Kata-kata melamar cewe dengan bahasa Sunda

Kata-kata Melamar Cewek Dengan Bahasa Sunda Halus dan Sopan

38 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun baraya! Mau menikahi mojang Sunda? Alhamdulillah jika ungkapan rasa cintamu sudah diterima mojang Sunda. Jika belum, silakan baca contoh kata-kata buat nembak cewek Sunda halus dan romantis.

Jika cintamu sudah diterima oleh mojang Sunda dan sudah siap berumah tangga dengan gadis keturunan Sunda, sebaiknya cepat lamar dia ke orangtuanya.

Sebelum datang bersama orangtuamu, datanglah sendiri sampaikan lamaran. Jika orangtuanya sudah merestui hubungan kalian, baru kamu minta izin orangtuamu untuk melamar gadis pujaanmu itu.

Agar lamaranmu diterima, kamu harus berani menghadap orangtuanya. Sampaikan maksud dengan jelas, penuh percaya diri, sopan santun dalam bicara dan bersikap serta rendah hati.

Bagaimana kata-kata melamar cewek Sunda kepada orangtuanya?

Jangan bingung, di bawah ini saya sediakan contoh kata-kata untuk melamar cewek dengan bahasa Sunda halus, sopan dan jitu. Mangga nyanggakeun manawi bahan kaanggo!

Langkung tipayun abdi nyanggakeun silaturahmi ka Bapa kalih Ibu di dieu. Hapunten abdi tebih-tebih dongkap kadieuteh teu jingjing teu bawa, istuning lengoh ngaligincing. Ogé hapunten tangtos kadongkapan abdi ka bumi téh ngawagel waktos istirahat Bapa sakulawargi.

(Jika baru berkunjung ke rumah orangtuanya, dan belum kenal) Nepangkeun abdi, wasta ……… (sebutkan namamu), kawit ti …. (sebutkan asal/ alamat rumahmu). Kasibukan sadidinten mah abdi téh …… (sebutkan pekerjaan/aktifitas sehari-hari).

Abdi réréncangan damel/ kuliah neng ….. Kaleresan nembe ayeuna abdi diparengkeun ku Gusti Nu Maha Suci kanggo ngadeuheus ka Bapa kadieu.

Tebih-tebih ti Bandung (nama kotamu) abdi tumorojog kadieu sanés tanpa laratan tapi aya nu dimaksad. Sajabi ti nyanggakeun salam silaturahmi téh, abdi ogé séja ngadugikeun maksad anu saé ka tuang putri anu kakasihna néng …… (sebutkan namanya).

Saupamina teu acan aya pamenget anu sumping ka Bapa, sareng sakintenna abdi moal matak ngotoran nami kulawargi Bapa, abdi seja mundut widi sinareng restu ti Bapa kalih Ibu wiréhna abdi mikaresep sareng mikanyaah néng …… (sebutkan namanya).

Upami pamaksadan abdi ditampi ku Bapa sareng si néng, abdi oge sakantenan bade nyungkeun widi nepangkeun si néng ka pun bapa sareng pun biang. Manawi aya takdir Gusti, tangtos énjing pageto abdi dongkap deui kadieu sareng sepuh.

Kitu panginten pamaksadan abdi dongkap kadieuteh. Hapunten tos kumawantun.

Orangtua pihak perempuan biasanya tidak langsung memberikan jawaban mengizinkan atau tidak. Umumnya menanyakan jawaban pada anaknya yang sebelumnya pasti sudah ngobrol. Atau bisa juga menangguhkan jawaban dengan diplomasi akan berbincang dulu dengan anak dan ibunya.

Jawaban lamaran Sunda misalnya begini.

Nampi kana silaturahmi na Cép …., bingah pisan tiasa ditepangkeun. Hatur nuhun kana pamaksadan saéna. Ari ka Bapa mah teu acan aya nu sumping, duka ka si néng …. mah. Sareng deui ari Bapa mah moal nyarék moal nitah, étamah kumaha jinis na wé.

Kumaha néng, bade ditampi maksad si Aa ….? (bertanya ke anaknya)

Anak perempuan di Sunda biasanya hanya diam atau manggut.

Kalah répéh geningan Cép si néng … na ogé. Matak kitu gé kersaeun panginten. Tapi mangga émutan deui ketang ku Cép ….. Sing asak-asak nya ngéjo bisi tutung tambagana, sing asak-asak nya nénjo bisi kaduhung jagana da pun anakmah urang kampung bau lisung, teu bodo-bodo acan. Nitip wé pun anak mah didikeun kénéh.

Jika jawabannya seperti itu (menerima lamaran mu), ucapkan terima kasih tapi jangan gombal atau janji berlebihan.

Hatur nuhun pisan Bapa kana kapercantenan na ka abdi. Si néng mangrupikeun amanat, Insya Allah sakamampuhan ku abdi dijagi.

Selanjutnya, ramah tamah ngobrol santuy ngalér ngidur.

Itulah contoh kata-kata untuk melamar cewek dengan bahasa Sunda. Semoga postingan ini bermanfaat.