SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Dongeng Sunda sasatoan atau fabel bahasa Sunda yang paling terkenal dan turun temurun salah satunya cerita tentang sakadang Peucang. Arti sakadang peucang dalam bahasa Indonesia adalah seekor kancil atau sang kancil.
Kancil merupakan tokoh dongeng sasatoan yang memiliki karakter cerdik dan gembira. Meskipun tubuhnya kecil tapi dia tidak pernah kehabisan akal untuk melepaskan diri dari ancaman binatang buas. Bahkan melepaskan diri dari manusia.
Dongeng binatang bahasa Sunda tentang si Kancil ini termasuk dongeng yang populer. Ceritanya pun bermacam-macam. Dulu, jauh sebelum ada hiburan modern seperti sekarang, orang tua suka membacakan dongeng sebelum tidur kepada anak-anaknya. Tidak hanya di tatar Sunda, di daerah lain juga sama.
Pada postingan ini saya bagikan kumpulan dongeng sasatoan yang menceritakan si Kancil. Dongeng binatang bahasa Sunda ini terdiri dari beberapa judul yang saling berkaitan atau bersambung dari cerita satu dengan lainnya.
Selamat membaca…
Dongeng Sunda ‘Sakadang Peucang, Pa Tani jeung Anjing’
Isuk-isuk harita langit bengras, panon poe nyorot endah pisan. Pa Tani indit ka sawah manggul pacul bari katempo meni gumbira.
“Kuring rek nempo kebon bonteng, sugan we isuk geus bisa diala.” Pa Tani ngagereneng.
Tapi… sanggeus nepi ka kebon bonteng, Pa Tani reuwas kacida. Bonteng di kebonna loba nu ruksak.
“Aduh! Saha nu geus ngaruksak kebon bonteng kuring. Naha bet diruksak, mun hayang mah kari ngala da kuring mah lain patani buntut kasiran.”
Pa Tani balik ka imahna bari keuheul. Manehna ngira-ngira sato naon nu resepeun ngahakan bonteng.
“Emh, moal salah ieu mah pasti sakadang Peucang,” ceuk Pa Tani ngagereneng.
Pa Tani nenangan akal keur newak sakadang Peucang. Manehna nyieun bebegig tuluy ditapelan leugeut anu kacida rapetna.
Pasosore bebegig geus anggeus dijieun. Tuluy dipasangkeun di kebon bonteng.
“Kuring nyaho, sakadang peucang teh sato pinter, manehna bakal moyok ieu bebegig. Tapi rasaekeun we siah.” Gerentes Pa Tani dina jero hatena.
Bener we, peutingna sakadang Peucang datang ka kebon bonteng. Manehna seuri sinis nempo bebegig nu ngabedega di kebon.
“Teu sieun, ngan saukur bebegig.”
Tulluy sakadang Peucang ngala bonteng anu ngarora. Sihoreng sakadang Peucang teh ngala bontengna teu loba, ngan tilu siki oge manehna geus ngarasa seubeuh. Manehna oge teu ngaruksak kebon bonteng.
Geus seubeuh dahar bonteng, sakadang Peucang nyampeurkeun bebegig. Sipat jailna bijil, babageg ditajong ku suku hareup katuhuna.
“Aduh, kunaon bet napel!”, sakadang Peucang ngagorowok reuwaseun.
“Hey bebegig! Lesotkeun suku aing siah! Lamun henteu, ditejeh deui siah!”
Bebegig teh reureuh bae teu ngawaro dan geus puguh lain mahluk hirup. Peucang nejeh deui bebegig ku suku kencana.
Jekok! Suku kencana najong bobokong bebegig.
Ayeuna dua suku hareup Peucang napel kana bebegig. Sapeupeuting manehna ceurik ngadingdiut alatan teu bisa ngalesotkeun maneh tina bebegig.
Poe isukna, Pa Tani datang ka kebon mawa paneunggeul.
“Tuh nya, da teu salah. Ditewak siah ku aing!”
“Cang! Pek bae maneh ngala bonteng mah ngan ulah ngaruksak bonteng nu lainna.”
“Ampu Pa Tani, lain kuring nu ngaruksak kebon mah. Kuring mah ngan ukur ngala dua atawa tilu siki.”
Pa Tani teu percayaeun kana omongan sakadang Peucang. Beuheung Peucang ditalian ku tambang tuluy digusur di bawa ka imah.
Di imah, Peucang diteundeun dina kurung awi paranti ngurungan hayam tuluy luhurna ditindihan ku batu.
“Ngajedog siah di dieu! Aing rek ka pasar meuli samara sate!”.
“Ampun Pa Tani, kuring tong disate!”, sakadang Peucang ngarenghik.
Sabot Pa Tani indit ka pasar, kurunyung sakadang anjing nyampeurkeun sakadang Peucang.
“Cang, kunaon maneh dikurungan kitu?” ceuk sakadang anjing nanya.
“Maneh teu apal kitu?”, sakadang Peucang malik nanya.
“Sebutkeun, kunaon Cang”?, anjing beuki panasaran.
“Kieu, kuring teh reh diangkat jadi minantu Pa Tani. Ku ayana kitu, ayeuna Pa Tani keur ka pasar meuli baju jeung dahareun nu ngarareunah keur kuring.
“Wah, maneh mah teu pantes Cang. Awak maneh mah pan leutik, leuwih hade ku kuring weh diganti jadi minantuna Pa Tani.”
“Ngeunah weh, haling kaitu nyingkah!”, ceuk Peucang.
anjing ambek ngadenge jawaban Peucang. “Cang, lamun maneh teu daek diganti ayeuna keneh eta batu dina luhur kurung ku aing rek dihalingkeun. Beuheung sia rek digegel ku aing!”.
“Ulah kitu atuh!”, ceuk Peucang.
“Daek atawa henteu?”.
“Heug atuh, kapaksa kuring nurut kana kahayang anjeun”.
Anjing nyurungkeun batu anu nindihan kurung, tuluy kurungna dibuka. Peucang bijil, sedengkeun anjing asup kana kurung.
“Wilujeng jadi minantu Pa Tani, Jing!” ceuk sakadang peucang bari ngeberetek lumpat.
Teu kungsi lila Pa Tani datang. Manehna kaget nu taya papadana nempo Peucang nu aya dina jero kurung robah jadi anjing.
“Hormat ka calon mertua!”, ceuk anjing. “Peucang tos masihkeun hakna salaku calon mantu Pa Tani ka kuring anjing anu gagah”.
“Tuluy ari si Peucang ka mana?” Pa Tani nanya.
“Tos angkat ka leuweung, Pa Tani!”
“Sia hayang jadi minantu aing?”
“Leres Pa Tani!”, jawab Anjing atoheun naker.
“Ayeuna sok kaluar tina jero kurung, heg diuk sing merenah bari peureumkeun panon, aing rek ngageroan anak aing ka imah.”
Anjing nungguan bari ratug angen. Pa Tani datang deui, lain mawa anakna, tapi kalah mawa gegendir.
“Yeuh hadiah keur sia!”, ceuk Pa Tani bari ninggang sirah anjing.
“Ampuuuun….!”
Anjing ngoceak tuluy lumpat sakalumpat lampet bari dina hatena ngageremet ka sakadang Peucang.
“Awas siah Peucang! Lamun kapanggih digegel siah”, anjing kukubuk.
Sakadang Peucang geus titadi lumpat, ngan ku sabab lumpatna laun nya teu kungsi lila meh kasusul ku Anjing.
“Wah gawat, anjing geus geus deukeut”, gerentes si Peucang. “Kudu geuwat nyumpeut ieu mah”.
“Hey Peucang bangkarwarah! Dagoan siah, digegel kua aing!”
“Eh, naha jeung ambek sagala. Pan maneh nu menta hayang jadi minantu Pa Tani?”, tembal si Peucang bari tuluy lumpat.
Bersambung ke dongeng Sunda cerita Sakadang Peucang jeung Buaya.
***
Dongeng di atas menceritakan seekor kancil yang diduga telah merusak kebun timun milik Pak Tani. Si Kancil dijebak dengan orang-orangan dan berhasil ditangkap oleh Pak Tani. Dia dikurung dan akan dijadikan sate.
Saat Pak Tani sedang membeli bumbu untuk membuat sate, datanglah seekor anjing menghampiri si Kancil dalam kurungan. Si Kancil yang cerdik dapat meloloskan diri dari kurungan Pak Tani dengan mengelabui seekor anjing yang serakah.
Kancil mengatakan kepada anjing, bahwa dirinya akan diangkat menjadi menantu Pak Tani. Anjing tertarik dan bermaksud menggantikan posisi kancil. Akhirnya, anjing melepaskan sang Kancil sedangkan dia secara sadar masuk ke dalam kurungan menggantikan kancil.
Sumber dari buku Kumpulan Dongeng si Kancil oleh Adhi Mulyono. Diterjemahkan dan disunting sebagian untuk menyesuaikan dengan kosakata bahasa Sunda.