SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Dongeng sasatoan atau dongeng fabel bahasa Sunda dan artinya. Judul dongeng Sunda sasatoan kali ini adalah “Ajag Nangtang Jelema”, artinya “Serigala Menantang Manusia”.
Dongeng binatang ini menceritakan seekor kancil, binatang cerdik yang akan dimakan oleh serigala. Namun karena kecerdikannya, kancil berhasil mengelabui serigala.
Awalnya kancil memuji serigala lebih hebat daripada harimau. Namun kata kancil masih ada makhluk yang lebih hebat dari serigala, yaitu manusia.
Dikatakan oleh kancil, manusia tidak punya taring dan kuku yang tajam tapi punya senjata akal yang lebih hebat dari taring dan kuku serigala.
Serigala marah dan penasaran. Mereka berdua bersembunyi di baling rumpun, menunggu makhluk yang namanya manusia lewat.
Karena kesombongan serigala, akhirnya ia mati ditembak pemburu.
Mau tau cerita lengkapnya? Silakan simak dongeng bahasa Sunda tentang sasatoan yang berjudul “Ajag Nangtang Jelema” di bawah ini.
“Ajag Nangtang Jelema”
Usum katiga kawilang panjang, atuh panon poé ogé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh.
Di hiji rungkun peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta, geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun.
Awakna begang kari kulit jeung tulang, leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung.
“Ieu geuning hakaneun aing téh,” ceuk ajag, “Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik . . .” pokna deui bari angger babaung.
Sakadang peucang reuwas nataku, tapi gancang mindingan kareuwasna.
“Duh . . . boro-boro mun bisa lumpat, leumpang ogé geus teu kuat. Seug komo anjeun mah kapan mahluk anu pohara gagahna . . . ”
Pohara bungahna ajag ngadéngé omongan peucang kitu téh. “Ari jeung Si Coréléng?” ceuk Ajag, maksudna hayang ngabandingkeun jeung maung.
“Enya ogé kasebutna raja leuweung . . . kuring mah wani nyekel anjeun . . .”
“Maksudna?”
“Enya . . . lamun téa mah anjeun tarung jeung maung, anjeun nu bakal meunang,” témbal peucang.
“Naha? Kapan geus katotol tukang nekukan sapi . . . munding . . .”
“Sapi jeung munding ditekukan, da puguh teu boga sihung teu boga kuku . . . Ari anjeun? Sihung boga, huntu karuat, kuku sareukeut, awak wedel . . . geus karuhan lumpat mah leceng. Da puguh anjeun mah ditakdirkeun boga awak alus, henteu ngagibleg! Sedeng Si Coréléng mah kapan anjeun gé apal, kalah awak baé nambru ari gawé ngan heuay jeung héés, najan boga sihung gé . . . ”
Teu kaampeuh bungahna ajag ngadéngé omongan peucang. Terus babaung némbongkeun huntuna nu ranggéténg. Jurungkunung ngangkat dua sukuna nu hareup, némbongkeun kasombonganana.
“Tapi . . . ,” omong peucang, ngarandeg, “Aya nu leuwih kuat ti anjeun . . .”
“Hah?! Saha? Sato naon? Pok geura sebutkeun!” témpas ajag, mudigdig ambek.
“Jelema,” jawab peucang, leuleuy.
“Baruk jelema . . . Jiga kumaha mahluk nu disebut jelema téh? Sabaraha hiji sukuna? Naha sarua kitu boga sihung jeung huntu karuat jiga aing?”
“Henteu . . . henteu boga sihung . . . henteu boga kuku seukeut, malah sukuna ogé dua . . .”
“Hahahaaa . . .” ajag seuri ngeunah, “Atuh sakali nekuk ogé ngarumpuyuk. Seug komo sukuna dua mah . . . alah naon kakuatanana,” omong ajag, ngéjék.
“Enya ku kitu téa mah, tapi jelema mah boga pakarang nu leuwih ampuh ti sihung.”
“Naon? Naon pakarangna?”
“Akal . . .jelema mah boga akal!” jawab peucang.
“Naon ari akal téh? Naha leuwih seukeut jeung kuat ti huntu jeung kuku aing? Ayeuna mah montong loba bacot . . . gancang aing tepungkeun jeung nu ngaran jelema,” omong ajag. Awahing ku ambek ngadéngé aya nu leuwih gagah ti dirina, lat baé poho yén manéhna téh keur nyanghareupan kadaharan nu girinyih nyatana peucang.
“Hésé nerangkeunana akal mah. Ayeuna mah hayu baé urang buktikeun,” ceuk peucang.
Peucang kaluar tina rungkun, dituturkeun ku ajag anu teu weléh babaung. Barang tepi ka jalan satapak, paragi liliwatan jelema. Randeg peucang ngarandeg.
“Tah, di dieu jelema téh sok ngaliwatna. Ayeuna mah hayu urang nyumput di nu suni, urang intip ti kajauhan,” ceuk peucang deui.
Peucang jeung ajag nyarumput, buni naker.
“Mana jelema téh! Aing geus teu sabar hayang nekuk . . .” ceuk ajag, kakara gé sup asup kana panyumputan.
Teu kungsi lila rentang-rentang katénjo aya budak leutik leumpang, ngagandong tas, bajuna bodas-beureum, balik sakola jigana mah.
“Itu jelema téh? Ayeuna siah ku aing digabrug,” omong ajag bari tibuburanjat rék kaluar tina panyumputan.
“His! Lain, lain jelema éta mah!” jawab peucang.
“Geuning ituh sukuna dua . . .” ceuk ajag.
“Lain . . . lain jelema! Éta mah pijelemaeun. Ké, sabar . . . sakeudeung deui gé ngurunyung.”
Sabot budak leungit tina panénjo peucang jeung ajag, rentangrentang témbong aki-aki maké iteuk.
“Itu meureun, nya?” ceuk ajag, awas naker.
“Éta gé lain deuih . . .” témbal peucang, “Tuh, geuning sukuna ogé tilu. Lain jelema, lain!”
“Lamun kitu anjeun ngabohong!” témpas ajag.
“Ké . . . sabar lanan,” peucang angger leuleuy.
Teu sawatara lila, ti kajauhan témbong paninggaran, mawa bedil.
“Tuh, lamun itu enya jelema . . .” omong peucang, “Pék kainyah geura pegat!”
Teu loba omong, gajleng ajag kaluar tina panyumputan muru ka jalan. Ngajega bari babaung di tengah jalan. Barang nénjo aya ajag babaung, paninggaran ngarandeg, rikat ngokangkeun bedilna.
“Aéh, aéh rék narajang siah . . .” ceuk paninggaran. Dorrr! Sora bedil minuhan leuweung. Bareng jeung beledagna bedil, ajag ngudupruk, getih ulaweran. Nguk . . . nguuuk . . .kusek! Harita kénéh ajag paéh. Lantaran jelema mah teu beukieun daging ajag, atuh diantep baé ngajoprak di jalan.
Sanggeus paninggaran indit, kurumuy peucang kaluar tina panyumputanana. Nyampeurkeun.
“Matak ogé ulah sombong, asa aing panggagahna . . .” ceuk peucang bari nokér bugang ajag ku sukuna. Geus kitu mah léos baé indit.
Sumber: Buku Pamekar Diajar Bahasa Sunda kelas VII Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat
Terjemahan dongeng Sunda sasatoan “Serigala Menantang Manusia”
Musim kemarau terbilang panjang, matahari juga terasa panas terik. Rerumputan tidak ada yang tumbuh, pada pirang perlahan mati.
Di sebuah rumpun kancil berteduh seperti yang malas bergerak, sepertinya sudah tidak kuat karena dari pagi belum makan apapun.
Tubuhnya kurus tinggal kulit dan tulang, jalannya sudah gontai. Ketika sedang memikirkan nasibnya, tidak ketahuan dari mana asalnya tiba-tiba datang seekor serigala menghampiri sambil mengaung.
“Ternyata ini makanan saya itu,” kata serigala, “Awas, kancil, kamu jangan berpikir lari. Ke mana pun pasti dikejar…” tambahnya sambil tetap mengaung.
Seekor kancil sangat terkejut, tapi cepat menutupi rasa kagetnya.
“Duh… boro-boro bisa lari, berjalan juga sudah tidak kuat. Apalagi kamu kan makhluk yang sangat gagah…”.
Begitu senangnya serigala mendengar perkataan kancil seperti itu. “Kalau dengan Si Belang?” kata serigala, maksudnya ingin membandingkan dengan harimau.
“Meskipun disebutnya raja hutan… saya tetap berani pegang kamu…”
“Maksudnya?”
“Iya… kalau kamu bertarung dengan harimau, kamu yang akan menang,” jawab kancil.
“Kenapa? Kan sudah terkenal suka menerkan sapi… kerbau…”
“Sapi dan kerbau diterkam, karena jelas tidak punya taring tak punya kuku… Sedangkan kamu? taring punya, gigi kuat-kuat, kuku tajam, tubuh kuat… sudah jelas larimu cepat. Sudah jelas kamu ditakdirkan punya tubuh bagus, tidak montok! Sedangkan Si Belang kan kamu juga tahu, malah tubuhnya saja besar tapi kerjanya cuma menguap dan tidur, meskipun punya taring juga…”
Tidak tertahan gembiranya serigala mendengar perkataan kancil. Terus mengaung menunjukkan giginya yang kuat. Kemudian mengangkat dua kakinya ke depan, menunjukkan kesombongannya.
“Tapi….,” kata kancing, berhenti sejenak, “Ada yang lebih kuat dari kamu…”
“Hah?! Siapa? Binatang apa? segera sebutkan!” potong serigala, marah.
“Manusia,” jawab kancil, pelan.
“Ternyata manusia…. Seperti apa makhluk yang disebut manusia itu? Berapa kakinya? Apakah sama punya taring dan gigi kuat sepertiku?”
“Tidak… tidak punya taring… tidak punya kuku tajam, malah kakinya juga dua…”
“Hahahaha…” serigala tertawa enak, “Kalau begitu sekali menerkam juga bertekuk. Apalagi kakinya cuma dua… alah apa kekuatannya,” kata serigala meledek.
“Memang betul begitu, tapi manusia itu punya senjata yang lebih ampuh dari taring.”
“Apa? Apa senjatanya?”
“Akal… manusia itu punya akal!” jawab kancil.
“Apa akal itu? Apakah lebih tajam dan kuat dari gigi dan kuku saya? Sekarang jangan banyak bicara… cepat pertemukan saya dengan yang namanya manusia,” kata serigala. Kelewat marah mendengar ada yang lebih gagah darinya, ia lupa sedang menghadapi makanan yang lezat yaitu kancil.
“Susah menjelaskannya akal itu apa. Sekarang ayo kita buktikan,” kata kancil.
Kancil keluar dari rumpun, diikuti oleh serigala yang tidak henti-hentinya mengaung. Ketika tiba ke jalan setapak, tempat berjalannya manusia. Kancil berhenti.
“Nah, di sini manusia suka lewatnya. Sekarang mari kita bersembunyi di tempat yang rimbun, kita intip dari kejauhan,” kata kancil.
Kancil dan serigala bersembunyi, sangat tersembunyi.
“Mana manusia itu! Saya sudah tidak sabar ingin menerkam…” kata serigala, baru juga masuk ke persembunyian.
Tidak lama kemudian kelihatan ada anak kecil berjalan, menggendong tas, bajunya putih-merah, sepertinya pulang sekolah.
“Itu yang namanya manusia? Sekarang kamu saya terkam,” kata serigala sambil cepat-cepat mau keluar dari persembunyian.
“His! bukan, itu bukan manusia!” jawab kancil.
“Itu kan kakinya dua….” kata serigala.
“Bukan… bukan manusia! Itu cikal bakal manusia. Tunggu, sabar… sebentar lagi juga datang.”
Sementara anak itu hilang dari penglihatan kancil dan serigala, dari kejauhan terlihat kakek-kakek memakai tongkat.
“Itu kali, ya? kata serigala, sangat jeli.
“Itu juga bukan lagi…” jawab kancil, “Tuh, kelihatan kakinya juga tiga. Bukan manusia, bukan!”
“Kalau begitu kamu berbohong!” jawab serigala.
“Tunggu… sabar dulu,” kancil tetap lembut.
Tidak lama kemudian, dari kejauhan kelihatan pemburu, membawa senapan.
“Tuh, kalau itu betul manusia….” kata kancil, “Silakan cegat!”
Tidak banyak bicara, serigala loncat keluar dari persembunyian menghampiri jalan. Berdiri sambil mengaung di tengah jalan. Ketika melihat serigala mengaung, pemburu berhenti, cepat menodongkan senapannya.
“Eh, eh mau menyerang kamu…” kata pemburu. Dorrr! suara senapan memenuhi hutan. Bersamaan dengan suara senapan, serigala terjatuh, darah bercucuran. Nguk…nguuuk… seketika itu serigala mati. Karena manusia tidak suka makan daging serigala, ya dibiarkan saja tergelatak di jalan.
Setelah pemburu pergi, kancil keluar dari persembunyiannya. Menghampiri.
“Makanya jangan sombong, merasa diri paling gagah…” kata kancil sambil menyentuh jasad serigala dengan kakinya. Setelah itu, kancil pun pergi.
Pelajaran yang bisa dipetik dari dongeng “Ajag Nangtang Jelema”
Dongeng tadi mengandung cermin, sikap dan perbuatan serigala yang tidak boleh ditiru. Serigala digambarkan punya watak sombong, merasa paling gagah, dan ingin dipuji. Ia juga gegabah tidak punya pertimbangan matang sehingga dengan mudah bisa dikelabui oleh binatang yang sudah lemah tidak berdaya.
Yang sombong dan tidak punya pertimbangan suatu saat akan celaka oleh tingkah lakunya sendiri.
Baca juga: Cerita Sangkuriang dan Legenda Gunung Tangkuban Parahu
Demikianlah, semoga bermanfaat.