Dongeng Binatang Bahasa Sunda Sabuk Nabi Sulaiman

Dongeng Bahasa Sunda Sabuk Nabi Sulaiman (Si Kancil)

1 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Dongeng Sabuk Nabi Sulaiman, dalam bahasa Sunda “Beubeur Nabi Sulaiman” merupakan dongeng binatang (sasatoan) atau fabel.

Dongeng binatang ini menceritakan seekor kancil yang akan dimangsa oleh harimau. Namun kancil berhasil melarikan diri dari harimau dengan cara mengelabuinya melalui permainan petak umpet (ucing sumput).

Dalam pelariannya dari harimau, kancil menemukan seekor ular yang tergulung dan sedang tertidur pulas. Kancil diam dekat ular sambil berpikir, mencari akal untuk bisa lepas dari ancaman harimau.

Harimau yang lapar marah terus mencari-cari kancil. Akhirnya harimau berhasil menemukan kancil.

Namun kancil sangat cerdik. Kancil mengaku sedang ditugasi menunggu sabuk Nabi Sulaiman, padahal ular besar.

Lagi-lagi harimau itu dapat dikelabui. Dia mengelus-ngelus ular yang dianggap sebagai sabuk Nabi Sulaiman. Ular bangun dan marah karena merasa terganggu. Terjadilah pertarungan sengit antara ular dan harimau. Sementara itu, kancil pergi menyelamatkan diri.

Dongeng ini lanjutan dari cerita kancil sebelumnya yang baru saja lepas dari ancaman buaya sungai. Silakan baca ceritanya Dongeng Si Kancil dan Buaya Bahasa Sunda.

Dongeng Sabuk Nabi Sulaiman versi Bahasa Sunda

Sakadang peucang ahirna bisa leupas tina bahaya pati, nyaeta tina ancaman para buaya basa rek meuntas walungan. Untung sakadang Peucang teu beakeun akal, para buaya bisa dibobodo nepi ka Peucang bisa salamet.

Sanggeus hayoh lulumpatan nyalametkeun diri, beuteung Peucang karasa lapar deui. Manehna lumampah ka sisi leuweung nyiar dahareun.

Gok pasangrok jeung maung lapar.

“Cang! Kaula geus tilu poe teu dahar daging!” ceuk Maung bari kumetap.

“Rek ngadahar kuring? Sok wae!”, ceuk Peucang teu katembong sieun atawa hariwang.

“Bener Cang?” maneh daek didahar ku kaula?”, ceuk Maung nanya bari atoh.

“Kuring ngama’lum, kuring pan sato leutik, arek nolak oge teu bisa. Tapi….”

“Kunaon Cang?”

“Samemeh kuring paeh, idinan heula menta hiji hal.”

“Naon Cang?”

“Idinan heula kuring neangan dahareun, sakeudeung weh da moal jauh ti dieu. Kuring rek dahar dangdaunan atawa naon we, sukur-sukur ge lamun manggih bonteng.”

“Heug Cang, pamenta maneh anu panungtungan ku kaula ditedunan”.

“Nuhun Maung nua bageur. Ayeuna peureumkeun panon anjeun sakeudeung.”

“Naha? Jeung kudu meureumkeun panon sagala?”

“Enya Ung, jiga ucing sumput, da kuring mah moal bisa lumpat jauh ti anjeun.”

“Heug, Cang! Kaula rek peureum.”

Tuluy sakadang Peucang lumpat sataker kebek.

“Enggeus, Cang?”

“Encaaan…”

“Enggeus, Cang?” ceuk Maung nanya deui.

“Encaaaan….!” tembal Peucang sorana geus hawar-hawar nyirikeun lumpatna geus jauh.

“Enggeus, Cang?”

Ayeuna sakadang Peucang geus teu nembalan deui. Maung gancang muka panonna.

“Hmmm! Kamana Peucang? Boa-boa manehna geus nipu kaula.”

Maung neangan Peucang kaditu kadieu, ngan geus lila naker Peucang can kapanggih keneh.

“Kaula kabobodo…!” ceuk maung bari ngagerem. “Kuduna kaula teu ngagugu omongan si Peucang, kuduna pas kapanggih tadi teh langsung dihakan. Awas siah Cang!”

Tunda carita maung nu keur kutatang koteteng neangan mangsana nu kabur.

Sakadang Peucang tuluy lumampah neangan panyumputan anu buni. Sakapeung sok ngalieuk ka tukang, sieun Maung geus aya di tukangeun.

“Mudah-mudahan si Maung sing nyeri beuteung, nyeri huntu, kacugak, atawa dihakan jurig ambeh teu bisaeun ngudag kuring”, ceuk Peucang ngomong sorangan bari tuluy leumpang rurusuhan.

Kusabab mindeng luak lieuk, Pucang teh jadi malaweung. “Alah, ampir weh kuring nubruk oray nu keur ngagoler.” Peucang ngarandeg.

Peucang ngaso teu jauh ti gigireun oray anu keur kerek nyegrek. Sabot kitu, Peucang tuluy mikir neangan akal.

“Lila-lila Maung pasti bakal manggihan kuring. Tuluy kudu kumaha sangkan kuring bisa ngencar?”

Kacaturkeun Maung anu keur kalaparan.

“Hmmmm! Peucang di mana bangkar warah! Nyumput di mana wae oge moal burung kapanggih siah!”

Teu lila ti harita…

“Tah, ieu gening!” ceuk Maung atoheun pisan dumeh Peucang geus kapanggih.

“Sssstttt!” ceuk Peucang lalaunan, “ulah tarik-tarik teuing, Ung!”

“Rek naon deui? Rek nipu kaula?”

“Lain! Tenang heula!” tembal Peucang.

“Beuteung kaula geus kukurubukan, kaula geus lapar pisan, Cang!”

“Sabar, kuring cicing di dieu sabenerna keur ditugas. Kuring diparentah ku Baginda Nabi Sulaiman.”

“Ulah ngaco! Naon tugas maneh?”

“Hayu ngilu ka kaula,” ceuk Peucang bari ngajak Maung ngadeukeutan Oray nu keur sare.

Saliwat mah oray eta teh  katempona jiga beubeur.

“Cang, ieu mah pan Oray?”

“Wah, bodo anjeun mah. Ieu mah lain oray hirup. Ieu teh beubeur Baginda Nabi Sulaiman, pangawasa sasatoan. Saha nu make beubeur ieu mangka manehna bakal dipikasieun ku sakumna sato di alam dunya.”

“Bae diajaran ku kaula Cang?”

“Ulah…!”

“Lamun teu meunang maneh rek langsung didahar.”

“Heug, sok atuh ari kitu mah.”

“Hmm.. lemes oge ieu beubeur teh” ceuk Maung bari tuluy ngaletakan Oray nu dianggap beubeur tea.

Tapi…

“Maung, bangkarwarah!” Oray harita keneh hudang tina sarena. “Wawanianan anjeun ngaganggu sare kuring.”

Sakilat Oray gede eta meulit kana awak Maung jeung macok kaditu kadieu. Maung embung eleh, manehna oge ngegel beuteung Oray bari nyakar awak Oray. Duanana oko begalan pati.

“Hhihihi!” Peucang nyeungseurikeun, “Kuring teu hayang nyaho saha nu bakal meunang jeung nu bakal hirup. Leuwih hade kuring gancang nyingkah sing jauh ti dieu. Wilujeng kantun Maung nu belegug!”

Baca juga: Dongeng Fabel Bahasa Sunda Goong Nabi Sulaiman.

Sumber dari buku Kumpulan Dongeng si Kancil oleh Adhi Mulyono. Diterjemahkan dan disunting sebagian untuk menyesuaikan dengan kosakata bahasa Sunda.