Contoh Percakapan Bahasa Sunda Sehari-hari dan Artinya

17 Contoh Percakapan Bahasa Sunda Sehari-hari dan Artinya

96 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Di bawah ini kumpulan contoh percakapan atau dialog bahasa Sunda sehari-hari ragam basa lemes dan loma lengkap dengan artinya. Bahasa Sundanya percakapan ialah paguneman atau guneman. Bercakap-cakap atau ngobrol dalam bahasa Sunda disebut gunem catur.

Bahasa Sunda terbagi menjadi tiga tingkatan. Yaitu kasar, loma, dan lemes. Basa kasar lebih tepat digunakan untuk binatang atau ketika bicara pada diri sendiri. Basa loma merupakan bahasa akrab yang biasa dipakai ketika bercakap-cakap dengan teman, keluarga, atau orang yang sudah dekat.

Bahasa lemes atau halus ialah bahasa sopan dan hormat. Bahasa lemes terbagi lagi menjadi dua, yaitu halus untuk sendiri dan halus untuk orang lain. Tata krama berbicara dan memilih kata ini disebut undak usuk basa.

Selamat membaca…

Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Perkenalan

Contoh dialog perkenalan 2 orang bahasa Sunda lemes dengan teman baru di sekolah.

Roy: Héy! (Hai!)

Neni: Héy deui! (Hai lagi!)

Roy: Tiasa kenalan teu? (Bisa kenalan enggak?)

Neni: Mangga badé kenalan mah. (Silakan kalau mau kenalan).

Roy: Saha namina? (Siapa namamu?)

Neni: Néni.

Roy: Oh, saé namina. (Oh, bagus namanya).

Neni: Saé atuh. Dupi éta saha? (Bagus dong. Nama situ siapa?)

Roy: Abdi? Roy. (Aku? Roy.)

Neni: Saé namina jiga artis. (Bagus namanya mirip artis.)

Roy: Pan abdi ogé artis. (Kan aju juga artis.)

Neni: Artis ti mana? (Artis dari mana?)

Roy: Ti Sukasenang. (Dari Sukasenang.)

Neni: Oh, geuning tara ninggalan dina tv? (Oh, kok tidak pernah kelihatan di tv?)

Roy: Da abdi mah tara pamer. (Karena aku tidak suka pamer.)

Neni: Emmm.

Roy: Néni, di mana bumi téh? (Neni, rumahnya di mana?)

Neni: Di Sukaseuri.

Roy: SD/SMP di mana?

Neni: Di SD/SMP …… Dupi Roy? (Di SD/SMP …… Roy sendiri?)

Roy: Abdi mah di SD/SMP …… Aya réréncangan di sakola abdi? (Aku di SD/SMP …. Ada teman di sekolahku?).

Neni: Teu aya. (Tida ada.)

Roy: Tiasa gentosan nomer hapé atanapi WA? (Bisa tukeran nomoer HP atau WA?)

Neni: Kanggo naon? (Buat apa?)

Roy: Bilih aya peryogi wé, supados gampil komunikasi pan ayeuna mah tos sakelas. (Barangkali ada perlu, agar gampang komunikasi kita kan sekarang sudah sekelas.)

Neni: Oh, muhun mangga. (Oh, iya boleh).

Roy: Sabaraha nomerna?

Neni: Enol hiji dua tilu opat lima genep tujuh dalapan salapan (0123456789).

Roy: Sok nu abdi seratkeun. 081xxx (Silakan punyaku tulis. 081xxx.). Atos? (Sudah?)

Neni: Atos.

Roy: Bakal sareng saha engké uih? (Akan bareng siapa nanti pulang?)

Neni: Nyalira. (Sendiri).

Roy: Sareng atuh. (Bareng yuk.)

Neni: Abdi na ogé ngabantun motor. (Akunya juga membawa motor).

Roy: Oh, muhun atuh. (Oh, ya sudah).

Contoh percakapan perkenalan bahasa Sunda lemes 3 orang.

Abdul: Nepangkeun, wasta Abdul. (Perkenalkan, nama saya Abdul.)

Maman: Wilujeng tepang, abdi Maman. (Senang bertemu Anda, nama saya Maman.)

Abdul: Dupi ieu? (Kalau ini?)

Maman: Ieu jenenganana Rohmat. (Ini namanya Rohmat.)

Abdul: Abdul.

Rohmat: Rohmat.

Abdul: Kang Maman sareng Kang Rohmat ti mana kawit? (Kang Maman dan Kang Rohmat dari mana asal?)

Maman: Ti Sukarégang, Garut. (Dari Sukaregang, Garut).

Rohmat: Abdi mah ti Tarogong. (Saya dari Tarogong?)

Abdul: Sami ti Garut kénéh? (Masih sama, Garut?)

Rohmat: Sumuhun. Dupi Kang Abdul ti manten? (Betul. Kalau Kang Abdul dari mana?)

Abdul: Abdi mah ti Sumedang. (Saya dari Sumedang).

Maman: Nuhu usum naon di Sumedang? (Lagi musim apa di Sumedang?)

Abdul: Nuju usum ngijih. Dupi di Garut? (Sedang musim hujan. Kalau di Garut?)

Maman: Sami di Garut ogé nuju ngijih. (Sama di Garut juga lagi musim hujan.)

Rohmat: Sabaraha jam ti Sumedang ka dieu? (Berapa jam dari Sumedang ke sini?)

Abdul: Teu lami, mung sajam. (Tidak lama, hanya 1 jam). Dupi ti Garut?

Rohmat: 2 Jam ti Garut mah.

Abdul: Leuh, rada tebih atuh. (Lha, agak jauh dong.)

Rohmat: Muhun. (Iya.)

Maman: Kang Abdul damel/ tugas di mana? (Kang Abdul kerja/tugas di mana?)

Abdul: Di Gedong Saté, kang!

Maman: Janten padamel Pemprov Jabar? (Jadi pegawai Pemprov Jabar?)

Abdul: Henteu. (Tidak.)

Rohmat: Pan di Gedong Saté? (Kan di Gedung Sate?)

Abdul: Maksad téh abdi sok icalan di caket Gedong Saté. (Maksud saya, saya suka jualan di dekat Gedung Sate.)

Rohmat: Oh, manawi téh. Icalan naon kang? (Oh, kirain. Jualan apa kang?)

Abdul: Biasa wé oléh-oléh Sumedang. (Biasa, oleh-oleh Sumedang.)

Maman: Tahu nya? (Tahu ya?)

Abdul: Muhun. Dupi oléh-oléh Garut naon? (Iya. Kalau oleh-oleh Garut apa?)

Maman: Seueur. Anu katelah mah dodol, chochodot, jeruk, sareng jékét kulit. (Banyak. Yang terkenal itu dodol, chochodot, jeruk, dan jaket kulit).

Abdul: Pusat jékét kulit téh di mana na? (Pusat jaket kulit di mananya?)

Maman: Di lembur abdi, di Sukarégang. (Di kampungku, di Sukaregang.)

Abdul: Akang song ngadamelan jékét ogé? (Akang suka bikin jaket juga?)

Maman: Tara abdi mah.  (Saya tidak.)

Baca juga: Cara Berkenalan dengan Bahasa Sunda

Contoh Percakapan Bahasa Sunda dengan Orang Tua

Contoh dialog bahasa Sunda antara anak dan ibu. Pada contoh di bawah ini, anak menggunakan bahasa Sunda lemes, sedangkan ibu memakai bahasa loma (akrab). Berbicara dengan orang tua memang harus sopan.

Ibu: Jang, ari balik sakola téh ulah élodan. Kudu gancang balik ka imah! (Nak (laki-laki), kalau pulang sekolah itu jangan mampir ke mana-mana dulu. Harus cepat pulang ke rumah!)

Anak: Naha Mah? (Kenapa Mah?)

Ibu: Melang jeung ambéh kaburu sakola agama. (Khawatir dan agar sempat sekolah agama.)

Anak: Muhun. Da tara ameng heula. Upami rada telat uih téh, sok ngiring heula ekskul di sakola. (Iya. Tidak pernah main dulu kok. Kalau agak telat pulang, suka ikut ekskul dulu di sekolah.)

Ibu: Enya keun baé ari kitu mah, ngan kadé kudu solat lohor heula. Mun anggeus, gura giru mulang. Ambéh kaburu dahar heula méméh indit sakola agama. (Iya enggak apa-apa kalau begitu, ingat harus sholat dulu. Kalau sudah, cepat-cepat pulang agar sempat makan dulu sebelum pergi sekolah agama.)

Anak: Osok netepan heula da, sadayana berjamaah di musola sakola. (Suka sholat dulu kok, semuanya berjamaah di mushola sekolah.)

Ibu: Nya alus atuh ari kitu mah. (Ya bagus kalau begitu.)

Anak: Énjing mah badé mekel sangu wé Mah ka sakola. Upami tos netepan, bari ngantosan kagiatan dikawitan abdi tiasa emam heula. Janten uih téh kantun angkat ka sakola agama. (Besok mau bekal nasi aja ke sekolah. Kalau sudah sholat, sambil menunggu kegiatan dimulai aku bisa makan dulu. Jadi kalau pulang tinggal pergi sekolah agama.)

Ibu: Kudu jeung deungeunna meureun ari mekel ka sakola mah? (Kalau bawa bekal ke sekolah harus dengan lauknya dong?)

Anak: Teu kedah nu saé Mah, ceplok endog ogé cekap. (Tidak usah yang mewah. Telur mata sapi juga cukup.)

Ibu: Nya ari kitu onaman, isuk ku Mamah dipangnimbelkeun. (Ya sudah kalau begitu, besok Mamah bikinin nasi timbel.)

Anak: Hatur nuhun, Mah. (Terima kasih, Mah.)

Contoh Percakapan Basa Sunda dengan Teman Sebangku

Bercakap-cakap dengan teman sebangku biasanya menggunakan bahasa Sunda loma (akrab). Memakai basa loma dengan teman sebaya tidak dianggap tak sopan atau kasar.

Robi: Yan, jeung saha bieu indit sakola? (Yan, dengan siapa barusan berangkat sekolah?)

Iyan: Sorangan. (Sendirian.)

Robi: Barudak teu nyampeur? (Anak-anak gak ngajak?)

Iyan: Komo, ngan basa barudak nyampeur urangna can mandi. (Ngajak, cuma saat mereka ke rumah akunya belum mandi.)

Robi: Naha? (Kenapa?)

Iyan: Kabeurangan hudang. (Bangun kesiangan.)

Robi: Peuting begadang? (Semalam begadang?)

Iyan: Enya. (Iya.)

Robi: Nyieun naon? (Ngapain?)

Iyan: Nganggeuskeun tugas ngarang basa Sunda. Nu manéh engeus can? (Menyelesaikan tugas mengarang bahasa Sunda. Punya kamu sudah belum?)

Robi: Encan, baé da dikumpulkeunana ogé isuk. (Belum, gak apa-apa dikumpulkannya juga besok.)

Iyan: Méh jongjon wé urang mah. (Aku biar tenang aja.)

Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Covid 19

Contoh dialog basa Sunda tentang covid-19 dalam bahasa Sunda loma.

Dini: Mir, ari covid 19 téh naon? (Mir, covid 19 itu apa?)

Mira: Covid téh ngaran virus anyar, wancahan tina COrona VIrus Disease. Bijilna taun 2019, jadi wé dingaranan covid-19. (Covid itu nama virus baru, singkatan dari Corona Virus Diseae. Munculnya tahun 2019, jadi dinamai covid-19.)

Dini: Bahaya pisan éta téh? (Sangat bahaya itu?)

Mira: Nya bahaya, tatalépana téréh pisan. (Ya bahaya, menularnya cepat banget.)

Dini: Ngaliwatan naon tépana? (Menularnya lewat apa?)

Mira: Ceuk nu apal mah ngaliwatan droplét, éta geuning lamun ngomong aya nu mecrot. Matak kudu maké masker ogé. (Kata yang tahu lewat droplet, itu tuh yang kalau bicara ada percikan. Makanya harus memakai masker.)

Dini: Jadi ku masker kahalangan nya? (Jadi dengan masker bisa terhalang ya?)

Mira: Enya. (Iya.)

Dini: Naha urang kudu ngajaga jarak jeung remen ngumbah leungeun maké sabun? (Kenapa kita harus menjaga jarak dan sering mencuci tangan pakai sabun?)

Mira: Mun cicing na pajauh mah droplét ti batur téh moal nepi ka urang. Ari kudu remen ngumbah leungeun mah pan leungeun téh sok cugap cagap, bisi aya virus nu kacagap bakal paéh ku ci sabun. (Kalau diamnya berjauhan maka droplet dari orang lain tidak akan sampai ke kita. Kalau harus mencuci tangan itu kan tangan suka memegang apa-apa, kalau ada virus kena tangan akan mati oleh air sabun.)

Dini: Oh, enya. Kaharti ari kitu mah. Paingan anu sarakola jadi daring. (Oh, iya. Kalau begitu saya mengerti. Pantesan anak-anak sekolah jadi daring.)

Mira: Enya. Éta téh salah sahiji cara pikeun megatkeun ranté tatalepana virus. Di sakola mah pan hésé ngajaga jarak téh. (Iya. Itu salah satu cara untuk memutus rantai penularan virus. Di sekolah kan susah menjaga jarak.)

Dini: Enya, geus kaharti. Tapi naha ari nu daragang teu dicarék? (Iya, sudah mengerti. Tapi kenapa pedagang tidak dilarang?)

Mira: Éta mah patalina jeung kabutuhan hirup. Lamun jelema eureun usaha, rék ti mana dalaharna? Ayeuna lamun ngandelkeun bantuan ti pamaréntah, moal mahi da rahayat Indonésia téh réa pisan. (Itu kaitannya dengan kebutuhan hidup. Kalau orang berhenti usaha, makannya mau dari mana? Kalau hanya mengandalkan bantuan dari pemerintah, tidak akan cukup karena rakyat Indonesia itu sangat banyak.)

Dini: Oh, heueuh ogé nya. (Oh, iya juga ya.)

Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Kesehatan

Contoh paguneman tentang kesehatan dalam bahasa Sunda lemes.

Dokter: Naon nu karaos, Kang? (Apa yang terasa, Kang?)

Pasien: Tahu sareng témpé, Pa Dokter. (Tahu dan tempe, Pak Dokter.)

Dokter: Maksad téh, naon anu nyeri. (Maksudnya, apa yang sakit?)

Pasien: Oh manawi téh tuangeun. Abdi téh rieut Pa. (Oh kirain makanan. Saya ini sakit kepala Pak.)

Dokter: Tos sabaraha dinten? (Sudah berapa hari?)

Pasien: Tos dua dinten. (Sudah dua hari.)

Dokter: Sateuacanna naon damel, teu papanasan? (Sebelumnya melakukan apa, tidak panas-panasan?)

Pasien: Henteu. Mung mangkukna téh telat neda. (Tidak. Hanya, kemarin lusa telat makan.)

Dokter: Oh, éta mah pangaruh tina mah, Kang. Tuang kedah teratur, kirangan ngaleueut kopi, lada sareng nu haseum supados asam lambung teu naék. (Oh, itu pengaruh dari mag, Kang. Makan harus teratur, kurangi minum kopi, pedas dan yang asam agar asam lambung tidak naik.)

Pasien: Naék ka mana Pa? (Naik ke mana Pak?)

Dokter: Ah Akang mah. Kasehatan téh teu kénging disapirakeun, jalaran sakumaha urang seueur artos ogé upami salira teu damang mah moal tiasa dini’mati. (Ah, Akang ini. Kesehatan itu tidak boleh dianggap sepele, karena walaupun kita banyak uang kalau tubuh sakit maka tidak akan bisa dinikmati.)

Pasien: Muhun Pa, rumaos sok katungkulkeun ku padamelan. (Iya Pak, saya merasa suka lupa oleh pekerjaan).

Dokter: Teu kénging kitu engké deui mah. Sing nyaah kana salira. (Nanti tidak boleh begitu. Harus sayang pada diri sendi.)

Contoh Dialog Bahasa Sunda tentang Sekolah

Contoh percakapan tentang sekolah dengan bahasa Sunda halus.

Rudi: Sép, betah teu sakola di dieu? (Sep, betah gak sekolah di sini?)

Asép: Betah pisan atuh. Resep, guruna balageur, réréncangan sakelas ogé balageur sareng garetol diajar. Rudi betah teu? (Betah sekali dong. Senang, gurunya baik-baik, teman-teman sekelas juga pada baik dan rajin belajar. Rudi betah gak?)

Rudi: Sami abdi ogé. Abdi mah betahna téh sok seueur kagiatan. Étang-étang hiburan upami tos capé diajar. (Sama saya juga. Saya betahnya di sini karena banyak kegiatan. Hitung-hitung hiburan kalau sudah cape belajar.)

Asép: Muhun, hanjakal sakedap deui urang téréh kaluar nya. Bakal paturay sareng réréncangan. (Iya, sayangnya sebentar lagi kita segera lulus ya. Akan berpisah dengan teman-teman.)

Rudi: Leres. Tapi upami tos lulus mah piraku urang badé calik waé di ieu sakola. (Betul. Tapi kalau sudah lulus masa iya akan diam terus di sekolah.)

Asép: Hé hé hé… Badé diteraskeun ka mana Rud? (He he he. Mau dilanjutkan ke mana Rud?)

Rudi: Kahoyong mah ka SMA 1. Dupi Asép? (Inginnya ke SMA 1. Kalau Asep?)

Asép: Abdi mah badé ka SMA 2 panginten. (Mungkin saya akan ke SMA 2.)

Rudi: Naha, urang ka SMA 1 wéh méh aya réncang. (Kenapa, kita ke SMA 1 aja biar ada temen.)

Asép: Tebih ti rorompok. (Jauh dari rumah.)

Rudi: Tiasa kana motor atuh. (Kan bisa naik motor.)

Asép: Teu acan gaduh SIM sareng moal diwidian ku pun bapa upami ngabantun motor ka sakola mah. Rudi mah raos da dijajapkeun ku supir nyalira. (Belum punya SIM dan kalau bawa motor ke sekolah tidak akan diizinkan oleh ayahku. Rudi sendiri enak karena diantar sopir pribadi.)

Rudi: Oh muhun atuh. Wios kétang di mana-mana ogé sakola mah da sami. Kumaha urangna. Sakola di SMA internasioal ogé upami urangna kedul diajar mah bakal kakantun. (Oh ya sudah. Tapi gak apa-apa, sekolah di mana pun sama. Tergantung kitanya. Sekolah di SMA internasional pun kalau kitanya malas belajar ya akan ketinggalan.)

Asép: Tah éta, leres pisan. (Nah itu, betul sekali.)

Contoh Percakapan Bahasa Sunda 2 orang tentang PR

Contoh percakapan tentang PR (pekerjaan rumah) antara 2 orang menggunakan bahasa Sunda loma.

Agung: Déd, PR basa Sunda enggeus can? (Ded, PR bahasa Sunda sudah belum?)

Dédi: Aya PR kitu? (Ada PR kah?)

Agung: Aya, naha teu apal? (Ada, kamu tidak tahu?)

Dédi: Pan basa pelajaran basa Sunda urang teu sakola, gering. (Kan waktu pelajaran bahasa Sunda aku tidak sekolah, sakit.)

Agung: Éh heueuh nya. (Oh iya ya.)

Dédi: Cing atuh ninggali soalna! (Coba saya lihat soalnya!)

Agung: Ngan hiji da soalna mah. Nyieun conto paguneman. (Soalnya cuma satu. Bikin contoh percakapan.)

Dédi: Ngeunaan naon? (Tentang apa?)

Agung: Bébas éta mah. Rék ngeunaan nanaon gé kumaha urang. (Bebas. Mau tentang apa pun terserah kita.)

Dédi: Agung enggeus can? (Agus sudah belum?)

Agung: Encan, sugan téh Dédi enggeus rék ninggali contona. (Belum, kirain Dedi sudah saya mau melihat contohnya.)

Dédi: Iraha dikumpulkeunana? (Kapan dikumpulkannya?)

Agung: Isuk. (Besok).

Dédi: Engké balik sakola atuh urang pigawé. (Nanti sepulang sekolah kita kerjakan.)

Agung: Hayu. (Ayo.)

Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Hobi

Contoh guneman basa Sunda singkat tentang karesep atawa hobi.

Dadang: Din, urang méngbal yu ah. (Din, kita main bola yu!)

Candra: Embung, urang mah teu resep méngbal. (Tidak mau, saya tidak suka main bola.)

Dadang: Resep naon atuh? (Emangnya hobi apa?)

Candra: Resep voli urang mah. (Saya suka voli.)

Dadang: Sarua nya karesep téh kana nyoo bal. (Hobi kita sama ya mainin bola.)

Candra: Enya. Bédana téh ari ku urang mah bal téh diteunggeulan, ku manéh mah ditajongan. (Iya. Bedanya itu kalau oleh aku bolanya dipukul, oleh kamu ditendang.)

Dadang: Ha ha ha.

Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Cita-cita

Contoh percakapan singkat tentang cita-cita dalam bahasa Sunda loma.

Gani: Dan, cita-cita hayang jadi naon? (Dan, cita-citamu mau jadi apa?)

Dadan: Hayang jadi Bupati. (Mau jadi Bupati.)

Gani: Naha? (Kenapa?)

Dadan: Ambéh bisa ngabangun wewengkon urang jeung méré mangpaat ka jalma réa. Ari Gani hayang jadi naon? (Agar bisa membangun daerah kita dan memberi manfaat bagi banyak orang. Kalau Gani mau jadi apa?)

Gani: Urang mah hayang jadi arsiték. (Aku mau jadi arsitek.)

Dadan: Naon arsiték téh? (Apa itu arsitek?)

Gani: Tukang ngarancang wangunan. (Ahli merancang bangunan.)

Dadan: Naha hayang jadi arsiték? (Kenapa mau jadi arsitek?)

Gani: Ambéh bisa mangnyieunkeun imah anu merenah keur kolot. (Agar bisa bikinin rumah yang nyaman untuk orangtua.)

Dadan: Hadé tah pamaksudan téh. Muga-muga sing tinekanan. (Bagus tuh tekad. Semoga terlaksana.)

Gani: Aamiin. Cita-cita Dadan ogé sing kahontal. (Aamiin. Semoga cita-cita Dadan juga tercapai.)

Dadan: Aamin.

Contoh Percakapan Bahasa Sunda di Tempat Wisata

Contoh perbincangan bahasa Sunda lemes di tempat wisata.

Tamu: Sabaraha karcisna Pa? (Berapa karcisnya Pak?)

Petugas: Mirah, mung lima rébu sajalmi. (Murah, hanya lima ribu per orang.)

Tamu: Dupi murangkalih, sami lima rebu? (Kalau anak-anak, sama lima ribu?)

Petugas: Murangkalih nu yuswana kirang ti sapuluh taun mah bayarna mung tilu rébu. (Anak-anak di bawah 10 tahun bayarnya cuma tiga ribu.)

Tamu: Upami tamuna seueur tiasa kirang teu? (Kalau tamunya banyak bisa kurang lagi?)

Petugas: Tiasa, ké dikirangan sakedik. (Bisa, nanti dikurangi sedikit.)

Tamu: Aya fasilitas naon waé di dieu? (Ada fasilitas apa saja di sini?)

Petugas: Seueur. Di antawisna tempat parkir di lebet lega, tempat-tempat kanggo popotoan, kolam renang, sareng tempat ameng murangkalih. (Banyak. Di antaranya tempat parkir di dalam luas, tempat-tempat selfie, kolam renang, dan tempat bermain anak-anak.)

Tamu: Parkir aman? kedah mayar deui teu? (Parkir aman? harus bayar lagi enggak?)

Petugas: Aman. Kantenan. Mobil dua rébu, motor sarébu. (Aman. Iya. Mobil 2 ribu, motor seribu.)

Tamu: Diwaktos teu Pa? (Diwaktu enggak pak?)

Petugas: Henteu, sawaregna wé. (Tidak, sepuasnya saja.)

Tamu: Oh muhun, hatur nuhun, Pak. (Oh iya, terima kasih, Pak.)

Petugas: Mangga, sami-sami. (Baik, sama-sama.)

Baca juga: Cara Mengajak Liburan dengan Bahasa Sunda

Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Lingkungan

Contoh percakapan tentang lingkungan dalam bahasa Sunda lemes.

Ujang: Asa réa urug ayeuna mah nya? (Rasanya sekarang banyak longsor ya?)

Ohid: Bener. Lain urug wungkul, malah di kota mah réa caah. (Betul. Bukan hanya longsor, malahan di kota banyak banjir.)

Ujang: Balukar tina naon éta téh Hid? (Akibat apa itu Hid?)

Ohid: Musibah téh dijieun ku leungeun manusa kénéh. Rék teu loba urug kumaha atuh da ayeuna mah tatangkalan ditaluaran antukna pasir bulistir, gunung darugul. Sakalieun datang hujan téh taneuhna ngaguruguy kabawa cileuncang.

(Musibah itu dibuat oleh tangan manusia sendiri. Bagaimana tidak longsor, pepohonan ditebang, bukit dan gunung pada gundul. Sekalinya turun hujan tanahnya bergerak terbawa air hujan.)

Ujang: Enya, bener pisan éta téh. Nu mariceun runtah ogé di mana baé lungna. Runtah nalambru di mana-mana, mun datang hujan téh mendet kana kamalir. (Iya, betul sekali itu. Yang buang sampah pun di mana saja. Sambah bertumpuk di mana-mana, kalau datang hujan menyumbat saluran.)

Ohid: Tétéla geuning kacida pentingna nya urang ngajaga lingkungan téh. (Ternyata menjaga lingkungan itu penting sekali.)

Ujang: Komo wé atuh. Lamun lingkungan ruksak mah, hirup urang ogé katalangsara. (Iya iya lah penting. Kalau lingkungan rusak, hidup kita akan sengsara.)

Contoh Percakapan Bahasa Sunda tentang Kebersihan

Contoh dialog tentang kebersihan dalam bahasa Sunda loma.

Ningrum: Urang sasapu di kelas yu Béd! (Kita menyapu kelas yu Bed!)

Jubaedah: Horéam ah, bosen. Meunang nyapukeun téh bala deui bala deui. (Males ah, bosan. Hasil menyapu suka kotor lagi.)

Ningrum: Komo mun teu disapukeun bakal bala pisan. (Apalagi kalau tidak disapuin akan lebih kotor.)

Jubaedah: Hayu atuh. Cokot sapuna di gudang. Kalau begitu, ayo. Ambil sapunya di gudang.)

Ningrum: Kéla dagoan sakeudeung. (Tunggu sebentar.)

Jubaedah: Sok. (Silakan.)

Ningrum: Barudak téh hésé dicarék, sok miceun urut jajan di kelas. (Anak-anak itu susah dibilangin, suka buang bekas jajan di kelas.

Jubaedah: Enya. Padahal beresih mah moal karasa ku batur. (Iya. Padahal bersih itu tidak akan terasa oleh orang lain.)

Ningrum: Uyuhan betah diajar di kelas nu kalotor. (Mau-maunya belajar di kelas yang kotor.)

Jubaedah: Teuing atuh, hélok. (Tidak tahu, heran.)

Ningrum: Isuk mah urang meuli wadah runtah, teundeun di hareupeun kelas. (Besok kita beli tong sampah, simpan di depan kelas.)

Jubaedah: Ti mana duitna? (Dari mana uangnya?)

Ningrum: Urang udunan wé. (Kita iuran aja.)

Jubaedah: Bakal daraekeun barudak udunan? (Anak-anak kan mau iuran?)

Ningrum: Urang ajakan heula wé. Piraku da keur kabersihan kelas urang kénéh. (Kita ajak aja dulu. Kan masih buat kebersihan kelas kita.)

Jubaedah: Enya atuh. Kelas bararesih mah diajar betah jaba moal aya panyakit. (Iya. Kalau kelas bersih belajar akan betah dan tidak akan ada penyakit.)

Ningrum: Tah kitu. (Nah, itu.)

Jubaedah: Anu sok ngabala waé di kelas kumahakeun? (Yang suka mengotri kelas gimana?)

Ningrum: Urang cokot hareupeunana, alungkeun kana wadahna. Sugan éraeun. (Kita ambil di hadapannya, lempar ke tong sampah. Barangkali malu.)

Jubaedah: Satuju.

Baca juga: Contoh Karangan Bahasa Sunda tentang Kebersihan

Contoh Dialog Bahasa Sunda Halus 5 orang tentang Kerja kelompok

Patim: Ngerjakeun tugas badé di bumi saha? (Ngerjain tugas mau di rumah siapa?)

Nining: Di rorompok wéh yu! (Di rumahku aja yuk!)

Rika: Hayu waé abdi mah di bumi sasaha ogé. (Di rumah siapa pun, aku ayo aja.)

Siti: Biting di rorompok ambéh nengah-nengah, caket ka saréréa. (Mending di rumahku biar di tengah-tengah, dekat ke semua.)

Maya: Tah, muhun di bumi Siti wéh. Ambéh abdi caket wangsul. (Nah, betul mending di rumah Siti. Agar saya dengan pulang.)

Patim: Kumaha Ning, satuju? (Bagaimana Ning, setuju?)

Nining: Hayu, ari moal di rorompok mah. (Ayo, kalau tidak akan di rumahku.)

Patim: Ké wé upami aya kerja kelompok deui urang giliran. Ayeuna mah di bumi Siti heula. (Nanti aja kalau ada kerja kelompok lagi kita bergiliran. Sekarang di rumah Siti dulu.)

Nining: Muhun, kitu saé. (Iya, begitu bagus.)

Rika: Kelompok urang badé ngadamel naon? (Kelompok kita mau bikin apa?)

Maya: Ngadamel asbak. (Bikin asbak.)

Nining: Émutan abdi mah biting ngadamel kembang tina keretas tilas ambéh bahanna teu kedah mésér. (Menurut aku mending membuat bunga aja dari kertas bekas biar bahannya tidak harus membeli.)

Rika: Satuju kana usulan Nining. (Setuju pada usulan Nining.)

Patim: Sami abdi ogé. (Sama saya juga.)

Siti: Sami naon Pat? (Sama apa Pat?)

Patim: Sami sareng Rika, satuju kana usulan Nining. Dupi Siti kumaha? (Sama dengan Rika, setuju pada usulan Nining. Kalau Siti bagaimana?)

Siti: Satuju abdi ogé ngadamel kembang. Satuju sadayana? (Saya juga setuju bikin bunga. Setuju semua?)

Maya: Satuju…. Hayu atuh kabujeng sonten teuing, ambéh énggal réngsé. (Setuju… Ayo keburu sore, biar cepat selesai.)

Contoh Paguneman Bahasa Sunda Halus tentang Keluarga

Encep: Agus kagungan raka teu? (Agus punya kakak enggak?)

Agus: Henteu, abdi mah cikal. (Tidak, saya anak sulung.)

Encep: Dupi rai, kagungan? (Kalau adik, punya?)

Agus: Gaduh dua. Pameget hiji, istri hiji. Dupi Encép? (Punya dua. Laki-laki satu, perempuan satu. Kalau Encep?)

Encép: Abdi mah, lanceuk dua, adi hiji. (Saya punya dua kakak, satu adik.)

Agus: Tuang raka tos narikah? (Kakakmu sudah pada menikah?)

Encép: Pun lanceuk anu cikal tos nikah ka urang Karawang. Anu ka dua kuliah kénéh di Bandung. (Kakakku yang pertama sudah nikah ke orang Karawan. Yang ke dua masih kuliah di Bandung.)

Agus: Dupi éta tuang rai tos sakola? (Kalau adikmu sudah sekolah?)

Encép: Pun adi mah teu acan sakola, nembé yuswa opat taun. Tuang rai tos sarakola? (Adikku belum sekolah, baru umur dua tahun. Adikmu sudah pada sekolah?)

Agus: Atos, pun adi mah duanana ogé. Nu hiji kelas 5, si bungsu kelas 2. (Sudah, adikku dua-duanya sudah sekolah. Yang satu kelas 5, yang bungsu kelas 2.)

Encép: Dupi tuang rama sareng tuang ibu di mana damelna? (Kalau ayah dan ibumu kerja di mana?)

Agus: Pun bapa icalan di pasar, pun biang mah aya wé di rorompok. Dupi sepuh Encép damel naon? (Ayahku dagang di pasang, ibuku di rumah aja. Orangtua Encep kerja apa?)

Encép: Pun bapa janten satpam di pabrik, pun biang mah teu damel sapertos tuang ibu. (Ayahku jadi satpam di pabrik, ibuku tidak bekerja seperti ibumu.)

Agus: Mugi-mugi sepuh sareng kulawargi urang sing sarehat nya. (Semoga orang tua dan keluarga kita pada sehat ya.)

Encép: Aamiin.

Baca juga: Istilah Pancakaki dalam Bahasa Sunda

Contoh Guneman Basa Sunda loma tentang Perpustakaan

Nurdin: Yoh anteur yu ka perpustakaan! (Yoh, antar aku ke perpustakaan.)

Yoyoh: Arék naon? (Mau ngapain?)

Nurdin: Rék maca atuh ka perpustakaan mah, piraku rék ngadon saré! (Ke perpustakaan ya mau membaca lah, masa mau tidur?)

Yoyoh: Nya bisi we rék ngadon nundutan. (Ya kali aja mau ngantuk.)

Nurdin: Matak ménta dianteur ogé ambéh aya batur. Sorangan mah sok tunduh. (Makanya aku minta diantar juga biar ada teman. Kalau sendirian suka ngantuk.)

Yoyoh: Batur naon, ngawangkong? (Teman apa, ngobrol?)

Nurdin: Enya. (Iya.)

Yoyoh: Teu meunang ngawangkong di perpustakaan mah, Din. Rék ngadon ngawangkong mah mending tong ka ditu. (Di perpustakaan itu tidak boleh ngobrol, Din. Kalau mau ngobrol mending jangan ke sana.)

Nurdin: Aéh, enya nya. Poho. (Ooh, iya ya. Lupa.)

Contoh Percakapan Bahasa Sunda Halus Sama Pacar

Laki-laki: Néng, naha bet kersa ka Aa? (Neng, kenapa mau sama abang?)

Perempuan: Duka atuh, Aa ogé naha jeung palay ka abdi? (Tidak tahu. abang juga kenapa mau ke aku?)

Laki-laki: Da Néng mah tos geulis teh bageur deuih. (Karena Neng itu sudah cantik, baik lagi.)

Perempuan: Ah, baku Aa mah ari tos ngarayu téh. (Ah, kebiasaan abang sudah merayu itu.)

Laki-laki: Sanés ngarayu éta mah, ngawaler pan nembé naros. (Itu bukan merayu, menjawab kan tadi nanya.)

Perempuan: Ah, duka! (Gak tahu ah!)

Laki-laki: Teu kenging baeud atuh. (Jangan cemberut dong.)

Perempuan: Naha? (Kenapa?)

Laki-laki: Upami nuju baeud téh sok tambih manis. (Kalau lagi cemberut gitu tambah manis.)

Perempuan: Hmmm.

Baca juga: Cara Mengatakan Aku Sayang Kamu dalam Bahasa Sunda

Contoh Dialog Bahasa Sunda di Tempat Kerja

Atasan: Tos réngsé ngadamel laporan Pa? (Sudah selesai membuat laporan Pak?)

Bawahan: Teu acan pak, nuju dipidamel kénéh. (Belum Pak, masih dikerjakan.)

Atasan: Saénggalna diréngsékeun nya Pa. Upami atos, simpen dina luhur méja di ruangan abdi. (Secepatnya diselesaikan ya Pak. Jika sudah, simpan di meja di ruangan saya.)

Bawahan: Mangga pak, diéstokeun pisan. (Baik pak, diutamakan sekali.)

Atasan: Nu sanés kamarana? (Yang lain pada ke mana?)

Bawahan: Istirahat kénéh Pa. Nuju taruang panginten di kantin. (Masih istirahat Pak. Mungkin sedang pada makan di kantin.)

Atasan: Oh muhun. Bapa teu istirahat? (Oh iya. Bapak tidak istirahat?)

Bawahan: Pameng padamelan hoyong énggal réngsé Pa. (Tanggung pekerjaan pak, mau cepet beres.)

Atasan: Ke deui éta mah. Waktos damel, damel. Waktos istirahat mah istirahat. (Itu nanti lagi. Waktunya kerja, kerja. Waktunya istirahat ya istirahat.)

Bawahan: Mangga Pa. (Baik pak.)

Baca juga:Cara Menanyakan Pekerjaan dengan Bahasa Sunda

Demikianlah, semoga bermanfaat.