Dongeng Sasatoan Basa Sunda Goong Nabi Sulaiman

Dongeng Fabel Bahasa Sunda Goong Nabi Sulaiman

3 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Dongeng fabel dalam bahasa Sunda disebut juga dongeng sasatoan, yaitu dongeng yang menceritakan kehidupan binatang atau hewan. Salah satu dongeng fabel yang paling terkenal di Nusantara yaitu kisah si Kancil, dalam bahasa Sunda artinya sakadang Peucang.

Si Kancil merupakan tokoh dongeng fabel yang cerdas. Tubuhnya kecil tapi tidak pernah kehabisan akal untuk mengalahkan binatang-binatang lain yang hendak memangsanya. Salah satu dongeng si Kancil yang menarik ialah dongeng fabel Gong Nabi Sulaiman.

Berikut ini dongeng fabel si kancil, srigala, dan tawon yang berjudul “Gong Nabi Sulaiman” versi Bahasa Sunda. selamat membaca….

Goong Nabi Sulaiman

Di tengah leuweung gonggong simagonggong, aya hiji tangkal kai anu gede naker. Eta tangkal teh jangkung gede jaba hieum, daunna gomplok, dahanna oge ngaroyom jeung loba deuih.

Dina eta tangkal kai teh aya sayang nyiruan. Ti poe ka poe nyiruan teh beuki loba. Lamun eta nyiruan keur ngarumpul deukeuteun sayangna katembong hideung jiga barang anu ngagantung dina dahan.

Basa panon poe keur nyorot kacida panasna, sakadang Peucang lumpat kana handapeun eta tangkal kai. Maksudna mah arek ngadon ngiuhan bari ngareureuhkeun kacape. Bari diuk ngahuleng nyarande kana akar, sakadang Peucang neuteup kaayaan sabudeureunnana. Manehna ngararasakeun segerna diuk handapeun tangkal eta.

Barang tanggah ka luhur, panonna anu seukeut nempo aya barang hideung anu ngagantung luhureun sirahna pisan. Rada lila manehna cicing bari hayoh melongkeun eta barang hideung tea. Waktu aya sababaraha nyiruan hiber nu eunteup kana eta barang hideung manehna kakara sadar, yen eta barang nu ngagantung teh taya lian ti nyiruan nu keur ngarumpul.

Yakin eta teh sayang nyiruan, dina jero hatena aya jorojoy hayang ngasaan madu anu kareueut. “Tapi kumaha cara meunang maduna? lamun diala kitu bae, tangtu nyiruan bakal nyetot.”

Sakadang Peucang ngahuleng ngaragameneng rada lila, mikiran carana anu paling hade pikeun ngala madu. Sabot keur ngahuleng kitu, jol ajag leuweung. Barang nempo awak Peucang anu anu leutik tur mulus, ciduh ajag ngalembereh tina sela-sela huntuna anu seukeut.

“Hmm, tangtu daging maneh ngeunah pisan lamun didahar ayeuna, Peucang!”, ceuk ajag.

Peucang ngadegdeg sieuneun, ngan sato pinter eta nyumputkeun rasa kasieunna.

“Oh, anjeun ajag!”, tembal Peucang. “Jigana poe ieu anjeun keur kalaparan.”

“Bener Cang! Sing rido maneh ku kaula rek dihakan.”

“Berarti anjeun rek maehan kuring?”

“Et mah geus puguh.”

“Tapi kela dagoan… anjeun kudu ngadenge omongan kuring.”

“Naon deui Cang. Kaula geus lapar pisan, ti isuk-isuk can kararaban nanaon.”

“Kuring teh keur ngalaksanakeun tugas!” ceuk Peucang sanggeusna sababaraha detik manggih cara pikeun nyalametkeun diri.

“Tugas naon Cang?” ceuk ajag nanya panasaran.

“Ieu…, kuring dipiwarang ku Nabi Sulaiman pikeun ngajaga goongna.”

“Naon?” tempas ajag. “Maneh dititah nungguan goong Nabi Sulaiman! Di mana goongna?”

“Itu…!” tembal Peucang bari nunjuk kana barang nu ngagantung dina dahan kai. “Itu goong teh kagungan Nabi Sulaiman, anjeunna ayeuna nuju angkat.”

“Ari maneh geus pernah ngadenge sora goong eta Cang?” ajag nanyakeun.

“Komo we atuh!” tembal Peucang. “Sorana halimpu pisan.”

“Cing sok takol, kaula hayang ngadengekeun,” peredih ajag.

“Ulah! ulah!” sakali deui ulah ditakol, ke Baginda Nabi Sulaiman bendu. Kuring embung dihukum alatan ngalanggar parentahna.”

“Sakali weh Cang, piraku maneh embung!” ajag nyedek.

“Embung!” sakadang Peucang keukeuh nolak.

“Lamun kitu, haling ku haula ditakolna,” ceuk ajag.

“Anjeun oge teu meunang sabab teu aya widi Nabi Sulaiman.”

“Hah? Maneh ulah macem-macem Cang. Lamun maneh ngahalang-halang, ayeuna keneh dirontok siah.”

“Ulah atuh!”

“Haling atuh, kaula rek nakol goong.”

“Wah gawat!”

“Gawat kumaha, naon maksudna?”

Peucang nyarita dumareuda, “sabenerna mah goong ieuteh lain wae sorana anu halimpu, tapi singsaha nu nakolna jeung ngadenge sorana bakal dipikasieun ku sato sejen. Hartina manehna bakal jadi raja di ieu leuweung.”

Ngadenge kitu, ajag beuki panasaran. Manehna ungas-ingus rek ngarontok sakadang Peucang.

Peucang sieuneun, jigana ajag lain heureuy. “Heug ari anjeun maksa mah! Tapi dagoan heula! Kusabab kuring embung narima hukuman ti Nabi Sulaeman, kuring rek indit heula. Ke mun kuring geus jauh, pek eta goong takol ku anjeun.”

“Panuju Cang!” tembal ajag. “Lamun kitu, jung buru gera nyingkah!”

“Wilujeng kantun lur! mudah-mudahan anjeun bisa ngadenge halimpuna sora goong eta,” ceuk Peucang.

Sakadang peucang tuluy ngabecir lumpat. Sihoreng si Peucang teh teu tuluy lumpat jauh ti dinya, tapi ngadon nyumput dinu buni.

Sanggeus ngira-ngira si Peucang inditna geus jauh, ajag tuluy nyokot regang anu ngagoler dina taneuh. Manehna ngadeukeutan barang anu dianggap goong tea. Teu antaparah, habek we eta barang hideung teh dibabuk. “Bek..! bek..!”. Ajag mabuk eta barang nu dianggap goong tarik naker, meunang dua kali.

Harita keneh goong anu saenyanamah nyiruan anu keur ngarumpul teh ngahiung napsu. Ajag reuwaseun kacida. Manehna karek sadar yen nu dibabuk teh lain goong, tapi sayang nyiruan. Nyiruan-nyiruan nyerang ka ajag.

“Peucang, atah warah siah geus nipu ka aing!”, ajag gogorowokan nyerieun diseureudan ku nyiruan. Manehna langsung lumpat ninggalkeun tempat eta, sabab sieuneun diseureud ku nyiruan nu leuwih loba.

Sakadang Peucang anu keur nyumput di tukangeun rungkun ngan ukur seuri leutik nempo kajadian nu kaalaman ku ajag. Manehna atoheun pisan sabab kahayangna ngala madu, sakeudeung deui bakal tikenanan.

Basa sayang nyiruan dibabuk ku ajag, loba pisan madu anu awur-awuran kana taneuh. Sanggeus nyiruan tenang deui, sakadang Peucang ngadeukeutan tempat eta baru ngaletakan madu anu kacida ni’matna.

Keur ngeunah-ngeunahna ngadahar madu, teu sadar aya nyiruan eunteup dina irungna bari tuluy nyetot. “Aduh…!” sakadang Peucang ngoceak bari ajret-ajretan nyerieun.

Si Peucang ngarasakeun kanyeri anu kacida. Bari nahan kanyeri, manehna indit ninggalkeun eta tempat.

***

Baca juga: Dongeng Bahasa Sunda Beubeur Nabi Sulaiman

Dongeng fabel bahasa Sunda Goong Nabi Sulaiman tadi menceritakan kisah kancil, srigala, dan tawon. Kancil sedang duduk berteduh di bawah pohon rindang, saat melihat ke atas terlihat ada benda hitam menggantung. Lama kelamaan ia sadar bahwa benda hitam itu adalah gerombolan tawon. Ia ingin sekali menikmati madunya, tapi bingung bagaimana cara mengambilnya. Jika diambil begitu saja, pasti tawon akan menyengatnya.

Tiba-tiba, datanglah srigala yang ingin memangsanya. Tapi kancil tidak pernah kehabisan akal, dia mengatakan bahwa dirinya sedang ditugasi menunggu gongnya Nabi Sulaiman. Srigala penasaran ingin mendengar suara gong tersebut. Apalagi setelah kancil mengiming-imingi, siapa saja yang memukul dan mendengar suara gong yang merdu itu akan ditakuti oleh binatang lain.

Karena terus memaksa, srigala akhirnya dibiarkan memukul benda hitam yang dianggap gong itu. Kancil berlari kemudian bersembunyi tidak jauh dari situ, tanpa sepengetahuan srigala.

Srigala memukul benda yang dianggap gong. Seketika, gerombongan tawon menyerangnya. Srigala baru sadar, ternyata yang dipukulnya itu bukan gong tapi sarang tawon. Ia berlari meninggalkan tempat itu karena tidak mau terus disengati tawon dengan perasaan marah kepada Kancil.

Setelah srigala pergi, kancil mendekati pohon tadi karena di bawahnya banyak madu berceceran. Saat sedang asyik menyantap madu, kancil tidak sadar ada tawon yang hinggap di hidungnya dan menggigitnya. Kancil kesakitan, lalu pergi meninggalkan tempat itu.

Sumber dari buku kumpulan dongeng si Kancil oleh Adhi Mulyono. Diterjemahkan dan disunting sebagian untuk menyesuaikan dengan kosakata bahasa Sunda.