Lirik Nadzom Isra Mi'raj Nabi Muhammad SAW pada acara Rajaban

Lirik Nadom Isro Mi’raj Nabi Muhammad SAW Bahasa Sunda

7 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Nadom atau nadzom Isra Mi’raj bahasa Sunda yang sering dikumandangkan baik pada acara Rajaban atau setelah adzan terdapat dalam kitab Nadzam Al-Maulid Wal Mi`raj.

Kitab tersebut ditulis menggunakan huruf Arab pegon dan tidak diketahui siapa penulisnya. Namun diperkirakan, penulisnya adalah ulama dari Jawa Barat. Hal ini dikuatkan dengan nama penerbitnya yaitu toko Kairo Tasikmalaya.

Dilansir laman nu.or.id, Kitab Nadzam Al-Maulid Wal Mi`raj terdiri atas 2 bab. Bab pertama menceritakan maulid Nabi Muhammad SAW., berjumlah 12 halaman. Sementara bab kedua menceritakan perjalanan Isra dan Mi`raj Rasulullah Saw., sebanyak 9 halaman.

Di bagian akhir terdapat selembar tulisan yang berisi shalawat badriyah berbahasa arab dan berbahasa sunda. Sehingga total halaman kitab Nadzam Al-Maulid Wal Mi`raj ini adalah 32 halaman.

Berikut ini lirik nadzom Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW. yang biasa dibacakan pada acara Rajaban dan dikumandangkan sebagai pupujian setelah adzan di tatar Sunda.

Nadom Isro Mi’raj Nabi Muhammad SAW

Nabi urang saréréa
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab quraisy nya bangsana

Ramana Gusti Abdullah
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunna di Mekkah
Wengi Senén taun gajah

Robiul Awwal bulanna
Tanggal ka 12-na
April bulan Maséhina
Tanggal ka20-na

Ari bilangan taunna
500 cariosna
70 panambihna
Sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur
Waktosna babarna kacatur
Ninggal cahaya mani ngempur
Di bumina hurung mancur

Parangina Kangjeng Nabi
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gedé kawani
Sabar nyaah ka sasami

Keur opat taun yuswana
Diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna

Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
Ngeusikeun kana manahna
Élmu hikmah sapinuhna

Tuluy dada Kangjeng Nabi
Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri
Dicap ku “Khotamin Nabi”

Rama Nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun
2 sasih kaunggelkeun

Ka genep taun yuswana
Ditilar pupus ibuna
Nabi dirorok éyangna
Abdul Mutholib asmana

Kersana Robbul ‘Alamin
Kangjeng Nabi nu prihatin
Yuswa 8 taun yakin
Éyangna mulih ka batin

Saba’da wafat éyangna
Nabi dirawat pamanna
Abi Tholib kakasihna
Sadérék teges ramana

angjeng Nabi sering pisan
Dicandak ka nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan
Di dinya téh pajeng pisan

Kacatur di éta nagri
Loba Pandita Yahudi
Sareng Pandita Nasroni
Nu tepang jeung Kangjeng Nabi

Sadayana sasauran
Ieu jalmi moal nyalahan
Pi-Nabieun akhir zaman
Torét Injil geus ngiberan

Sipat Nabi panganggeusan
Aya di anjeunna pisan
Harita loba nu iman
Ka Nabi ngangken panutan

Karesepna Kangjeng Nabi
Ka Gusti Alloh babakti
Di gunung Hiro miranti
Ibadahna saban wengi

Di dinya jol kasumpingan
Jibril nu nurunkeun Qur’an
Kalawan dawuh Pangéran
Nabi didamel utusan

Harita yuswana Nabi
40 taun kawarti
Diutus ku Alloh pasti
Ngembarkeun agama suci

Anu iman pangheulana
Siti Khodijah garwana
Abu Bakar kaduana
Shohabat nu pangmulyana

Murangkalih nu nonoman
Anu pangheulana iman
Syayidina Ali pisan
Ka Nabi sadérék misan

Jeung ari jalma beulian
Anu pangheulana iman
Syaid Bilal kaleresan
Anu jadi tukang adzan

Ari lolobana pisan
Ka Nabi téh ngamusuhan
Nganiaya, ngajailan
Teu aya pisan ras-rasan

Nuju tanggal 7 likur
Bulan Rojab nu kacatur
Runut qaol nu kamashur
Kangjeng Nabi téh disaur

Dipapag ku malaikat
Nyandak burok nu kasebat
Leumpangna téh cara kilat
Tutunggangan Nabi angkat

Ti Mekkah ka Baitul Baqdis
Teu lami-lami antawis
Ku jalmi henteu katawis
Kersana Gusti nu wacis

Di Baitul Maqdis terasna
Naék tangga saterasna
Mi’raj téa kasebatna
Ka langit Nabi sumpingna

Tujuh langit sadayana
Sareng ‘Arasy pangluhurna
Disumpingan sadayana
Katut surga narakana

Kangjeng Nabi ditimbalan
Ku Gusti nu sipat Rohman
Anjeunna kudu netepan
Sholat muji ka Pangéran

Sadayana jalmi iman
Sami gaduh kawajiban
Sholat nu 5 giliran
Henteu meunang dikurangan

Sholat éta minangkana
Dina agama tihangna
Jalmi nu luput sholatna
Nyata rubuh agamana

Kapir Mekkah kacaturkeun
Barang Nabi nyarioskeun
Mi’raj lain dimulyakeun
Anggur pada nyeungseurikeun

Pada hasud ngakalakeun
Ti dinya Alloh ngersakeun
Kangjeng Nabi dialihkeun
Ka Madinah disirnakeun

Para sobat pirang-pirang
Nu buméla milu iang
Milu ngalih saabrulan
Henteu pisan sumoréang

Tambih kamulyaan Nabi
Di Madinah asal sepi
Jadi ramé ku nu ngaji
Muji ka Nu Maha Suci

Sapuluh taun lamina
Di Madinah jumenengna
Agama Islam cahayana
Gumebyar ka mana-mana

Ari mungguh Kangjeng Nabi
Nyaahna langkung ti misti
Ka umatna jaler istri
Leuwih ti sepuh pribadi

Welas asih kanu miskin
Sumawon ka budak yatim
Pada seubeuh ku paparin
Kadaharan jeung pisalin

Akurna ka urang kampung
Calik satata ngariung
Tara angkuh jeung adigung
Sanajan ka urang gunung

Kanu nandang kasusahan
Gering jeung kapapaténan
Ngalayad sarta ngubaran
Ngajajapkeun ka kuburan

Manis saur, manis budi
Éstu mustikaning jalmi
Sajagad moal mendak deui
Saé rupa jeung parangi

Raray lir bulan purnama
Halisna lir katumbiri
Waos lir inten widuri
Salira harum wawangi

Éstu kersaning Pangéran
Lain seungit dimenyanan
Karinget pada nandéan
Diparaké seuseungitan

Pirang-pirang mu’jizatna
Tawis ka-Nabian nana
Qur’an nu nomer hijina
Mi’jizat nu pangmulyana

Tangkal nu pérang daunna
Disiram ku urut abdasna
Ngadadak loba buahna
Sarta hirup saterasna

Domba nu banget kuruna
Sarta lalépét susuna
Diusap ku pananganna
Ngadadak juuh susuna

Dina hiji waktos deui
Sahabat téh kirang cai
Teras baé Kangjeng Nabi
Mundut cai anu kari

Cai ngan sakedik pisan
Éstu kabéh pada heran
Nabi neuleumkeun panangan
Dumadep tuluy manceran

Cai mancer loba pisan
Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan
Cukup keur jalma réaan

Ya Alloh nu sipat Rohman
Abdi téh iman ka Tuhan
Teu aya deui Pangéran
Lain ti Alloh Nu Héman

Nu ngadamel bumi alam
Rawuh jeung eusina pisan
Nu wajib diibadahan
Taya anu nyasamian

Sareng abdi iman deui
Ka Muhammad Kangjeng Nabi
Yén éta utusan Gusti
Miwulang ka jalmi-jalmi

Nu sipat kapercantenan
Wijaksana tur budiman
Bener wungkul sasauran
Lain saur kaheureuyan

Hurmat urang ka Anjeunna
Dina mangsa jumenengna
Sareng saba’da wafatna
Éstu teu aya bentenna

Duh Gusti jungjunan abdi
Sayid Muhammad habibi
Pamugi Salira nampi
Kanu hina diri abdi

Abdi umat ahir zaman
Anu banget panasaran
Hoyong tepang ngadeuheusan
Seja tumut serah badan

Baca juga: Arti Lirik Pupujian Anak Adam

Demikianlah, semoga bermanfaat.