Contoh Percakapan Bahasa Sunda Ibu dan Anak

Contoh Percakapan Bahasa Sunda Ibu dan Anak

6 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Dalam bahasa Sunda dikenal istilah undak usuk basa atau tingkatan bahasa. Pada postingan ini terdapat contoh percakapan bahasa Sunda antara ibu dan anak tentang sekolah yang menggunakan undak usuk basa.

Ibu memakai bahasa Sunda loma, sedangkan anaknya mengucapkan bahasa Sunda lemes atau halus sebagai bentuk sopan santun dari anak ke orang tua.

Indung: Iraha asup deui sakola téh, jang? (Kapan masuk lagi sekolah, nak?)

Anak: Teu terang atuh, Ma. Teu acan kénging wartos. (Tidak tahu, Bu. Belum dapat kabar).

Indung: Ari sugan téh geus aya béjana. (Kirain sudah ada kabarnya).

Anak: Numawi teu acan, Ma. (Belum, Bu).

Indung: Ngadagoan covid leungit meureun nya? (Menunggu covid hilang mungkin ya?)

Anak: Muhun panginten, ngantosan teu aya covid. (Iya mungkin, menunggu tak ada covid).

Indung: Geus sabaraha bulan sakola di imah téh nya? (Sudah berapa bulan sekolah di rumah ya?)

Anak: Tos ampir sapuluh sasih, Ma. (Sudah hampir 10 bulan, Bu).

Indung: Euleuh, geuningan geus arék satahun. (Ternyata sudah mau setahun).

Anak: Muhun, dua sasih deui ogé pas sataun. (Iya 2 bulan lagi juga genap satu tahun).

Indung: Asa cikénéh, nya. Geus 10 bulan deui. (Rasanya belum lama, sudah 10 bulan lagi).

Anak: Leres pisan, Ma. Asa teu acan lami. (Betul sekali, Bu. Perasaan belum lama).

Ibu: Nyérélék waktu téh. Ti poé ka poé, ti bulan ka bulan téh asa teu lila (Waktu terus berputar. Hari ke hari, bulan ke bulan terasa tidak lama).

Anak: Kantenan upami sagala gaduh nya Ma. Cacakan sagala kirang orang betah di dunya téh. (Apalagi jika serba ada ya Bu. Walaupun serba kekurangan juga betah di dunia ini).

Indung: Heueuh, sujang! Bener éta téh deuleunan. (Betul, nak. Betul itu!)

Anak: Dupi Bapa nuju angkat ka mana Ma? (Kalau Ayah sedang pergi ke mana, Bu?)

Ibu: Bapa mah keur nganjang ka imah bibi. (Bapak sedang berkunjung ke rumah bibi).

Anak: Oh, nuju natamu ka bumi bibi. Iraha Ema badé ka ditu? (Oh, sedang berkunjung ke rumah bibi. Kapan Ibu ke sana?)

Ibu: Minggu hareup, susuganan teu riweuh. Arék naon kitu? (Pekan depan, kalau tidak repot. Memangnya ada apa?)

Anak: Upami minggon payun cios, abdi hoyong ngiring ngadeuheus ka bumi bibi. (Kalau pekan depan jadi, aku mau ikut berkunjung ke rumah bibi).

Indung: Enya, ari hayang nganjang mah ké ku Ema dibawa. (Iya, kalau mau berkunjung nanti Ibu ajak).

Anak: Terima kasih, Ma. Ma, abdi neda widi badé ameng heula nya? (Terima kasih, bu. Bu, saya minta izin mau main dulu ya?!)

Indung: Ulin ka mana? Kadé balikna tong burit teuing! (Main ke mana? Awas pulangnya jangan kesorean!)

Anak: Badé ngapungkeun langlayangan di sawah. Moal sonten teuing, asal ogé wangsul. (Mau main layangan di sawah. Tidak kesorean, asar juga pulang).

Indung: Enya, jung atuh! (Iya, silakan!)

Anak: Hatur nuhun, Ma. Assalamu’alaikum. (Terima kasih, Bu. Assalamu’alaikum).

Indung: Wa’alaikumsalam warohmatullah..

Baca juga: 17 Contoh Percakapan Bahasa Sunda Sehari-hari

Demikianlah, semoga bermanfaat.