Contoh Percakapan Bahasa Sunda Belanja di Warung

Contoh Percakapan Bahasa Sunda Belanja di Warung

4 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Contoh percakapan bahasa Sunda lemes atau halus sesuai undak usuk basa atau tatakrama bahasa Sunda tentang belanja kebutuhan dapur di warung.

Percakapan Bahasa Sunda

Ceu Mimin: Punten, punteeen…!

Kang Kusoy: Mangga, kéla antosan sakedap! Badé ngagaleuh naon, Ceu?

Ceu Mimin: Badé mésér béas sakilo, uyah sabungkus, asin saparapat, gula beureum sagandu, lisah wéh saliter.

Kang Kusoy: Sareng naon deui, Ceu?

Ceu Mimin: Atos cekap sakitu. Sabarahaeun, Kang?

Kang Kusoy: Mangga, antosan sakedap urang étang heula. Béas sapuluh rébu, asin tilu rébu, gula beureum sarébu, uyah sarébu, lisah genep belas rébu. Sadayana janten tilu puluh hiji rébu.

Ceu Mimin: Mangga, ieu artosna, Kang!

Kang Kusoy: Mangga, artos na lima puluh rébu nya. Ieu angsulna salapan belas rébu. Nampi artosna, nyanggakeun barangna. Sing raos dituangna!

Ceu Mimin: Nyanggakeun artosna, nampi barangna. Wios teu kénging diangsulan, Kang. Abdi gaduh sametan tujuh belas rébu tilas nambut endog.

Kang Kusoy: Oh, kitu. Mangga atuh, hatur nuhun. Dua rébu deui badé dikana naonkeun?

Ceu Mimin: Kana cabékeun wé, Kang! Dua rébueun.

Kang Kusoy: Mangga.. mangga… Ieu, Ceu!

Ceu Mimin: Tiasa nyungkeun deui kérésék, Kang? Ieu béas bilih morodol hég ngan sakedik téh.

Kang Kusoy: Tiasa, mangga.

Ceu Mimin: Hatur nuhun, Kang. Ké… dupi pangaos gula bodas sareng tarigu sabaraha?

Kang Kusoy: Sami-sami, Ceu. Gula bodas téh majeng pangaosna janten dua puluh dalapan sakilo. Upami tarigu mah mung lima rébu. Badé sakantenan ayeuna?

Ceu Mimin: Ah, moal waka. Teu ngabantun artosna ayeuna mah. Naroskeun heula wéh.

Kang Kusoy: Wios bilih badé nyandak heula mah.

Ceu Mimin: Moal waka, wios engké deui.

Kang Kusoy: Oh, muhun atuh.

Ceu Mimin: Mangga atuh, Kang. Dikantun!

Kang Kusoy: Mangga, Ceu. Mangga…

Artinya:

Ceu Mimin: Permisi… permisii…!

Kang Kusoy: Ya, tunggu sebentar! Mau beli apa, Mbak?

Ceu Mimin: Mau beli beli beras sekilo, garam sebungkus, ikan asin seperempat, gula merah satu buah, minyak satu liter.

Kang Kusoy: Apa lagi, Mbak?

Ceu Mimin: Sudah cukup. Berapa semuanya?

Kang Kusoy: Baik, tunggu sebentar saya hitung dulu. Beras 10.000, ikan asin tiga ribu, gula merah 1.000, garam 1.000, minyak 16.000. Semuanya jadi 31.000.

Ceu Mimin: Baik, ini uangnya, Bang!

Kang Kusoy: Baik, uangnya 50.00 ya. Ini kembaliannya 19.000. Saya terima uangnya, ini barangnya. Semoga enak dimakannya.

Ceu Mimin: Saya serahkan uangnya, terima barangnya. Tidak usah dikembalikan, Bang. Saya punya utang 17.000 bekas pinjam/kasbon telur.

Kang Kusoy: Oh, begitu. Baiklah. Terima kasih. 2.000 lagi mau dibelikan apa?

Ceu Mimin: Dibeliin cabai aja, Bang. 2.000.

Kang Kusoy: Oke, siap. Ini, Mbak!

Ceu Mimin: Bisa minta lagi kantong kresek, Bang? Ini beras takut tumpah, mana cuma sedikit lagi.

Kang Kusoy: Bisa, boleh.

Ceu Mimin: Terima kasih, Bang. Kalau harga gula pasir dan terigu berapa?

Kang Kusoy: Sama-sama, Mbak. Gula pasir harganya naik jadi 28.000 perkilo. Kalau terigu hanya 5.000. Mau sekalian sekarang?

Ceu Mimin: Ah, enggak dulu. Sekarang tidak bawa uang. Nanyain aja dulu.

Kang Kusoy: Silakan kalau mau ambil/kasbon dulu.

Ceu Mimin: Enggak dulu, nanti aja.

Kang Kusoy: Oh, ya sudah.

Ceu Mimin: Mari, Bang…

Kang Kusoy: Mari, Mbak, silakan!

Baca juga: Contoh Percakapan Bahasa Sunda Lemes dan Loma Ibu dan Anak

Demikianlah, semoga bermanfaat.