini saya akan berbagi contoh biantara basa Sunda tentang kesenian tradisional khas Jawa Barat dan artinya.

Arti biantara atau pidato yaitu kegiatan nyarita di hareupeun jalma réa (kegiatan berbicara di depan orang banyak).

Biantara bahasa Sunda artinya berbicara di depan orang banyak menggunakan bahasa Sunda. Pada contoh biantara basa Sunda dengan tema kesenian tradisional Jawa Barat ini saya akan membahas kesenian wayang golek.

Contoh Pidato Basa Sunda tentang Kesenian Jawa Barat (Wayang Golek)

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Puji anu maranti, puja anu biasa, mangga urang panjatkeun ka dzat anu Maha Gofur, dzat anu Maha Welas tur nu Maha Asih.

Rohmat sinareng salam mugia salamina dilimpah curahkeun ka paduka alam, ya’ni Kangjeng Muhammad saw. Teu hilap ka kulawargina, ka sohabatna, ka tabi’in atba’ut tabiin, malah mandar dugika urang sadayana kalélébéran rohmat sareng safa’at ti anjeuna. Aamiin.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat.

Dina danget ieu simkuring badé ngaguar ngeunaan kasenian wayang golék. Wayang golék téh ngarupikeun salah sawios ragam kasenian Sunda anu bahanna dipidamel tina kai.

Wayang golék ngawitan dipintonkeun ku Sunan Kudus dina taun 1583. Sunan Kudus teh kalebet wali songo anu nyebarkeun agama Islam di pulau Jawa. Anjeuna kantos ngadamel kirang langkung 70 wayang tina kai kanggo nyebarluaskeun ajaran Islam.

Kumargi wayang golék Sunan Kudus dipikaresep ku para ulama sareng santri ti Cirebon, salajengna ku Sunan Kudus éta wayang golék téh dicandak ka Cirebon.

Wayang golék dipintonkeun di tanah Parahyangan nalika Kasultanan Cirebon dicepeng ku Panembahan Ratu (1540-1650). Panembahan Ratu téh mangrupikeun buyutna Sunan Kudus. Wayang nu dipintonkeun dina waktos harita nyaéta wayang cepak atawa wayang golek papak. Disebat kitu kumargi sirah wayang bentukna rata.

Carita wayang golék di jaman Sunan Kudus mangrupikeun rekaan nyalira anu pinuh ku ajaran Islam.

Salajengna, carita wayang golek anu kasohor ayeuna nyaeta lalakon Ramayana sareng Mahabrata anu sok dipintonkeun ku dalang-dalang Sunda rupina dicandak tina wayang kulit nu nganggo basa Jawa. Ku dalang-dalang Sunda, basa Jawa digentos ku basa Sunda.

Salah sawios dalang Sunda anu kasohor nyaéta KH. Asep Sunandar Sunarya (alm) ti Giri Harja 3. Sedengkeun tokoh wayang golék anu moal bireuk deui diantawisna Bima, Arjuna, Gatot Kaca, Semar, Cepot, Dawala sareng sajabina.

Hiji-hijina tokoh wayang golek ngagaduhan sifat masing-masing. Contona si Cepot putrana Semar Badranaya, manéhna mangrupikeun rahayat leutik anu resep banyol. Nyaritana tara didingding kelir tapi sok keuna kana kaayaan kiwari.

Kasumpingan si Cepot sok diantos-antos pisan ku penonton kumargi sajabi ti pinter ngabodor téh, si Cepot sok masihan papatah ku bahasa Sunda buhun anu murwakanti, ngaguluyur matak resep kadanguna.

Kiwari nonoman Sunda tos langki anu mikaresep kana kasenian wayang golék. Ku hal sakitu, hayu urang mumulé kasenian wayang golék supaya kasenian khas Jawa Barat ieu teu dugika leungit. Caranamah rupi-rupi, salah sawiosna tiasa nongton wayang golék dina Youtube atanapi ngadangukeun dina radio.

Nonton atawa ngadangukeun carita wayang golék téh seueur pisan mangpaatna. Diantawisna urang tiasa ngupingkeun papatah, diajar basa Sunda buhun, sareng teu hilap kana budaya urang Sunda.

Sakitu anu kapihatur. Bilih langkung saur bahe carek hapunten anu kasuhun.

Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Itulah contoh biantara bahasa Sunda tentang kesenian wayang golek sebagai kesenian khas Jawa Barat. Semoga bermanfaat.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *