Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Hobi

Contoh Dialog atau Percakapan Bahasa Sunda Tentang Hobi

4 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Contoh dialog atau percakapan bahasa Sunda loma dan lemes antara dua orang yang menceritakan tentang hobi. Bahasa Sundanya hobi yaitu karesep, sedangkan bahasa Sundanya suka adalah resep atau seneng.

Arti resep bahasa Sunda beda dengan resep bahasa Indonesia. Resep dalam bahasa Sunda artinya suka; hobi, bunyi huruf e yang kedua sama dengan huruf e yang pertama. Sedangkan resep dalam bahasa Indonesia artinya keterangan dokter tentang obat atau takaran makanan, huruf e yang kedua dibaca é (seperti bunyi ember).

Berikut ini contoh percakapan bahasa Sunda tentang hobi dan artinya.

Contoh Dialog 1 (Loma)

Nana: Ka mana waé Di, geus lila teu panggih? (Ke mana saja Di, sudah lama tidak ketemu?).

Didi: Aya wé Na di imah, tara kamana-kamana. (Ada saja di rumah, enggak ke mana-mana).

Nana: Sok sibuk naon di imah? (Lagi sibuk apa di rumah?).

Didi: Keur resep nulis ayeuna téh. (Sekarang lagi suka menulis).

Nana: Nulis naon? (Menulis apa?).

Didi: Sabangsaning carpon, sajak, jeung artikel. (Seperti cerpen, puisi, dan artikel).

Nana: Oh, paingan atuh ari boga karesep anyar mah tara liar. (Oh, pantas kalau punya hobi baru tidak suka keluar).

Didi: Diajar kénéh Na, can pati lancar. (Masih belajar Na, belum begitu lancar).

Nana: Kembangkeun Di, karesep nulis mah bisa jadi duit. (Kembangkan Di, hobi menulis bisa jadi duit).

Didi: Enya, ari kahayang mah kitu. Karesep téh hayang bisa ngahasilkeun. Ari Nana ayeuna keur resep naon? (Iya, maunya si gitu. Hobi itu pengen bisa menghasilkan. Kalau kamu lagi suka apa sekarang?).

Nana: Urang mah keur resep pepelakan dina pot, Di. (Saya lagi senang bercocok tanam di pot, Di).

Didi: Wah, resep. Keur melak naon ayeuna? (Wah, menyenangkan. Lagi nanam apa sekarang?).

Nana: Karek melak bawang daun jeung surawung. (Baru menanam bawang daun dan kemangi).

Didi: Sarua Di resep pepelakan ogé bisa jadi duit. Komo mun rajin mah dividéoan tuluy diupload kana YouTube. Nu batur ogé ning nu lalajona nepi ka jutaan. (Sama Di suka bercocok tanam juga bisa jadi uang. Apalagi kalau rajin divideoin terus diunggah ke YouTube. Punya orang lain juga penontonnya sampai jutaan).

Nana: Enya nya, teu kapikiran ku urang. Arék diajaran ah. (Iya ya, tidak kepikiran. Mau saya cobain ah).

Didi: Enya gera sok ajaran. (Iya, silakan dicoba).

Contoh Dialog 2 (Lemes)

Ani: May, dupi karesep Maya téh naon? (May, hobimu apa?)

Maya: Abdi mah resep masak. (Saya suka memasak).

Ani: Wah, saé atuh. Tiasa janten chéf. Iraha-iraha mah abdi hoyong nyobian pasakan Maya. (Wah, hebat. Bisa jadi chef. Kapan-kapan saya pengen nyobain masakan Maya).

Maya: Aamiin. Ameng atuh ka rorompok, urang papasakan. (Aamiin. Main lah ke rumahku, kita masak bareng).

Ani: Muhun ke sanés waktos badé ameng ka bumi. (Iya nanti lain kali akan main ke rumahmu).

Maya: Eh, dupi karesep Ani naon? (Eh, kalau hobi Ani apa?).

Ani: Abi mah resep maca novél. (Saya suka membaca novel).

Maya: Sami atuh sareng pun lanceuk, sok resep maca novél. (Sama dong dengan kakakku, suka membaca novel).

Ani: Oh, tuang raka ogé sok resep maca novél? (Oh, kakakmu juga suka baca novel ya?).

Maya: Muhun. (Iya).

Baca juga: Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Makan

Demikianlah, semoga bermanfaat.