Dongeng Bahasa Sunda Peucang Balap Lumpat jeung Keong

Dongeng Bahasa Sunda Peucang Balap Lumpat jeung Keong

6 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Dongeng bahasa Sunda Peucang balap lumpat jeung Keong termasuk dongeng fabel atau dongeng binatang. Dongeng sasatoan termasuk dongeng yang disukai anak-anak. Dulu sebelum adanya hiburan modern seperti sekarang, dongeng selalu diceritakan secara turun temurun oleh orang tua. Terutama ketika menjelang tidur.

Salah satu tokoh binatang yang sering diceritakan dalam dongeng fabel yaitu si Kancil atau dalam bahasa Sunda disebut Peucang. Sakadang Peucang merupakan tokoh dongeng yang bertubuh mungil namun sangat cerdik.

Di bawah ini saya akan berbagi dongeng bahasa Sunda yang menceritakan perlombaan lari antara si Kancil dan Siput (Keong). Selamat membaca…

Dongeng Bahasa Sunda ‘Peucang Balap Lumpat jeung Keong’

Di hiji desa anu subur ma’mur loh jinawi. Sawahna ngeplak satungtung deuleu, sawah anu hejo lembok teh dibeulah ku hiji susukan anu kaitung panjang.

Dina susukan eta teh hirup sakumpulan keong. Hirupna rukun sauyunan, estuning kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, silih asah, silih asih, silih asuh, jeung silih hargaan.

Unggal isuk-isuk maranehna indit neangan dahareun. Aya di antara maranehna anu leumpang mapay susukan nepika tungtung. Aya oge nu nyebar ka sawah-sawah nu aya di kenca katuhueun susukan. Pasosore maranehna kakara baralik ka imahna sewang-sewangan. Sakapeung sok aya di antara maranehna anu baralik mawa dahareun keur anak-anakna anu laleutik keneh.

Dina hiji poe, ujug-ujug datang sakadang Peucang nyampeurkeun. Si Peucang nanya sakadang Keong nu cicingna rada jauh ti baturna.

“Wilujeng enjing, Ong? Kumaha cageur?” ceuk si Peucang marahmay.

“Pangesto!” tembal Keong. “Kumaha anjeun cageur?”

“Jiga nu katempo ku anjeun, kuring jagjag waringkas.”

“Cang, naha anjeun disebut sato pangcalakannana?”

“Sabab kuring memang pinter!” ceuk si Peucang adigung.

“Oh kitu, sapinter kumaha uteuk anjeun teh?” Keong nanya deui.

“Lah, naha nanya kitu? Anjeun ngahina nya?”

“Ah henteu.”

“Enggeus Ong, kuring memang katelah sato pangpinterna jeung anjeun katelah sato pangkedulna da anjeun mah leumpangna boyoooot. Boyot nyaho!” ceuk Peucang.

“Cang, sanajan leumpang kuring boyot tapi lain hartina pangedulan. Lamun ukur balap lumpat jeung anjeun mah kuring ngajamin anjeun bakal eleh.”

“Naon, anjeun nangtang kuring balap lumpat?”

“Keur ngabuktikeun yen lain anjeun hungkul nu bisa lumpat tarik.”

“Hahaha, Keong…Keong…!” si Peucang seuri sinis ngahina.

“Anjeun wani balap lumpat Cang?” Keong nanya.

“Euleuh… euleuh… anjeun nekad nya Ong. Heug hayu urang balap lumpat. Iraha waktuna?”

“Isuk, isuk-isuk!” Keong nembalan meni yakin.

Si Peucang aneheun ngadenge omongan Keong kitu teh. “Heug, isukan kuring bakal datang ka susukan ieu.”

Si Peucang balik ka leuweung. Sedengkeun Keong nuluykeun usahana nyiar dahareun. Pasosore Keong balik deui ka imahna.

Sanepina ka imah, Keong mikir tarik kumaha carana ngelehkeun Peucang pikeun mere warahan ka Peucang sangkan teu gede hulu.

Tengah peuting, Keong manggih cara anu dianggap jetu. Peuting eta keneh manehna nepungan sakabeh keong nu aya di susukan eta. Ku sipatna nu resep nulung kanu butuh nalang kanu susah, ahirna kabeh keong sepakat ngelehkeun si Peucang dina balap lumpat isukan.

Rebun-rebun keong geus ngarumpul di tempat anu geus ditangtukeun keur balap lumpat. Hiji-hiji keong mimiti ngajajar di sapanjang susukan. Maranehna kabeh asup kana jero cai, anging Keong anu kamari papanggih jeung Peucang.

Sanggeusna ngadagoan sakeudeung, si Peucang norojol. “Wilujeng enjing Ong! Geus siap ngalawan kuring poe ieu?” si Kancil nanya bari sombong.

“Tangtu Cang!” tembal Keong nu geus titadi nungguan.

“Kieu, Cang! Kusabab kuring teu bisa leumpang di darat, mangka kuring engke bakal lumpat dina susukan, anjeun mah lumpatna dina galengan,” ceuk Keong ngajelaskeun aturan perlombaan.

“Panuju. Hayu ayeuna urang mimitian!” tembal si Peucang geus teu sabar.

Sanggeus aba-aba disadakeun, duanana buru-buru ngamimitian lomba. Si Peucang langsung lumpat dina luhur galengan, wates antara susukan jeung sawah. Sedengkeun Keong, manehna asup kana cai dina susukan.

Si Peucang lumpat tarik. Dina jero hatena ngagerentes, manehna yakin bakal meunang. Sanggeus sawatara waktu lumpat, manehna eureun. Hayang muguhkeun, naha Keong sanggup ngudag atawa masih katinggaleun jauh di tukang?

“Keong…! Keoooong! Nepi ka mana anjeun ayeuna?” si Peucang ngagorowok.

“Kuk..! ieu Cang, naha anjeun karek nepi ka belah dinya? Kuring geus aya hareupeun anjeun.”

Si Peucang reuwas nempo Keong mecenghul di hareupeunnana. Manehna teu nyangka Keong mampu miheulaan lumpatna. Si Peucang lumpat deui, ayeuna mah lumpatna leuwih tarik batan nu mimiti. Manehna embung dielehkeun ku Keong.

Sawatara waktu, si Peucang ngageroan deui. “Keong.. Keoooong! Geus nepi ka mana anjeun ayeuna?”

Bari nembongkeun awak di luhureun cai, Keong ngawalon, “Kuk! aya naon Cang?, naha anjeun angger wae di satukangeun kuring?”

Sababaraka kali si Peucang ngegeroan Keong keur muguhkeun tempatna, tapi harita keneh si Peucang reuwaseun sabab ninggali Keong hayoh aya di hareupeunnana. Kabeh tanaga geus diketrukkeun, tapi tetep we Keong hayoh nembongkeun diri di hareupeunnana. Ahirna si Peucang teu sanggupeun deui lumpat. Manehna karek ngaku yen Keong cicing-cicing oge lumpatna cangker pisan, leuwih cangker batan dirina.

***

Baca juga: Dongeng Sasatoan Sakadang Peucang Ngelehkeun Raja Begu

Dongeng sasatoan bahasa Sunda ‘Peucang Balap Lumpat jeung Keong’ menceritakan kehidupan siput yang hidup rukun dan tolong menolong di sebuah parit. Suatu hari, datanglah seekor kancil. Seekor siput yang sedang berada jauh dari temannya bercakap-cakap dengan kancil.

Siput menanyakan alasan, kenapa kancil disebut binatang paling cerdik? Kancil menjawab dengan sombong dan menghina siput sebagai hewan pemalas karena jalannya lambat.

Siput menantang kancil untuk lomba lari, di parit itu. Kancil pun setuju. Keesokan harinya, Kancil datang lagi. Sementara siput dan teman-temannya sudah siap, mereka sudah berjajar di sepanjang parit.

Setelah aba-aba dimulai, siput turun ke air, dia berlari di dalam parit. Sedangkan kancil berlari di pematang sawah. Setiap kali kancil menyapa untuk memastikan posisi siput, ketika itu pula siput muncul di hadapannya. Sampai akhirnya kancil menyerah, dia tidak kuat lagi berlari.

Kenapa kancil kalah lomba lari oleh siput?

Karena kancil kalah strategi. Ratusan siput sudah berada di sepanjang parit, jadi di mana pun kancil berdiri, di dekatnya pasti sudah ada siput yang muncul. Siput yang paling awal sebenarnya tidak ke mana-mana, diam saja di titik awal. Siput yang lainnya pun sama, diam di tempat masing-masing. Namun hal ini tidak diketahui oleh kancil sampai perlombaan selesai.

Sumber dari buku kumpulan dongeng si Kancil oleh Adhi Mulyono. Diterjemahkan dan disunting sebagian untuk menyesuaikan dengan kosakata bahasa Sunda.