Cotoh Karangan Bahasa Sunda tentang Kebersihan Lingkungan

2 Contoh Karangan Bahasa Sunda tentang Kebersihan Lingkungan

32 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Pada postingan ini saya akan berbagi contoh karangan bahasa Sunda tentang kebersihan lingkungan kampung (lembur) dan lingkungan sekolah (sakola). Bentuk karangan tentang kebersihan di bawah ini menggunakan dua bentuk. Karangan pertama menggunakan bentuk deskripsi, yang kedua karangan persuasi.

Karangan deskripsi yaitu karangan yang menggambarkan suatu hal secara jelas sehingga pembaca seolah dapat melihat, mendengar, atau merasakan sesuatu yang ditulis oleh pengarang. Sedangkan karangan persuasi berupa ajakan pengarang kepada pembaca untuk melakukan sesuatu.

Karangan Deskripsi Kabersihan Lingkungan Lembur Bahasa Sunda

Ti saprak diayakeun kagiatan Jumsih (Jumaah beresih), kaayaan lingkungan di lembur kuring ayeuna bararesih matak pikabetaheun. Jalan-jalan lalening, heuleut sapuluh méter ngajajar wadah runtah anu dipulas ku cét konéng. Kakayon anu ngaroyom ka jalan geus beak dibukbak. Jukut-jukut béak dikoréd. Kalakay anu murag tina tangkal kai anu rajeg sapanjang jalan unggal soré disapukeun ku barudak. Méméh asup ka jero lembur aya gapura ditulisan “Wilujeng Sumping di Kampung Bersih”.

Pakarangan warga dipalager ku awi tuluy dicét warna warni. Di satukangeun pager ngajajar pot anu dieusian ku rupa-rupa pepelakan sabangsaning cabé, tomat, bawang, salédri, jeung sajabana. Di juru pager ogé katempo aya dua wadah runtah, hiji keur wadah runtah organik, anu hiji deui keur wadah runtah anorganik. Sanajan buruanna masih kénéh taneuh, tapi bararesih teu katémbong aya runtah hiji-hiji acan.

Pancuran curcor, caina hérang ngagenyas. Lauk emas beureum di balong patinggareboy, jaér patingsérépét, nilem anteng ngagereyem. Sakalieun aya semah tinu jauh mah moal euweuh sodorkeuneun da puguh geus sagala nyampak.

Wargana hirup rukun sauyunan jauh tina pacéngkadan. Ceuk paribasa téa mah kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, tara pagiri-giri calik pagirang-girang tampian. Subur makmur loh jinawi, tata tengtrem kerta raharja téh lain ukur carita. Di lembur kuring mah eta teh nyata.

Artinya:

Semenjak diadakan kegiatan Jumsih, keadaan lingkungan di kampungku sekarang sangat bersih bikin betah. Jalan-jalan bersih, selang sepuluh meter berjajar tempat sampah yang dicat warna kuning. Dahan-dahan kayu yang menghalangi jalan sudah habis ditebas. Rumput-rumput habis dibersihkan. Daun-daun kering yang jatuh dari pohon yang berdiri di sepanjang kiri kanan jalan setiap sore disapukan oleh anak-anak. Sebelum masuk ke dalam kampung ada gapura bertuliskan “Selamat Datang di Kampung Bersih”.

Pekarangan rumah warga dipagar oleh bambu kemudian dicat warna-warni. Di belakang pagar berjajar pot yang diisi tanaman seperti cabai, tomat, bawang, seledri, dan sebagainya. Di sudut pagar juga terlihat ada dua tong sampah, satu untuk tempat sampah organik, yang satunya lagi untuk sampah anorganik. Meskipun halaman masih tanah, tetapi pada bersih tak terlihat ada sampai satu pun.

Pancuran mengalir, airnya sangat bening. Ikan mas merah di kolam berlenggak-lenggok, mujair berlarian, nilem anteng makan. Sekalinya ada tamu jauh tidak akan susah menyediakan sajian karena segalanya sudah tersedia.

Warganya hidup rukun jauh dari pertengkaran. Menurut paribasa, (artinya) rukun damai saling antar keinginan dan tidak pernah berselisih paham. Subur makmur hidup tentram. Di kampungku itu nyata.

Karangan Persuasi Kabersihan Lingkungan Sakola Bahasa Sunda

Kabersihan di lingkungan sakola téh kudu dijaga ku sakumna warga sakola. Anu kudu tanggung jawab kana kabersihan teh lain bujang sakola waé, tapi murid-murid ogé kudu milu ngajagana. Dina pada kedulna teu daék bébérésna ogé, sahenteuna ulah miceun runtah ka mana waé. Ku akal ogé tangtu kaharti pisan, rék aya runtah ti mana lamun euweuh nu ngabala? Kajaba runtah alam kawas kalakay atawa jukut. Lingkungan sakola anu beresih jeung rapih téh bisa mawa betah kana diajar jeung jauh tina pipanyakiteun. Katempona ku batur anu ngaliwat ogé bakal hadé. Béda jeung lamun runtah pabalatak di mana-mana atawa bangku acak-acakan, tangtu katemponana kumuh. Nu nempo téh bakal meunteun warga sakola jorok atawa teu berséka.

Salaku jalma anu kaitung nyakola tangtuna ogé urang moal daék disebut jorok atawa teu berséka. Justru anu nyakola mah kudu jadi lulugu dina sagala widang kahadéan, kaasup ngajaga kabersihan. Dina ngajaga kabersihan téh kudu jorojoy tina haté sewang-sewangan. Ulah boga rasa kapaksa pédah dititah ku guru atawa ditungguan ku kaamanan kelas.

Tadi geus disebutkeun, carana ngajaga kabersihan lingkungan sakola téh salah sahijina teu mican runtah sambarangan. Di sakola geus sadia wadah runtah, bakal kayungyun lamun sakabéh warga sakola miceun runtahna merenah kana tempatna. Bakal leuwih kayungyun deui lamun daék nyokot nyokot runtah anu ngagoler di mana wae tuluy diasupkeun kana wadahna.

Ngajaga kabersihan lingkungan sakola anu sakitu legana pamohalan bisa ku sorangan, tapi kudu gotong royong sararéa. Urang perlu silih ingetan supaya runtah urut jajan teu dipiceun ka mana lungna. Karakter jalma nu nyicingan sakola bisa dicirikeun tina kaayaan lingkungannana. Alus jeung gorengna pameunteun batur ka urang kumaha tapak gawé urang sorangan. Urang kari milih, rek nyontoan hadé atawa nembongkeun gogoréngna?

Artinya:

Kebersihan di lingkungan sekolah harus dijaga oleh semua warga sekolah. Yang harus bertanggungjawab pada kebersihan bukan hanya penjaga sekolah, tetapi murid-murid pun harus ikut menjaganya. Semalas-malasnya, minimal tidak membuang sampah sembarangan. Dengan akal juga dapat dimengerti, mau ada sampah dari mana jika tidak ada yang membuangnya? Kecuali sampah alam seperti daun-daun kering atau rumput. Lingkungan sekolah yang bersih dan rapi itu bisa membawa pada suasana belajar yang betah dan jauh dari penyakit. Kelihatan oleh orang lain yang lewat pun akan bagus. Beda dengan jika sampah berserakan di mana-mana atau bangku acak-acakan, tentu kelihatannya kumuh. Yang melihat bakal menilai warga sekolah jorok.

Selaku manusia yang berpendidikan tentunya kita tidak mau dibilang jorok. Justru orang berpendidikan harus menjadi pelopor dalam segala bidang kebaikan, termasuk menjaga kebersihan. Dalam menjaga kebersihan itu harus timbul dari kesadaran hati masing-masing. Jangan merasa terpaksa karena disuruh guru atau karena ditungguin keamanan kelas.

Tadi sudah disebutkan, cara menjaga kebersihan lingkungan sekolah itu salah satunya tidak membuang sampah sembarangan. Di sekolah sudah tersedia tong sampah, akan baik kelihatannya jika semua warga sekolah membuang sampah pada tempatnya. Akan lebih lucu lagi jika mau memungut sampah yang tergeletak lalu disimpan ke tempatnya.

Menjaga kebersihan lingkungan sekolah yang cukup luas tidak mungkin bisa dilakukan sendiri, tetapi harus gotong royong semuanya. Kita perlu saling mengingatkan supaya sampah bekas jajanan tidak dibuang ke mana saja. Karakter orang yang mendiami sekolah bisa dilihat dari keadaan lingkungannya. Baik dan buruknya penilaian orang pada kita tergantung pada hasil kerja kita. Kita tinggal memilih, mau memberi contoh baik atau memperlihatkan keburukan kita?

Baca juga: Contoh Karangan Narasi Singkat Bahasa Sunda tentang Liburan

Demikianlah, semoga bermanfaat.