Contoh Harti Injeuman (Makna Kiasan) Bahasa Sunda dan Penjelasannya

Contoh Harti Injeuman atau Makna Kiasan Bahasa Sunda dan Penjelasannya

9 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Arti konotasi atau makna kiasan dalam bahasa Sunda disebut harti injeuman.

Pengertian harti injeuman adalah makna kata atau kelompok kata yang bukan makna yang sebenarnya, melainkan mengiaskan sesuatu.

Berikut ini contoh-contoh kata yang mengandung makna kiasan dalam kalimat bahasa Sunda. Contoh-contoh kalimat ini dikutip dari buku Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII.

Ari geus kajiret ku réntenir mah, biasana sok hésé pukahna deui, tungtungna harta-bandana sok dijabel.

Artinya “Kalau sudah terjerat oleh rentenir, biasanya suka sulit bebas lagi, akhirnya harta bendanya suka disita.”

Hartina kajiret nya eta kacangreud atawa kabeungkeut. Harti injeuman tina kecap kajiret dina conto kalimah di luhur nya eta keuna ku pangolo atau pangajak nepi ka nginjeum duit ka rentenir.

Anu kurang gadag, komo lamun embung capé, hirupna tangtu keleyek

Artinya ”Yang kurang inisiatif, apalagi kalau tidak mau cape, hidupnya akan tertindas orang lain.”

Kaleyek hartina katincak atawa kagaley. Nu dimaksud kaleyek dina kalimah di luhur nya éta katinggaleun atawa kahina ku batur.

Bapa Wiguna rék nikahkeun putrana téh tanggal 9 Rayagung, ngepros jeung pibésaneunana, da tanggal sakitu deuih rencanana.

Artinya “Bapak Wiguna akan menikahkan putranya tanggal 9 Rayagung, sepakat dengan calon besannya, sebab tanggal segitu juga rencananya.”

Ngepros hartina rangu (kawas kurupuk). Maksudna ngepros dina contoh kalimah bieu nya éta sapagodos, sapuk (sepakat).

Daékeun geuning Érna diajakan ngendong ku Tian téh, tapi aya tanjakanana, cenah asal dipangmeulikeun kadu Montong.

Artinya “Ternyata Erna mau diajak bermalam di rumah Tian, tetapi ada syaratnya, katanya asal dibelikan durian Montong.”

Harti tanjakan anu sabenernya nyaéta jalan anu nanjak. Sedengkeun harti injeuman tina kecap tanjakan dina contoh kalimah di luhur nya éta syarat anu kudu dicumponan.

Jamak waé barudak mah pakétrok jeung dulurna téh, da engké gé alakur deui.

Artinya “Wajah saja anak-anak bertengkar dengan saudaranya, karena nanti juga baikan lagi.”

Harti pakétrok nya éta diadu. Harti injeuman tina kecap pakétrok nyaéta paséa atawa pabentar paham.

Kang Dédy mah boga imah, boga mobil jeung sawah sakitu legana teh lain warisan ti kolotna, éstu ladang kesangna sorangan.

Artinya “Kang Dedy punya rumah, punya mobil dan sawah yang sangat luas itu bukan warisan dari orang tuanya, sesungguhnya hasil kerja kerasnya sendiri.”

Makna kiasan atau harti injeuman ladang kesang nya éta ladang jerih payah, buruh gawé, hasil pagawéan.

Kang Juha mah diténjo-ténjo teh mani kakeupeul pisan ku pamajikan, mani teu bisa mingé, kituna teh awahing ku bogoh pisan ka pamajikanana.

Artinya “Kang Juha dilihat-lihat seperti dikuasai oleh istrinya, tidak berkutik sama sekali, begitu karena ia sangat cinta kepada istrinya.”

Hartina kakeupeul anu sabenerna nyaéta bisa dikeupeul ku leungeun. Tapi dina kalimah ieu mah hartina nyaéta dikawasa, diutuh étah, atawa dikadalikeun.

Sapoé éta mah Kang Dani jamedud baé teu lémék teu nyarék, teu patanya jeung Ceu Nina, pasosoré kakara latam létém, nyampeurkeun jeung ngajak ngomong.

Artinya “Sehari itu Kang Dani merengut tidak bicara, tidak saling menyapa denagn Ceu Nina, sore baru mendekati dan ngajak bicara.”

Latam létém téh hartina ngahuap saeutik-saeutik bari hayang kénéh. Harti injeuman latam létém dina kalimah tadi nya éta ngadeudeukut; ngadeukeutan ngajak akur.

Ceuk ahli génétika, urang Viétnam téh cenah sakocoran kénéh jeung urang Indonesia.

Artinya “Menurut ahli genetika, orang Vietnam itu katanya masih satu keturunan dengan orang Indonesia.”

Sakocoran hartina tina kocoran anu sarua. Harti injeuman kecap sakocoran din kalimah di luhur nya éta saturunan ti karuhun anu sarua.”

Baca juga: Contoh Penerapan Kecap Anteuran dalam Kalimat Bahasa Sunda

Demikianlah, semoga bermanfaat.