Pengertian dan Contoh Wawancara Bahasa Sunda plus Conto Laporan Hasil Wawancara

Contoh Wawancara Bahasa Sunda dan Laporan Hasilnya

13 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Wawancara atau interview merupakan kegiatan komunikasi dua arah antara pihak pewawancara dan narasumber. Komunikasi dua arah berlangsung setiap hari di masyarakat.

Kelompok yang biasa melakukan wawancara di antaranya:

  • Wartawan, reporter, atau jurnalis yang mencari warta.
  • Mahasiswa untuk tujuan penelitian.
  • Siswa yang diberi tugas wawancara oleh gurunya.
  • Pihak perusahaan yang mewawancarai pelamar kerja.
  • Aparat pemerintah seperti badan pusat statistik yang mewawancarai warga.
  • Orang yang mencari riwayat hidup.
  • dan sebagainya

Pengertian Wawancara Bahasa Sunda

Wawancara hartina tanya jawab antara dua pihak, nyaéta antara nu nanya jeung narasumber. Tujuannana pikeun meunangkeun data, informasi, katerangan, atawa pamanggih (pendapat) narasumber ngeunaan hiji perkara.

Nu nanya bisa disebut ogé pewawancara, nyaéta jalma anu ngajukeun pertanyaan (orang yang mengajukan pertanyaan).

Narasumber nyaéta jalma atawa kelompok nu ngajawab, nu méré katerangan, atawa pamanggihna (orang atau kelompok yang menjawab pertanyaan). Dalam bahasa Indonesia, narasumber juga biasa disebut informan.

Orang yang menjadi narasumber biasanya ahli dalam bidang tertentu atau mengetahui informasi yang dicari oleh penanya. Makanya kalau mau melakukan wawancara harus kepada narasumber yang tepat agar informasinya akurat.

Informasi hasil wawancara diolah sesuai dengan tujuannya. Misalnya, wartawan mengolah informasi menjadi berita, pelajar atau mahasiswa mengolah informasi menjadi laporan penelitian, dan sebagainya. Contoh wawancara bahasa Sunda dan laporan hasil ngawawancara akan di sajikan di pos ini.

Nyusun Kalimah Bahan Wawancara

Ketentuan sebelum dan selama kegiatan wawancara berlangsung meliputi beberapa hal berikut.

Persiapan sebelum wawancara

  1. Nangtukeun tujuan (menentukan tujuan). Keur kaperluan naon?
  2. Nangtukeun topik wawancara. Rék nanyakeun ngeunaan naon?
  3. Nyusun pertanyaan. Naon waé nu rek ditanyakeun?
  4. Siapa narasumbernya? Atawa saha nu rek ditanyana?
  5. Kapan waktunya?
  6. Ke mana harus menemui narasumber?
  7. Nyadiakeun catetan jeung alat rékam (menyediakan catatan dan alat rekam)

Setelah bertemu narasumber

  1. Ménta idin ka narasumber (meminta izin kepada narasumber).
  2. Nepikan maksud ngawawancara (menyampaikan maksud mewawancara)
  3. Nanya kalawan jelas (bertanya dengan jelas)
  4. Ulah lila teuing atawa saperluna (jangan terlalu lama atau seperlunya saja).

Sampaikan kalimat pertanyaan yang singkat dan togmol (langsung ke tujuan), jangan panjang dan bertele-tele.

Contoh Wawancara bahasa Sunda

Astri: “Ramlan, kaganggu teu? Abdi badé nyungkeun waktos sakedap”Ramlan: “Ah, teu sawios. Mangga baé.”

Astri: “Bade ngawawancara kanggo bahan warta dina mading sakola.”

Ramlan: “He he he, aya-aya baé Astri mah. Kumaha ké lamun abdi jadi terkenal siga artis?”

Astri: “Sawios atuh ambéh kasohor. Hé hé hé…”

Ramlan: “Wah, isin atuh, As. Ké abdi kanyahoan kasépna. Hé hé hé…!”

Astri: “Ramlan, dina sadinten sok sabahara jam ngapalkeun?”

Ramlan: “Rata-rata dua jam. Sajam sateuacan kulem sajam deui sabada gugah kulem.”

Astri: “Unggal dinten?”

Ramlam: “Muhun.”

Astri: “Sok dipaksa ku sepuh atanapi kapalay nyalira?”

Ramlan: “Hé hé. Dipapaksa kawas budak TK baé. Henteu atuh As, sok maksakeun nyalira baé. Rumaos abdi Abdi téh bodo, jadi kudu getol ngapalkeun. Mamah sareng bapa mah ukur masihan sumanget.”

Astri: “Dupi tuang rama sareng tuang ibu naon padamelanana?”

Ramlan: “Bapa janten Satpam di pasar, Ibu mah icalan kuéh.”

Astri: “Sok ka saha naroskeun upami aya pelajaran nu teu kahartos?”

Ramlan: “Mun abdi teu ngartos kana pelajaran, upamina, Bapa sok ngabantosan kedah ka saha tatarosna. Aya ka Pa Guru, ka réréncanganana, atanapi sok masihan buku kenging anjeuna mésér.”

Astri: “Naon waé resépna supados pinter sapertos Ramlan?”

Ramlan: “Ieu mah jujur nya. Abdi teu ngaraos pinter, komo jenius mah. Tapi aya cariosan Mamah anu teras napel baé dina emutan abdi. Saurna batu gé anu sakitus teuasna, ku cikaracak anu teras-terasan nyakclak mah, teu burung legok. Hartosna, sanajan urang bodo, lamun terus-terusan usaha jeung rajin diajar, tangtu bakal bisa, bakal pinter! Eta resép abdi mah. Kumargi kitu, sanajan teu seueur waktu anu luang, abdi satekah polah nyempetkeun kanggo diajar jeung ngapalkeun.”

Astri: “Cita-cita palay janten naon?”

Ramlan: “Hoyong janten naon nya? Ah bade janten Sakadang Kuya wé…”

Astri: “Ah, Ramlan mah aya-aya waé. Nu leresna palay janten naon?”

Ramlan: “Upami Alloh Ta’ala marengkeun, abdi hoyong janten arsiték.”

Astri: “Naha palay janten arsiték?”

Ramlan: “Hhh…, rorompok anu ayeuna ditempatan ku kulawarga abdi, asa teu kungsi dioméan sakaemut mah. Tos siga aki-aki mun jalmi mah. Abdi sok émut mun aing jadi arsitek, Mamah sareng Bapa téh badé dipangdamelkeun pangiuhan anu merenah. Teu kudu méwah, tapi matak betah aranjeunna.”

Astri: “Cita-cita anu mulya. Mugia sing tinekanan!”

Ramlan:  “Amiiin. Sami-sami. Nuhun nya, As.”

Astri: “Mung sakitu. Hatur nuhun kana waktosna.”

Ramlan: “Atos baé ieu téh?”

Astri: “Atos cekap.”

Ramlan: “Éh, teu sangka nya Astri teh jendil geunging, hé hé…”

(Sumber: Buku Pamekar Diajar Basa Sunda Kelas 11 SMA/ SMK/ MA, Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat)

Contoh Laporan hasil wawancara

Laporan hasil wawancara bisa berbentuk tanya jawab dan bentuk narasi, contohnya sebagai berikut:

Laporan bentuk tanya jawab

Untuk laporan bentuk tanya jawab, daftar pertanyaan dan jawaban narasumber ditulis pentingnya saja. Sebelumnya, beri judul dan sedikit narasi sebagai pengantar. Contohnya dapat dilihat di bawah ini.

Wawancara jeung Ramlan

Di SMA Nusa Bangsa mah moal aya nu bireuk deui ka Ramlan, murid pangpinterna di kelas 11 anu boga sipat humoris. Naon resepna supaya pinter? Ieu cutatan wawancara Astri, jurnalis Mading SMA Nusa Bangsa jeung Ramlan, juara umum di kelas 11 SMA Nusa Bangsa.

Astri: Ramlan, dina sadinten sok sabahara jam ngapalkeun?

Ramlan: Rata-rata dua jam. Sajam sateuacan kulem sajam deui sabada gugah kulem.

Astri: Unggal dinten?

Ramlam: Muhun.

Astri: Sok dipaksa ku sepuh atanapi kapalay nyalira?

Ramlan: Henteu, sok maksakeun nyalira baé. Mamah sareng bapa mah ukur masihan sumanget.

Astri: Upami aya pelajaran nu teu kahartos sok naroskeun ka saha?

Ramlan: Aya ka Pa Guru, ka rerencangan bapa, atanapi milari tina buku.

Astri: Naon waé resépna supados pinter?

Ramlan: Batu ge anu sakitus teuasna, ku cikaracak anu teras-terasan nyakclak mah, teu burung legok. Hartosna, sanajan urang bodo, lamun terus-terusan usaha jeung rajin diajar, tangtu bakal bisa, bakal pinter!

Astri: Cita-cita palay janten naon?

Ramlan: Upami Alloh Ta’ala marengkeun, abdi hoyong janten arsiték.

Astri: Naha palay janten arsiték?

Ramlan: Mamah sareng Bapa badé dipangdamelkeun pangiuhan anu merenah. Teu kudu méwah, tapi matak betah aranjeunna.

Laporan bentuk narasi atau artikel

Laporan hasil wawancara juga dapat ditulis dalam bentuk artikel. Contohnya seperti ini.

Ramlan Bentang Pelajar Anu Humoris jeung Handap Asor

Murid-murid SMA Nusa Bangsa mah geus teu bireuk deui ka Ramlan. Manehna teh bentang kelas 11 anu anu someah tur humoris. Lamun diajak ngobrol matak pikaresepeun. Sanajan pinter tapi teu ngarasa pinter. Sikepna angger dépé-dépé handap asor.

Unggal taun Ramlan jadi juara kelas. Prestasina teh lain baé di sakola. Dina taun ieu manéhna ogé jadi juara Olimpiadeu Matématika tingkat Jawa Barat.

Keur nu teu apal mah bakal nyangka Ramlan teh sausik samalik maca buku. Padahal dina sapoéna ngan ukur dua jam ngapalkeun. Nyaéta peuting saméméh saré jeung subuh.

Resép diajarna luyu jeung paribasa cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok. Ceuk manéhna, “sanajan urang bodo, lamun terus-terusan usaha jeung rajin diajar, tangtu bakal bisa, bakal pinter.” Éta resép téh cenah mangrupa wejangan ti indungna.

Ramlah boga cita-cita hayang jadi arsitek. Sanajan cita-citana luhur tapi tujuanana basajan jeung mulya pisan. Manéhna lain rék néangan kabeungharan tapi hayang mangnyieunkeun imah anu merenah keur indung bapana.

“Rorompok anu ayeuna ditempatan ku kulawarga abdi, asa teu kungsi dioméan sakaemut mah. Tos siga aki-aki mun jalmi mah. Abdi sok émut mun aing jadi arsiték, Mamah sareng Bapa téh badé dipangdamelkeun pangiuhan anu merenah. Teu kudu méwah, tapi matak betah aranjeunna,” pokna semu kagagas.

Urang duakeun baé, muga-muga cita-citana sing tinekanan. Aamiin!

Baca juga: Pengertian Wacana Pedaran Bahasa Sunda

Demikianlah, semoga bermanfaat.