SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Kecap anteuran adalah kata yang dipakai untuk mengantarkan kata kerja. Kecap anteuran atau kecap panganteur mengandung aspek inkoatif atau menggambarkan dimulainya pekerjaan.
Beberapa daftar kecap anteuran dan contoh penerapannya dalam kalimat bahasa Sunda adalah sebagai berikut.
Tabel kecap anteuran
Kecap Anteuran | Nganteurkeun Kecap Pagawéan |
Gantawang | Nyarékan |
Haleuang | Nembang |
Leos | Indit |
Dug | Saré |
Segruk | Ceurik |
Pok | Ngomong |
Gampleng | Nampiling |
Am | Dahar |
Brus | Mandi |
Lep | Teuleum |
Beleweng | Dibalangkeun |
Jung | Nangtung |
Geuleuyeung | Maju |
Trét | nyerat |
Gék | Diuk |
Jekok | Najong |
Melengkapi kalimat dengan kecap anteuran
Contoh-contoh kalimat dengan kecap anteuran di bawah ini dikutip dari buku Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK kelas XII.
- Ana gantawang téh nyarekan, sorana mani handaruan, atuh sakur nu aya di dinya taya nu ngomong sakemék.
- Ari haleuang téh juru mamaos nembang, jalma-jalma anu tadina récok ngaromong jempé kawas gaang katincak.
- Ari geus dibéré duit mah ku bapana leos Dodi indit ngajugjug ka dayeuh.
- Ari geus tunduh mah dug geura saré, wayahna baé dina korsi dan Akang mah batan sakieu!
- Barang ngadéngé anakna nu di Garut gering payah, segruk baé Ceu Siti ceurik inghak-inghakan.
- Geura pok ngomong, entong asa-asa, naon anu jadi pamaksudan teh?
- Nu ditajong bijil ambekna, tuluy nyéréwélékkeun leungeun bajuna, gampleng nampiling tarik pisan.
- Sadatangna ka imah, Dani kakaratak kana lomari dahareun, manggih sangu poé, am baé dahar nyocolan uyah.
- Sanggeus cucul-cucul, brus baé barudak teh tuturubun ke leuwi, lep teuleum, teu lila maruncul luhureun cai, bari rumenghap.
- Sanggeus diagag-agag sababaraha kali, beleweng baé cakram téh dibalangkeun.
- Sanggeus didangdanan, jung pangantén nangtung, tuluy ditaruyun didiukeun dina korsi beunang mapaésan.
- Sanggeus mesinna dihirupan, geuleuyeung mobil téh maju lalaunan.
- Sanggeus sasauran sajongjongan, Bapa Guru trét nyerat dina bor, sina dicatet ku murid-muridnya.
- Si Léngsér gék diuk, cong nyembah unjukan ka Ratu, yén aya tamu badé dumeuheus.
- Teu antaparah deui jekok waé musuhna ditajong.
Baca juga: 130 Kecap Anteuran Bahasa Sunda
Demikianlah, semoga bermanfaat.