Contoh Kalimat Sebab Akibat Bahasa Sunda dan Artinya

Contoh Kalimat Sebab Akibat Bahasa Sunda dan Artinya

5 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Pada postingan ini saya akan berbagi contoh-contoh kalimat sebab akibat dalam bahasa Sunda.

Contoh-contoh kalimat ini dikutip dari buku Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII.

1. Ahmad keur laleumpang jeung babaturanana, ari breg téh hujan mani ngagebrét atuh puguh wé mani jibreg.

Artinya: “Ahmad sedang berjalan dengan temannya, tiba-tiba turun hujan deras. Jelas saja basah kuyup.”

Anu jadi sabab nyaéta katinggang hujan gedé, akibatnya awak jigreb. Arti kata jibreg adalah basah kuyup.

2. Bubuhan hayam hadé piara, atuh puguh wé mani lintuh.

Artinya: “Setidaknya ayam bagus peliharaan, jelas saja gemuk sekali.”

Cara pemeliharaan ayam yang baik mengakibatkan tubuh ayam tersebut gemuk dan sehat.

3. Budak nu keur ulin téh teu pupuguh ditéké ku Si Dadi, atuh puguh wé ceurik mani eurih-euriheun.

Artinya: “Anak yang sedang main itu tanpa alasan digetok kepalanya oleh Si Dadi, jelas saja nangis tersedu-sedu.”

Kusabab budak ditéké ku si Dadi, akibatna éta budak téh ceurik.

4. Geus ampir 10 taunna teu patepang jeung Amran téh, dumadakan papanggih di mall. Atuh puguh wé mani kalinglap.

Artinya: “Sudah hampir 10 tahun tidak bertemu dengan Amran, tiba-tiba ketemu di mall. Jelas saja sangat pangling.”

Kusabab geus lila teu papanggih (ampir 10 taun), akibatna jadi kalinglap atawa poho deui.

5. Keur anteng jeung husu ngapalkeun ari pes téh lampu pareum, atuh puguh wé mani poék.

Artinya: “Sudah anteng dan khusuk menghafal, tiba-tiba mati lampu, jelas saja gelap sekali.”

Lampu téh gunana pikeun nyaangan. Kusabab lampu éta pareum, mangka ngakibatkeun jadi poék mongkléng.

6. Keur genah-genah diuk bari ngawaskeun pamandangan, ti tukang aya nu ngagebah. Atuh puguh wé mani reuwas.

Artinya: “Sedang enak-enak duduk sambil menikmati pemandangan, dari belakang ada yang mengagetkan. Jelas saja kaget sekali.”

Kusabab digebah atawa digareuwahkeun ti tukang, tangtu wé akibatna téh matak reuwas kanu digebahna.

7. Pembantu nu mulang ka lemburna téh teu balik deui, atuh puguh wé kudu néangan gantina.

Artinya: “Pembantu yang pulang ke kampungnya itu tidak kembali lagi, jelas saja harus mencari penggantinya.”

Kusabab pembantuna teu balik deui ka imah dunungan, maka wayahna dunungan kudu néangan deui jelema keur ngaganti pembantu nu teu balik deui téa.

8. Sapatu téh hantem dikosokan unggal poé, atuh puguh wé mani herang.

Artinya: “Sepatu itu terus digosok tiap hari, jelas saja sangat mengkilap.”

Kusabab sapatu téh unggal poé dikosokan, mangka akibatna éta sapatu téh jadi hérang. Sapatu dina kalimah di luhur téh jigana mah sapatu kulit (sapatu kantor) da sapatu olahraga mah tara dikosokan.

9. Suku budak téh titajong kana batu, atuh puguh wé baloboran getih.

Artinya: “Kaki anak itu tersandung batu, jelas saja berlumuran darah.”

Kusabab sukuna titajong kana batu, akibatna suku éta budak téh baloboran ku getih. Sajaba ti getihan téh deuih, bisa waé éta budak téh ceurik da nyerieun.

10. Ti baréto kénéh hayang boga kaméra digital mérk Sony téh Ari heug ku bapa dipangmeulikeun, atuh puguh wé mani atoh.

Artinya: “Sejak dahulu ingin punya kamera digital merek Sony. Lalu oleh Bapak dibeliin, jelas saja sangat senang.”

Geus tangtu éta jelema teh atoheun pisan sabab dipangmeulikeun kaméra anu dipikahayang ti baréto.

Baca juga: Contoh Harti Injeuman atau Makna Kiasan dalam Bahasa Sunda

Demikianlah, semoga bermanfaat.