SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun baraya! Setelah selesai melakukan PDKT ke cewek Sunda, jika responnya baik atau menunjukkan tanda-tanda cintamu akan diterima maka kamu bisa langsung menyatakan cinta.
Pada postingan ini saya akan berbagi contoh kata-kata untuk nembak cewek orang Sunda memakai bahasa Sunda halus dan romantis. Meskipun tidak dijamin 100% cintamu bakal diterima tapi setidaknya kata-kata cinta yang saya share di sini bisa jadi bahan referensi.
Tanpa banyak basa basi lagi, silakan langsung saja lihat contoh kata-kata buat nembak cewek asli Sunda berikut ini.
Dafar Isi
- 1 Contoh kata-kata buat nembak mojang Sunda
- 1.1 Kata-kata nembak cewek Sunda halus dan romantis
- 1.2 Kata-kata buat nembak cewek Sunda loma/kasar
- 1.3 Kata-kata buat nembak cewek Sunda lucu
- 1.4 Kata-kata buat nembak cewek Sunda (jika kamu duda dan punya anak)
- 1.5 Kata-kata buat nembak cewek Sunda (janda)
- 1.6 Kata-kata buat nembak mantan (ngajak balikan)
Contoh kata-kata buat nembak mojang Sunda
Gadis atau mojang yaitu perempuan yang belum menikah, tapi bisa jadi dia sudah punya calon suami. Makanya sebelum menyatakan cinta, ada baiknya cari tahu dulu apakah sudah ada yang melamar atau belum. Hukum melamar perempuan yang sudah dilamar orang lain menurut Islam adalah haram.
Setelah yakin dia benar-benar single (lengoh) barulah nyatakan perasaan dengan kata-kata halus, sopan dan romantis. Mengungkapkan rasa bisa lewat media (WA), tetapi sebaiknya langsung tanpa perantara dan media.
Inilah contoh kata-kata buat nembak cewek dengan bahasa Sunda romantis, halus, dan lucu.
Kata-kata nembak cewek Sunda halus dan romantis
- Abdi badé nyungkeun idin ka néng kanggo ngabagjakeun néng lahir batin samampu abdi. Néng kersa teu nampi kanyaah abdi nu sakieu buktosna?
- Ku abdi tos ditahan-tahan tapi teu katahan. Abdi ngagaduhan peraosan bogoh sareng nyaah anu kacida pisan ka néng. Nyungkeun waleran anu jujur, kersa janten calon bojo abdi?
- Abditéh rumaos jalmi teu gaduh sareng teu bodo-bodo acan. Mung keuna ku paripaos, cinta mah teu mengenal kasta. Sateuacanna hapunten bilih tos kumawantun, abdi téh saleresnamah nyaah ka néng. Néng kersa teu ka abdi?
- Kieu néng, dipanjang-panjang ogé da bakal kadinya jigna. Abditéh badé wakca balaka ngagaduhan peraosan cinta sareng nyaah ka néng. Tos dicarioskeun mah teu langkung néng badé nampi abdi syukur, atuh henteu mah piraku.
- Teu terang naon alesanna, anu puguhmah abditéh hoyong néng bagja dugika paketrok iteuk sareng abdi.
- Sanés teu ngukur ka kujur da rumaos diri teu acan jadi lalaki sajati anu mandiri. Manawi néng kersa ngarencangan perjuangan abdi ti enol, néng kersa ditikah ku abdi?
- Di lembur abdi ogé teu kirang mojang geulis wanoja anu rancunit, mung haté mah teu tiasa dibohongan. Haté abdi meulit waé ka néng. Duka naon alesanna abdi bet nyaah ka néng, tapi teu anéh kétang upami abdi bogoh da néng téh keuna kana paripaos dedeg sampé rupa hadé patut teu nganjuk rupa teu ménta.
Kata-kata buat nembak cewek Sunda loma/kasar
- Saméméhna hampura nya jeung ulah reuwas. Urang téh sabenernamah geus lila bogoh jeung nyaah ka manéh, ngan teu nyarita téh ngaragangan ka maneh bisi era ku babaturan pedah urang geus deukeut. Ngan ku ayana geus deukeut jadi moal kagok nyaah jeung geus pada-pada apal sipat jeung kaayaan masing-masing. Kumaha daék teu jadi kabogoh urang?
Kata-kata buat nembak cewek Sunda lucu
- Tos lami abditéh mikaresep ka néng. Sanés ukur pédah néng geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina, mung ngaraos kataji ku sipat paripolah neng anu kayungyun, basajan kalawan teu aya carekeun batur. Rumaos abdi ogé sanés jalmi hideng, mung manawi wé néng léah manah wening galih kersa nampi kanyaah abdi. Bingah pisan saupamina néng rido dipihukum ku abdi kalawan mas kawin di bayar kompan.
Kata-kata buat nembak cewek Sunda (jika kamu duda dan punya anak)
- Tos lami nyidem eusi haté bakating ku rumaos diri seueur kakirangan. Ditahan-tahan beuki teu katahan, ayeuna abdi ngawani-wani manéh badé balaka miharep anjeun rido janten bojo abdi sareng indung budak.
- Abdi gaduh maksad sumping ka tuang rama badé nyungkeun widi kanggo ngabagjakeun néng ku cara anu halal mungguh agama sareng sah numutkeun nagara. Kitu oge upami kintena abdi moal matak ngotoran nami baik néng sareng keluarga, kumargi abdimah kantos gagal ngawangun rumah tangga.
Kata-kata buat nembak cewek Sunda (janda)
- Manawi salira kersa sareng manawi tuang putra ngawidian, abdi gaduh maksad hoyong hirup sasarengan. Silih pikanyaah, silih pihapékeun diri, sasarengan ngatik ngadidik barudak.
- Manawi teu acan kenging gentosna rama murangkalih, sareng kitu gé manawi salira teu kaabotan. Widian abdi nyaah ka salira sareng murangkalih.
Kata-kata buat nembak mantan (ngajak balikan)
- Untuk mantan istri: Ti saprak urang papisah, dahar asa teu mirasa saré teu tibra ras inget ka anjeun jeung barudak. Mendinggé urang babarengan deui ngawangun rumah tangga. Rumahasa baheula akang ngagugu hawa napsu, urang jadikeun eunteung mudah-mudahan nu goréngna tong karandapan deui.
- Untuk mantan pacar (kabogoh): Kalepatan abdi nu pangageung-ageung ka ka neng nyaéta mutuskeun padahal dina manahmah nyaah pisan. Ayeuna abdi nyungkeun dihapunten sareng hoyong ngoméan kalepatan. Mugia néng luntur kalbu kersa ngahapunten sareng nampi deui abdi kawas tipayun. Abdi jangji moal nganyeyeri néng. Harita ogé da teu aya maksad nganyerikeun, mutuskeun teh bakating ku alim paséa sareng istri nu dipikanyaah.
Sebelum memutuskan untuk berpacaran (bobogohan), khusus buat kamu yang beragama Islam silakan simak penjelasan UAS tentang hukum pacaran dalam agama Islam di video ini atau baca artikel hukum pacaran di sini.
Demikian, semoga bermanfaat.