SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Dongeng sasatoan basa Sunda, dalam bahasa Indonesia disebut dongeng binatang atau fabel. Salah satu dongeng sasatoan yang menarik untuk dibaca ialah kisah tentang si Kancil atau dalam bahasa Sunda disebut sakadang Peucang.
Di bawah ini dongeng sasatoan yang menceritakan sakadang Peucang dan begu (babi hutan) yang sombong.
Selamat membaca…
Sakadang Peucang jeung Begu Sombong
Di hiji leuweung aya sakadang begu anu kacida gede jeung lintuh. Sukuna kuat, sihung dina sungutna seukeut jeung panjang. Manehna teh jadi raja di eta leuweung.
Eta begu teh pada mikasieun ku sasatoan sejenna. Euweuh hiji sato oge nu kumawani. Ajag teu wanieun nangtang, dalah maung anu katelah galak oge teu sanggupeun ngelehkeun eta begu. Teu aneh, alatan kuat jeung can pernah aya nu bisa ngelehkeun, eta begu teh dinobatkeun jadi Raja Begu. Ngan sombongna nataku.
Hiji mangsa Raja Begu teh leumpang ngaliwat ka deukeut riungan sasatoan sejenna. Manehna pok nyarita, “Sok, saha nu wani ngalawan aing.”
Ngadenge kitu, hiji sato oge euweuh nu kemek, estuning jempling kawas gaang katincak. Kabeh oge sarieuneun.
Kalawan adigung adiguna, eta begu teh nembongkeun kakuatanna. Tangkal buah didupak, tangkal jambu ditubruk nepika awut-awutan, taneuh disungkur nepi ka acak-acakan. Manehna ngarasa aing uyah kidul sabab euweuh deui lawan anu sanggup nandingan kakuatannana.
Keur kitu, torojol sakadang Peucang. Raja Begu nyarita, “Hey sato leutik, ti mana wae silaing?”
“Tas ulin neangan hawa seger,” tembal Peucang.
“Naha silaing teu ngajakan dewek?” ceuk Raja Begu.
“Ulin sorangan leuwih laluasa, naha bet kudu ngajakan anjeun? jawab Peucang.
Ngadenge ucapan Peucang kitu, Raja Begu ngarasa kasinggung. Manehna teu nyangka sato leutik kumawani ngaremehkeun manehanana. Padahal salila ieu euweuh hiji sato oge di leuweung eta nu kumawani.
“Naon siah?” ceuk Raja Begu ambek. “Naha silaing can nyaho yen dewek teh raja leuweung anu pada mikasieun? Kumawani nyarita kitu, silaing teu sieun ku dewek?”
“Saha nu sieun!” ceuk Peucang. “Naha kuring jeung kudu sieun ku anjeun sagala? Apanan kakuatan anjeun mah biasa wae teu beda jeung sato sejenna.”
Raja Babi pohara napsuna ngadenge omongan sakadang Peucang kitu teh. Beungeutna ngembang wera bakating ku amarah.
Napsuna geus teu kaampeuh, “Dasar sato leutik belegug siah! Geus waktuna ayeuna aing ngasaan daging sia anu gurih!” ceuk Raja Begu napsu kacida.
“Heug bae ari anjeun hayang daging kuring mah. Tapi saratna anjeun kudu bisa ngelehkeun kuring dina pertandingan anu bakal dilaksanakeun poe isuk di dieu,” ceuk Peucang nangtang.
“Isuk urang tanding nangtukeun saha nu leuwih kuat, kuring atawa anjeun? Lamun anjeun nu meunang, sok bae dahar daging kuring. Ngan lamun kuring nu meunang, mangka anjeun kudu tunduk ka kuring jeung kudu ngaku yen kuring anu paling kuat di leuweung ieu.”
“Hade pisan usul maneh teh Cang!” ceuk Raja Begu nyatujuan kana panangtang Peucang.
Kabeh sato nu aya di dinya baralik ka kandangna sewang-sewangan. Isukan maranehna bakal baralik deui ka tempat eta pikeun lalajo pertandingan Raja Begu jeung si Peucang.
Naha enya si Peucang rek sosoroh kojor ngalawan begu? Lain. Kitu soteh manehna pedah geus boga cara pikeun ngelehkeun begu. Dua poe katukang Peucang geus nyieun kedok anu nyarupaan dirina. Lain kedok sambarangan, bahanna oge dijieun tina kai anu teuas. Ku leukeun jeung ulet mah, eta kedok teh ahirna anggeus oge.
Kedok eta teh sarimbag pisan jeung beungeut si Peucang. Lamun isuk dipake teh, Raja Begu moal bisaeun ngabedakeun. Peuting harita si Peucang istirahat ngumpulkeun tanaga bari ngalemesan kedok ngarah sarua pisan jeung beungeutna.
Isuk-isuk kabeh sasatoan geus ngarumpul di tempat anu kamari. Maranehna geus teu sabar hayang geura ninggali pertandingan anu langka. Raja Begu datang tiheula, disambut ku sasatoan anu sarurak. Teu lila kurunyung Peucang datang, ger deui kabeh sato sarurak.
“Hidup Raja Begu…! Hidup si Peucang…!”
Sanggeus dibere aba-aba ku sakadang gajah, pertandingan dimimitian. Begu langsung sesegrok jeung nyamber si Peucang ku babangusna. Si Peucang reureuh teu ngagiwar, kalawan tenang nyambut samberan Raja Begu.
Mimitina mah si Peucang teh ngajungkel sababaraha jungkelan ku samberan Raja Begu. Ngan manehna geuwat hudang deui nangtang si Raja Begu. Sedengkeun Raja Begu ngarasa nyeri kacida palebah babangusna. Teu nyangka tetela sirah si Peucang kacida teuasna.
Kusabab panasaran, Raja Begu narajang deui ka si Peucang. Peucang ngacleng, ngan hudang deui bari tuluy nangtang. Lila-lila babangus Raja Begu ledeh jeung bared di mana-mana. Sedengkeun Peucang mah katempona seger keneh.
Raja Begu ngarasa babangusna nyeri pisan, anu ahirna manehna teu sanggup nuluykeun pertandingan. Sahingga si Peucang dinobatkeun jadi juara, jeung Raja Begu kudu ngaku si Peucang leuwih kuat ti dirina.
***
Baca juga: Dongeng Binatang Bahasa Sunda Kancil Mengalahkan Harimau
Dongeng sasatoan bahasa Sunda Peucang Ngelehkeun Raja Begu di atas menceritakan seekor babi hutan yang sangat kuat dan ditakuti di hutan itu sehingga dinobatkan jadi Raja Babi. Namun ia punya sifat sombong.
Suatu ketika, Raja Babi menantang hewan-hewan yang sedang berkumpul, namun tak ada satu pun yang berani menjawab. Semuanya ketakutan.
Tiba-tiba datanglah si Kancil menghampiri. Raja Babi marah kepada Kancil karena ketika ditanya, jawaban sang kancil dianggap menyinggung dirinya. Raja Babi ingin menerjang dan memakan daging si Kancil, tapi si Kancil tidak kehabisan akal.
Si Kancil mau dimakan babi hutan dengan syarat babi itu dapat mengalahkan dirinya. Kancil menantang Raja Babi untuk bertanding esok harinya, Raja Babi pun setuju.
Kancil berani menantang babi hutan rupanya sudah punya cara, dia membuat topeng yang bagus dari kayu keras. Keesokan harinya, sang gajah memberi aba-aba tanda pertandingan dimulai. Babi menyeruduk Kancil, namun Kancil diam saja tidak menghindar. Kancil terjatuh namun langsung bangkit lagi, sementara Raja Babi kesakitan pada bagian moncongnya. Sampai akhirnya, Raja Babi menyerah karena moncongnya sakit parah.
Si Kancil akhirnya dinobatkan jadi binatang terkuat di hutan itu.
Sumber dari buku kumpulan dongeng si Kancil oleh Adhi Mulyono. Diterjemahkan dan disunting sebagian untuk menyesuaikan dengan kosakata bahasa Sunda.