Lirik Pupujian Basa Sunda Jaman Baheula

5 Lirik Pupujian Basa Sunda Jaman Baheula

16 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Anak-anak ngaji jaman baheula sudah hafal lirik pupujian Sunda di luar kepala. Pupujian biasanya dilantunkan di masjid dan di tajug-tajug sebelum atau sesudah adzan. Terutama adzan maghrib, isya dan subuh. Saya termasuk salah seorang generasi yang ada di jaman itu.

Namun sudah lama, mungkin sudah belasan tahu lalu pupujian Sunda jarang terdengar lagi. Di kampung-kampung sekarang masih ada yang melantunkan sholawat melalui pengeras suara sebelum adzan magrib, isya, dan subuh. Biasanya sholawat yang lagi viral di YouTube.

Di Jawa Barat, pupujian masih diajarkan SMP/MTs, silakan lihat di Buku Basa Sunda kelas VII. Pola bait-bait pupujian biasanya sudah matoh (tentu).

Pupujian tidak hanya syairnya yang enak dibaca, tapi lagunya juga enak didengar. Selain itu, pupujian mengandung nasihat-nasihat yang menyentuh hati.

Berikut ini lirik-lirik pupujian bahasa Sunda jaman baheula.

Pupujian Sebelum Magrib “Abdi Sanes Ahli Surga”

Aduh Gusti abdi sanes ahli surga
Namung henteu kiat nandangan naraka
Mugi Gusti kersa maparinan tobat
Ngahampura kana tingkah anu lepat

Pupujian Basa Sunda “Bring Sakabeh Jalma”

Allohumma sholi a’a sayidina Muhammadin
Waalihi sasohbihi wasalim wabarik alaih

Lumpat sakabeh jalma diudag-udag naraka
Taya pisan nu ngabela anging amal keur di dunya

Lumpat sakabeh jalma muruna ka Nabi Adam
Menta tulung jeung syapaat
Nabi Adam teh ngadawuh
Aduh karunya teuing boro-boro nyapaatan
Kula oge eukeur susah tuh sugan ka nabi Nuh

Lumpat sakabeh jalma muruna ka Nabi Nuh
Menta tulung jeung sapaat
Nabi Nuh teh ngadawuh
Aduh karunya teuing boro-boro nyapaatan
Kula oge eukeur susah tuh sugan ka nabi Ibrohim

Lumpat sakabeh jalma muruna ka Nabi Ibrohim
Menta tulung jeung sapaat
Nabi Ibrohim teh ngadawuh
Aduh karunya teuing boro-boro nyapaatan
Kula oge eukeur susah tuh sugan ka nabi Musa

Lumpat sakabeh jalma muruna ka Nabi Musa
Menta tulung jeung sapaat
Nabi Ibrohim teh ngadawuh
Aduh karunya teuing boro-boro nyapaatan
Kula oge eukeur susah tuh sugan ka nabi Isa

Lumpat sakabeh jalma muruna ka Nabi Isa
Menta tulung jeung sapaat
Nabi Isa teh ngadawuh
Aduh karunya teuing boro-boro nyapaatan
Kula oge eukeur susah tuh sugan ka Kangjeng Nabi

Lumpat sakabeh jalma muruna ka Kangjeng Nabi
Menta tulung jeung sapaat
Kangjeng Nabi teras sujud
Sujud ka Yang Agung nyungkeun sapaat Gusti
Gusti Allah teh nembalan pek ku anjeun sapaatan

Cengkat dina sujud
Kangjeng Nabi teh ngorejat
Narajang naraka galak
Naraka ampun careurik

Hanjat ka meja hejo Kangjeng Nabi ngahukuman
Dina waktu genep jaman jalma rengse sadayana

Lirik Pupujian “Anu Ngocor ka Alam Kubur”

Anu ngocor ka alam kubur tilu dina hadits rosul
Hiji sodakoh jariah bari ikhlas karena Allah
Dua elmu anu mangpaat bari diala mangpaat
Tilu putra anu sholeh ngadu’akeun teu weleh-weleng

Dosa urang lamun ditimbang ibarat budah lautan
Ibarat gunung nu luhur sarta meni ageung pisan

Peci sanes ciri santri sanes ciri bisa ngaji
Tapi peci ciri lalaki nu ngabakti ka Yang Widi

Jilbab sanes ciri santri sanes ciri bisa ngaji
Tapi jilbab ciri istri nu ngabakti ka Yang Widi

Saenyana eta malaikat meberkeun dua jangjangna
Ka jalma nu angkat ngaos sarta meni ageung pisan

Ari jalma anu angkat ngaos pibekeleun keur jumeneng
Mangka eta dilebetkeun ka surga-Na anu langgeng

Pupujian Basa Sunda “Kakuping Suara Adzan”

Kakuping suara adzan di masjid ti katebihan
Sihoreng teh ngawartosan ngajak solat babarengan

Ulah sok solat di imah salami aya masjidmah
Pribumi atawa semah hayu urang berjamaah

Kakuping suara adzan di masjid ti katebihan
Sihoreng teh ngawartosan ngajak solat babarengan

Ulah sok solat di imah salami aya masjidmah
Pribumi atawa semah hayu urang berjamaah

Pupujian Sunda “Anak Adam”, pujian jaman dulu sedih sekali

Anak adam di dunya teh ayeuna ngumbara
Hirup anjeun di dunya teh moal lila

Anak adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting dicentangan

Anak adam paeh hanteu anu nyarengan
Ku anak salaki jeung babandaan

Anak adam paneh euweuh nu dibawa
Ngan asiwung jeung boeh anu dibawa

Anak adam pasaran teh lolongseran
Saban poe saban peuting gegeroan

Anak adam ayeuna kaluar ti imah
Digarotong dina pasaran tugenah

Aduh bapa aduh ema abdi keueung
Rup ku padung rup ku taneuh abdi sieun

Anak adam dikubur teh poek pisan
Nu nyaangan di kubur teh maca Qur’an

Semoga Allah memberi pahala yang berlipat ganda bagi para pengarang pupujian Sunda baheula. Dan semoga kita mendapat hidayah serta pertolongan-Nya. Aamiin.