Contoh Pengalaman Pribadi Bahasa Sunda tentang Sekolah Daring

Contoh Pengalaman Pribadi Bahasa Sunda tentang Sekolah Daring

16 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Semua orang, baik anak-anak maupun orang tua pasti punya pengalaman dalam hidupnya. Pengalaman itu bermacam-macam, ada pengalaman menyenangkan, menyakitkan, memalukan, menyedihkan, dan sebagainya.

Semua juga tentu sering membicarakan pengalaman menarik hidupnya kepada orang lain. Tujuan menceritakan pengalaman beda-beda. Ada yang ingin berbagi kebahagiaan, mencari solusi, atau sekadar curhat (mencurahkan isi hati).

Pengalaman hidup setiap orang mengandung dua hal, yaitu picontoeun (patut ditiru) dan pieunteungeun (cermin untuk tidak ditiru).

Agar pengalaman hidupmu yang menarik sebaiknya tidak cuma diobrolkan, tetapi ditulis dalam cerita pengalaman pribadi. Dengan menuliskannya, sewaktu-waktu kamu pun dapat membacanya kembali. Jika kelak kamu jadi tokoh penting, tulisan tersebut bisa jadi bahan untuk penulisan riwayat hidup.

Berikut ini contoh pengalaman pribadi dalam bahasa Sunda.

Pangalaman Sakola Daring

Ti barang kaluar SD abdi teu acan kantos pependak langsung sareng réréncangan di sakola anu énggal. Ari margina mah taun ajaran énggal 2020/2021 téh nagara urang nuju kénging cocobi, nya éta aya wabah covid19. Wabah éta téh saur para ahli mah disebat pandemi jalaran tumiba na ka sakuliah alam dunya.

Sanaos teu acan tiasa diajar tatap muka, Alhamdulillah pamaréntah masihan bantosan kuota internét kanggo diajar daring. Mung nyakitu téa ari nu namina di kampung mah gening, jaringan internétna teu acan setabil.

Jaringan 4G téh teu acan merata, masih kénéh seueur lembur anu teu acan kadugi ku sinyal. Rajeun aya, luplep. Malah di rorompok mah upami hoyong kénging sinyal téh, hpna kedah disimpen dina palang dada di dapur. Upami teu kitu, kedah ngadekul di kebon nu aya sinyal 4G.

Kantos hiji waktu pun guru ngayakeun diajar daring nganggo Google Meet. Abdi mah atoh teu atoh. Ari atohna bakal tiasa ninggal pameunteu Ibu Guru sareng raray réréncangan énggal, ari teu atohna téh sesah pisan sinyal. Suanten Ibu Guru kakupingna rugreg sareng videona kawas nu nyireum.

Abdi calik di kebon caket rorompok nu aya sinyal 4G, mung teu kiat lami da arateul digembrong reungit. Tos kitu, lumpat ka dapur nyimpen hp dina palang dada nu rada jangkung. Ngan édas cangkeul beuheung da kedah rada eueuleugeugan kana palang dada.

Sajabi ti éta, marurangkalih di lembur mah teu acan gaduheun hapé séwang-séwangan. Umumna mah upami aya tugas ti sakola téh sok nambut ka sepuhna atanapi ka rakana. Upami sepuh atanapi rakana nuju didaramel, kadang-kadang sok ngadon ngiring diajar ka bumi réréncangan nu caket nu gaduheun hp.

Ku rupi-rupi pasualan éta, balukarna proses diajar daring teh di lembur abdi anu kaétang sesah sinyal mah teu acan tiasa maksimal. Ngah ah da teu dijantenkeun émutan, bangblas wé abdi mah. Mudah-mudahan baé ieu pandemi téh sing énggal leungit, tos teu kiat hoyong geura sakola.

Baca juga: Contoh Artikel Bahasa Sunda tentang Falsafah Orang Sunda

Demikianlah, semoga bermanfaat.