Dongeng Sangkuriang Bahasa Sunda dan Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

  • Whatsapp
Dongeng Sangkuriang Bahasa Sunda

SUNDAPEDIA.COM, Dongeng Sangkuriang akan selalu bersamaan dengan sasakala Gunung Tangkuban Parahu. Sebab, dalam cerita legenda ini disebutkan Gunung Tangkuban Parahu merupakan perahu yang ditendang Sangkuriang hingga terbalik.

Isi cerita dongeng Sangkuriang adalah mengisahkan seorang anak yang jatuh cinta pada ibunya sendiri. Ibunya yang bernama Dayang Sumbi menolak dengan memberikan syarat yang berat. Syaratnya harus membuat perahu dan telaga dalam satu malam.

Seperti apa ceritanya?

Berikut ini dongeng Sangkuriang dalam bahasa Sunda.

Kacaritakeun di kayangan aya sapasang déwa jeung déwi anu nyieun kasalahan. Tuluy Sang Hyang Tunggal ngahukuman ka éta déwa déwi ku cara diturunkeun ka alam dunya kalawan wujud sato.

Déwa dikutuk jadi anjing anu dingaranan si Tumang. Sedengkeun déwi jadi begu atawa céléng, ngaranna Céléng Wayung Hyang atawa Wayungyang. Éta déwa déwi téh tapa bari ménta ka Sang Hyang Tunggal supaya dibalikeun deui kana wujud asalna.

Kakocapkeun aya hiji raja anu jenenganna Sungging Perbangkara keur moro di leuweung. Éta raja téh kahampangan tuluy diwadahan dina daun caring. Ceuk sawaréhna aya ogé nu nyebutkeun diwadahan kana batok.

Cai kiih raja téh diinum ku Wayungyang. Alatan ngimum cikiih raja téa, anéh bin ajaib Wayungyang tuluy ngalahirkeun orok awéwé geulis pisan.

Éta orok téh kapanggih ku raja tuluy dibawa ka karaton jeung dibéré ngaran Dayang Sumbi. Dayang Sumbi beuki gedé kawalan manéhna jadi awéwé anu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina. Para ratu mikayungyung mara ménak mikaresep.

Malah loba pisan raja jeung pangéran anu datang ngalamar. Ngan saurang gé euweuh nu ditarima ku Dayang Sumbi. Antukna para raja téh parasea jeung baturna.

Dayang Sumbi ménta disingkurkeun ka hiji pasir. Manéhna dibaturan ku anjing anu ngaranna si Tumang. Dina hiji mangsa Dayang Sumbi keur nenun, torompongna ragrag. Manéhna embung nyokot, tuluy waé nyarita bari teu dipikirkeun heula.

Jangjina, sing saha nu mangnyokotkeun éta torompong, lamu lalaki rék dijieun salaki, lamun awéwé rék dijieun dulur.

Si Tumang nyokot éta torompong tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Daék teu daék Dayang Sumbi kudu nohonan jangjina. Manéhna antukna ngawin si Tumang.

Dina bulan purnama, si Tumang téh bisa robah jirim jadi wujud aslina nyaéta déwa anu kasép ngalempéréng konéng. Dayang Sumbi ngimpi sapatemon jeung déwa anu kasép, tug padahalmah éta téh wujud asli si Tumang.

Dayang Sumbi tuluy boga anak lalaki ngaranna Sangkuriang. Éta budak téh kasép jeung kuat kacida.

Hiji waktu Dayang Sumbi hayang ati mencek, manehna nitah Sangkuriang jeung si Tumang pikeun moro ka leuweung.

Geus sakitu lilana moro, Sangkuriang can meunang kénéh waé. Anu akhirna Sangkuriang nempo céléng meni lintuh lumpat. Sangkuriang nitah si Tumang ngudag éta céléng, ngan si Tumang teu ngagugu kusabab manéhna nyahoeun éta céléng téh Wayungyang, ninina Sangkuriang.

Sangkuriang ambek tur bingung. Teu antaparah deui si Tumang dipeuncit tuluy diala atina. Dayang Sumbi ngadahar ati bangun nikmat. Ngan saenggeusna nyaho ati anu didahar téh ati si Tumang, Dayang Sumbi kacida ambekna.

Sangkuriang ditakol tarangna ku cukil tina batok, tuluy Sangkuriang indit ti imah. Dayang Sumbi kaduhung kareureuhnakeun, manéhna nyusul néangan Sangkuriang ngan nu ditéangan geus lunta jauh.

Dayang Sumbi ménta ka Sang Hyang Tunggal sangkan dipanggihkeun deui jeung anakna. Manéhna ogé tapa bari mutih, saukur ngadahar dangdaunan jeung lalab atah.

Ti harita Sangkuriang aprak-aprakan ngalalana ngurilingan dunya, guguru ka nu sakti. Sababaraha tahun gé Sangkuriang ngajanggélék jadi pamuda anu sakti mandraguna. Sanggeus sakitu lilana lumampah ka tebéh kulon, antukna anjog deui ka wétan.

Sangkuriang patepung deui jeung Dayang Sumbi. Ngan teu nyahoeun yén étatéh indungna, kusabab kaayaan Dayang Sumbi angger ngora jeung geulis. Sihoréng éta téh balukar tina tapa jeung mutih. Dayang Sumbi ogé can nyahoeun pamuda kasép éta éeh Sangkuriang, anakna.

Dayang Sumbi jeung Sangkuriang tuluy silih pikacinta. Dina hiji mangsa, nalika Sangkuriang keur léléndéan, ku Dayang Sumbi disisiran buukna. Teu dihaja Dayang Sumbi manggih céda urut ditakol dina sirah Sangkuriang.

Dayang Sumbi kagét kusabab éta lalaki nu dipikacinta téh gening anakna. Ku Dayang Sumbi dicaritakeun anu saenyana. Ngan Sangkuriang keukeuh hayang ngawin Dayang Sumbi.

Dayang Sumbi satékah polah nolak kahayang Sangkuriang. Antukna nyieun siasat, méré tanjakan pikeun nyieun parahu jeung talaga dina waktu sapeuting ku cara mendet Citarum. Ku Sangkuriang disanggupan.

Sangkuriang dibantuan ku dedemit migawé sarat anu dipénta ku Dayang Sumbi. Parahu dijieun tina tangkal kai anu gedé ti belah kulon. Régangna ditambrukeun di belah wétan.

Liwat tengah peuting talaga jeung parahu téh ampir jadi. Dayang Sumbi tagiwur, inggis talaga jeung parahu anggeus dina peuting harita.

Dayang Sumbi ngadua tuluy mébérkeun boéh bodas di belah wétan. Boéh téh ngaluarkeun cahaya ngempur lir ibarat fajar. Tuluy nakolan lisung niru-niru nu keur nutu isuk-isuk.

Para dedemit lalumpat kabur, Sangkuriang kacida napsuna. Parahu anu ampir anggeus ditalapung nepika hiber tuluy nangkub di belah girang ngajanggélék jadi Gunung Tangkuban Parahu.

Talaga dibedahkeun nepika saat kiwari cenah jadi dayeuh Bandung. Atuh cocokna dicokot tuluy dialungkeun ka kulon robah jadi Gunung Manglayang. Sedengkeun liang Citarum ngaranna nelah nepika ayeuna Sanghyang Tikoro.

Dayang Sumbi diudag-udag ku Sangkuriang nu geus ilang akal séhatna. Dayang Sumbi ampir beunang katéwak di Gunung Putri ngan kaburu ngadu’a ka Sang Hyang Tunggal supaya disalametkeun. Antukna Dayang Sumbi rubah jirim ilang warna jadi kembang jaksi. Sedengkeun Sangkuriang leungit (ngahiyang) sanggeus nepi ka Ujung Berung.

Baca juga:

Cerita Sangkuriang dan Legenda Gunung Tangkuban Parahu (B. Indonesia)

Cerita Singkat Sangkuriang (Ringkasan)

Cerita Sangkuriang tadi bisa juga disebut dongeng sebab di dalamya banyak kejadian-kejadian di luar nalar. Dongeng Sangkuriang dan sasakala Gunung Tangkuban Parahu terus jadi carita rakyat Jawa Barat yang turun temurun hingga kini.

Pos terkait

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *