Merenungi pepatah sunda tentang alam

Merenungi Pepatah Sunda Tentang Alam

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Miang tina neuleuman basa Sunda, beuki dieu beuki kataji mikawanoh kana aksara, sastra, budaya, katut palsapahna.

Hanjakal lalampahan jauh kénéh. Diajar basa ogé geus ngahuleng ngaragameneng bubuhan réa pisan nu teu nyaho hartina. Upama rék abus ka jero wangunan mah karék anjog kana lawang panto pager.

Samodél kuring, anu keur leutikna ngalaman ngariung cempor di tajug ukur nyaho téh basa sapopoé, bari lolobana teu nincak kana undak usuk. Komo deui barudak anu gumelar ka alam dunya di jaman porji. Tapi kitu deui kétang, teu bisa disakompét daunkeun. Boa teuing nonoman ayeuna leuwih weruh élmu panemu jeung jampé pamakéna.

Tina sawatara hal anu katimu tuluy dilenyepan, laku lampah urang téh (tegesna kuring) geus mengpar tina papagon hirup jeung papatah kolot baheula. Kapamalian ogé kapan ayeunamah remen digeuhgeuykeun.

Cenah, karuhun urang baheula hirupna dalit jeung alam. Matak papatahna ogé atra “gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak”. Balurkarna kumaha? “lamun leuweung rusak, cai béak, manusa balangsak”.

Baca juga: 63 Pepatah Sunda keur Kahirupan dan Artinya

Cacandran reujeung uga kolot baheula ayeuna geus ébréh. Totondén karuksakan buhbréh kalawan nalalemprak. Bencana di mamana, gunung-gunung araktif malah geus aya nu bitu, pangeusi alam dunya inggis nyanghareupan parobahan iklim jeung pemanasan global.

Kajadian alam dunya kiwari teh lamun ditempo tina paradigma “ngalelebah” mah asa loyog jeung uga wangsit Siliwangi, anu sempalanna kieu:

”Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. Tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat.”

Asa keuna ogé kasauran Kang Dedi Mulyadi, tong waka jauh-jauh diajar filsafat ka barat, kari sungsi ka diri jeung ka kolot. Tong ngaréken kolot euweuh kanyaho pédah anjeun jebolan ti paguron luhur. Da gening jaman kiwari teu kurang nu sakola luhur ogé hayang jajan mah dibéré ku kolotna nu teu tamat SD SD acan.

Jeung tong leutik haté, dina wangsit Siliwangi ogé disebutkeun,

“Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.

Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!”

Baca juga: 5 Falsafah atau Pandangan Hidup Orang Sunda

Omat ulah aya nu malik nanya. Ieumah gerentes dina mangsa haneut moyan bari sidaweung dina bangbarung sabot ngantian seupan taleus karék nyat ngebul kénéh.

Baca juga: 555 Paribasa Sunda dan Artinya

Lir ibarat angeun kacang, ieu mah ngan caina. Bukur na mah pék gera paluruh ka sepuh anu weruh, sungsi ka kanu masagi ku pangarti, linuhung ku elmu, jembar ku pangabisa. Cag!

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *