SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Di postingan ini saya akan berbagi beberapa nasihat basa Sunda buhun untuk anak laki-laki dan perempuan.
Dalam nasihat, pepatah atau pepeling Sunda buhun biasanya suka ujang, jalu, nyai, kasep, geulis dan anaking. Ujang adalah kata panggilan untuk anak laki-laki, nyai untuk anak perempuan. Kasep artinya tampan, geulis artinya cantik.
Kata anaking berasal dari kata anak dan aing, disatukan jadi anaking artinya anakku. Sama halnya dengan kata cekeng, asalnya dari kata ceuk aing artinya kata saya.
Berikut ini contoh nasihat bahasa Sunda buhun untuk anak dan artinya:
- Jalu anaking! jung gera paluruh elmu panemu jampe pamake, jig gera indit milari pangarti kanu masagi, bral gera miang nyiar luang jeung pangalaman kanu jembar ku pangabisa. Artinya Nak! pergilah cari ilmu pengetahuan dan pengalaman kepada ahlinya.
- Jalu anaking! kade omat hirup ulah kamalinaan teuing jeung tong ngarempak papagon sabab kuring anu ngancik dina kurung hidep teh bakal pinanggih jeung balitungan. Artinya Nak! hidup jangan terlena/berlebihan dan jangan melanggar aturan sebab diri/ruh yang ada dalam jasadmu akan dimintai pertanggungjawaban.
- Jang! hirup mah ulah hayang dipikarunya ku batur kapan aran-aran jalma pikarunyaeun mah kumaha. Tapi hidep sing mandiri, kudu bisa nulung kanu butuh, nalang kanu susah. Artinya, Nak! hidup jangan mau dikasihani. Tapi kamu harus mandiri, harus mampu menolong orang yang membutuhkan dan kesusahan.
- Jang! lamun hayang diaku umat Kangjeng Rosul kudu niru sunahna. Ulah ukur ngaku-ngaku umatna tapi laku teu luyu lampah teu nyunah. Artinya, nak! kalau mau diaku umat Nabi Muhammad SAW harus meniru sunnahnya. Jangan hanya mengaku-ngaku umat Nabi tapi perbuatanmu tidak sesuai sunnah.
- Ujang kasep, nyai geulis anaking! kade mun nyarita ulah handap lanyap tapi sing hade gogog hade tagog. Ajen diri urang teh kumaha ceuk laku lampah urang. Artinya, nak! kalau bicara jangan halus tapi menyakitkan, tapi harus baik perkataan dan baik pula penampilan. Harga diri kita tergantung sikap/perbuatan kita sendiri.
- Jang! kade ulah ngababukeun kanu jadi indung, di mana hidep nyandang pangkat ulah marentah kanu jadi bapa. Artinya, nak! jangan menjadikan ibu bapamu sebagai pembantu.
- Ujang, nyai anaking! suprih pangarti sing masagi, hontal cita-cita sing tinekanan. Lamun hidep manggih karerepet ulah mopo memeh nanggung. Artinya, nak! tuntut ilmu sampai jadi ahli, gapai cinta-cita sampai terlaksana. Jika kamu nemu kesulitan, jangan menyerah sebelum mencoba.
- Jang! kade ulah talobeh, salilana kudu waspada jeung boga pikir rangkepan. Aya paribasa kabeureuyan mah tara ku cucuk munding. Artinya, nak! hati-hati jangan ceroboh/teledor, selamanya harus tetap waspada dan berpikir matang.
- Jang! ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung. Ngalajur napsu mah batan seubeuh kalah tutup umur. Artinya, nak! ke istri jangan cepat bosan, tapi harus sayang selamanya.
- Nyai! Kade bageur ulah ngijing sila bengkok sinembah ti salaki kaulaan ulah dek baha ngarah hirup pinanggih bagja. Artinya, nak! jangan berkhianat pada suami. Layani jangan melawan supaya hidupmu bahagia.
- Jang, Nyi! kudu getol diajar ngaji ti leuleutik, sakola ti bubudak. Jaga lamun geus kolot sagala teu bisa bakal ngarasa kaduhung, hayang diajar era jeung teu kasiwer ku pagawean. Artinya, nak! harus rajin belajar mengaji dan sekolah mumpung masih kecil, nanti kalau sudah dewasa tidak bisa-apa apa akan menyesal. Mau belajar malu dan sibuk oleh pekerjaan.
- Jang! hirup teh teu gampang, teu sakur nu dipikahayang bakal kasorang. Kudu loba kasabaran, daek ngalakonan, jeung tong petot-petot ngado’a kanu Maha Kawasa. Artinya, nak! hidup ini tidak mudah, tidak semua keinginan bisa tercapai. Harus sabar, mau bekerja/berproses, dan tidak henti-hentinya berdo’a kepada Tuhan Yang Maha Kuasa.
- Jang, Nyai! di mana pinanggih jeung peurih ulah rek aral subaha. Anggurmah peureuh eta kapeurih teh sing nepika jadi peurah. Artinya, nak! ketika menemukan kesulitan jangan mengeluh. Tempa dirimu supaya kepedihan menjadi kekuatan, kebahagiaan.
- Jang! Jalma mah tungkul tempat kaluluputan, tanggah tempat kelelepatan, sok rajeun euna ku owah gingsir. Sing dalit jeung kiyai, nyobat jeung ulama ngarah dimana salah aya nu ngageuing. Artinya, nak! manusia itu tempat salah dan lupa, kadang juga berubah. Tidak boleh jauh dari kyai dan ulama supaya ketika kamu salah ada yang menasihati.
- Jang, Nyi! pibanda ku hidep bagbagan agama ngarah salamet dunya aherat. Artinya, nak! belajarlah ilmu agama supaya selamat dunia dan akhirat.
- Jang, nyi! omat teuing jeung dulur kudu akur, jeung tatangga ulah pagirang-girang tampian. Kudu sabilulungan, runtut raut sauyunan. Artinya, nak! dengan saudara harus rukun, dengan tetangga tidak boleh berselisih. Harus kompak dan damai.
- Jang, nyi! ulah nganyerikeun batur. Samemeh nyiwit batur teh ciwit heula awak sorangan, lamun ku hidep karasa nyeri tangtu batur oge sarua. Artinya, nak! jangan menyakiti orang lain. Sebelum menyakiti orang lain, rasakan dulu oleh diri sendiri.
- Jang! adil teh teu indungan teu bapaan teu dulur-dulur acan. Poma hidep ulah cueut kanu hideung ponteng kanu koneng dina nangtukeun bener jeung adil. Artinya, adil itu buta tidak peduli siapapun maka jamu jangan memihak dalam menegakkan keadilan dan kebenaran.
- Jalu, nyai anaking! gera talungtik ku hidep. Saha urang, keur di mana urang, jeung rek kamana balik ngarah hirup teu lali kana purwadaksi. Artinya, nak! carilah dalam dirimu. Siapa kita, sedang di mana, dan akan kembali ke mana. Agar hidup tidak lupa asal usul.
- Jang! di mana hideup diperih pati dipentes gawe ku agama jeung nagara, kudu gancang singkil leungeun baju kenca katuhu tapi kudu sepi pamrih rame ing gawe. Artinya, kapanpun kamu dibutuhkan oleh agama dan negara, harus sigap tapi tidak boleh pamrih.
- Jang, nyi! ulah laer biwir, ulah saomong-omongna lamun lain omongkeuneunnana. Saur kudu diukur bisi matak nyentug ka batur. Artinya, nak! jangan mengatakan hal-hal yang tidak pantas dikatakan. Perkataan harus dipikirkan agar tidak menyinggung orang lain.
- Anaking! ulah waka suka seuri lamun can panggih jeung jati diri. Artinya, nak! jangan dulu suka cita sebelum ketemu dengan jati diri.
- Anaking! hirup mah tara bagja salawasna, tara bingung saumur-umur. Lamun keur bagja ulah poho kanu kawasa, lamun keur bingung ulah kufur. Artinya, hidup tidak selamanya bahagia dan tidak selamanya susah. Kalau sedang bahagia jangan lupa syukur, kalau susah jangan sampai kufur.
- Anaking! sing bear budi, someah hade ka semah turta ngajaga tata titi duduga peryoga. Artinya, nak! harus ramah, pandai menjaga etika dan tatakrama.
- Barudak! sarakan gera bebenah, gunung ulah diganggu, leuweung ulah diteureuy. Lamun gunung dugul leuweung euweuh, hirup manusa balangsak. Artinya kampung benahi, gunung jangan diganggu, hutan jangan dimakan (ditebang). Jika gunung gundul hutan hilang, hidup manusia akan sengsara.
Baca juga: 27 Koleksi Pepatah Sunda Kolot Baheula
Itulah 25 pepatah atau nasihat bahasa Sunda buhun untuk anak dan artinya. Semoga bermanfaat.