Daftar Paribasa Sunda dan Artinya lengkap

555 Paribasa Sunda dan Artinya Paling Lengkap

395 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun baraya! Postingan ini berisi daftar peribahasa atau paribasa Sunda dan artinya.

Paribasa adalah untaian kata sebagai perumpamaan perilaku yang memiliki makna kiasan yang sudah jelas. Katakata dalam paribasa Sunda biasanya lebih banyak atau lebih panjang jika dibandingkan dengan babasan.

Di dalam bahasa Indonesia, paribasa disebut juga peribahasa.

Paribasa Sunda yang saya tulis di artikel ini jumlahnya sangat banyak, yakni 555 peribahasa Sunda dan artinya. Untuk membantumu memudahkan pencarian silakan tekan TRL + F lalu ketik paribasa Sunda yang akan dicari artinya.

Untuk penjelasan masing-masing paribasa Sunda secara lebih mendetil yang dilengkapi dengan contoh kalimatnya saya tulis pada artikel terpisah. Kamu bisa menemukannya di blog Sundapedia.com melalui kolom pencarian yang terletak di navigasi atas.

Kamu juga bisa menambahkan peribahasa yang belum ditulis pada daftar paribasa Sunda di bawah ini. Atau mengoreksi jika ada salah penulisan atau terdapat arti yang kurang tepat. Caranya silakan tulis di kolom komentar.

Selamat membaca…

Paribasa Sunda dan artinya berawalan huruf A

  • Abang-abang lambé nyaéta alus omongan ukur dina biwir wungkul, henteu sarua jeung dina haté. Artinya adalah bagus kata-kata di bibir saja, tidak sesuai dengan hati.
  • Abis bulan abis uang nyaéta béak bulan béak gajih, pas-pasan teu nyesa keur bulan hareup. Artinya habis bulan habis pula uang/penghasilan. Tapi habis bulan habis gaji masih mending daripada pertengahan bulan atau akhir bulan gaji sudah habis.
  • Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan nyaéta ngomong sakarepna atawa ngomong jangji engab. Artinya berbicara senaknya tanpa dipikirkan akibatnya.
  • Adam lali tapel nyaéta poho ka dulur, baraya jeung ka lemah cai. Artinya lupa pada sanak keluarga dan lupa ke kampung halaman.
  • Adat kakurung ku iga hartina nyaéta adat anu hese dirobah, artinya karakter yang sudah mendarah daging dan susah diubah.
  • Adean ku kuda beureum nyaéta ngarasa ginding ku pakéan batur atawa gaya ku barang batur. Artinya merasa gaya dengan barang orang lain. Jadi yang dibanggakan itu bukan miliknya tapi titipan atau milik orang lain.
  • Adigung adiguna nyaeta asa aing leuwih ti batur, artinya sombong atau merasa diri lebih unggul dari orang lain.
  • Adu telu ampar tiga nyaéta dimusyawarahkan (berkenaan yang sedang memperparakan urusan di pengadilan atau sedang jual beli).
  • Agul ku payung butut nyaeta agul ku turunan atawa ku barang anu teu sapira. Artinya artinya sombong oleh keturunan atau bangga dengan barang yang nilainya tidak seberapa.
  • Aki-aku tujuh mulud nyaeta geus kolot pisan, artinya sudah berumur sangat tua.
  • Aku-aku angga hartina ngaku-ngaku barang atawa pagawéan meunang batur. Artinya mengakui barang milik orang atau hasil pekerjaan orang lain.
  • Alak-alak cumampaka nyaeta hayang jeung resep dipuji ku batur, ngarasa pangpunjulna ti batur atau anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya. Artinya ingin dipuji orang, merasa paling unggul atau yang rendak ingin menyerupai yang tinggi, yang hina ingin menyerupai yang mulia.
  • Along-along bagja nyaeta teu tulus meunang bagja. Artinya tidak jadi mendapat kebahagiaan.
  • Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna hartina Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa. Artinya Allah tidak memihak pada orang yang berdosa.
  • Alus laur hade omé nyaeta alus dedeg pangadegna. Artinya adalah berbadan/ bertubuh bagus (ideal).
  • Ambek nyedek tanaga midek hartina napsu gede tapi tanaga euweuh. Artinya artinya emosi/keinginan gede tapi tak ada tenaga atau tidak mampu menyalurkan emosi/ keinginannya.
  • Ambekna sakulit bawang hartina babarian pisan ambek, jeung mun geus ambek tara sakeudeung. Artinya artinya cepat marah dan marahnya lama.
  • Anak dua keur gumunda hartina awéwé nu karék boga dua anak mah lalaki téh barogoheun. Artinya perempuan yang baru punya dua anak terlihat menarik dan banyak lelaki yang jatuh cinta.
  • Anak hiji keur gumeulis nyaeta awéwé nu kakarék boga budak hiji, katempona sok beuki geulis waé. Artinya perempuan yang baru punya satu anak, terlihat makin cantik saja.
  • Anak merak kukuncungan nyaeta sipat-sipat budak utamana sipat nu hadé éta téh nurun ti kolot. Artinya sipat anak terutama sipat baik itu menurun dari orang tuanya.
  • Anak tilu keur kumusut hartina atawa awéwé nu geus boga anak nu teu bisa ngurus dirina. Artinya yaitu perempuan yang sudah punya anak tiga yang tidak bisa mengurus diri sehingga terlihat kumel.
  • Anjing ngagogogan kalong nyaeta mikahayang nu lain-lain nu moal laksana, mikahayang perkara nu moal kasorang. Artinya menginginkan sesuatu yang tidak mungkin tercapai atau terlaksana.
  • Anjing nyampeurkeun paneunggeul hartina nyaeta ngadeukeutan pibahayaeun, nyampeurkeun nu rék nyiksa, ngarogahala, atawa nganyenyeri. Artinya mendekati bahaya atau mendekati orang yang akan menyiksa/menyakiti.
  • Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan hartina nyaeta mupuas kanu keur cilaka. Artinya menambah luka pada orang yang terluka, menyudutkan orang yang terkena masalah/musibah.
  • Anu burung diangklungan, anu gelo didogdodan, anu edan dikendangan nyaeta anu gede wadul dihaminan supaya leuwih maceuh. Artinya pembohong didengerin agar tambah parah (bohongnya).
  • Ari diarah supana, kudu dipiara catangna nyaeta naon wae nu mere hasil ka urang kudu diurus atawa dipiara bener-bener. Artinya apapun yang memberi hasil pada kita harus diurus baik-baik.
  • Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed hartina geus kolot tapi kahayang jiga budak ngora. Artinya umur sudah tua tapi keinginan masih seperti anak muda.
  • Asa aing uyah kidul hartina boga rasa pangbisana atawa pang punjulna. Artinya sombong, merasa paling bisa, merasa lebih dari yang lain.
  • Asa bucat bisul hartina asa lesot tina urusan gede, beres pagawean, masalah atawa beban. Artinya lepas dari masalah, pekerjaan sulit atau beban.
  • Asa dijual payu nyaeta nguyung pedah ngarasa sorangan di pangumbaraan jauh ti indung bapa. Artinya murung sebab sendirian di perantauan karena jauh dari orang tua.
  • Asa dina pangimpian hartina teu percaya kana kaayaan nu karandapan. Artinya merasa tidak percaya dengan kejadian atau kenyataan yang dihadapi.
  • Asa dipupuk birus hartina ngarasa tibra haté. Artinya merasa tentram dan bahagia.
  • Asa ditonjok congcot nyaeta meunang kabungah anu teu diarep-arep. Artinya mendapat kebahagiaan sangat besar yang tidak disangka-sangka.
  • Asa ditumbu umur nyaeta boga rasa kahutangan budi anu pohara gedéna. Artinya merasa sangat berhutang budi.
  • Asa euwuh beungeutan hartina kacida pisan érana. Artinya sangat malu.
  • Asa kabur pangacian nyaeta kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget. Artinya sangat kaget/ terkejut sampai merasa tidak jelas apa yang harus dikerjakan dan hilang semangat.
  • Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas hartina kacida bungahna jeung kacida bagjana. Artinya sangat bahagia atau bahagia yang luar biasa.
  • Asa katindihan langit hartina geus euweuh harepan. Artinya tidak ada harapan.
  • Asa mobok manggih gorowong hartina kabeneran aya jalan keur ngahasilkeun maksud atawa usaha nu keur dipaju. Artinya kebetulan ada jalan untuk memuluskan maksud atau usaha yang sedang digarap.
  • Asa kiamat nyaeta pohara sedihna jeung susahna. Artinya sangat susah dan sedih yang luar biasa.
  • Asa nanggeuy endog beubeureumna nyaeta kacida nyaahna. Artinya sangat menyayanginya.
  • Asa nyanghulu ka jarian hartina teu ngeunah rasa lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna. Artinya tidak enak hati karena harus menjadi bawahan orang yang ilmu atau harkatnya di bawah.
  • Asa peunggas rancatan hartina leungiteun batur nu sok nalang dina pagawéan. Artinya kehilangan orang yang sering membantu pekerjaan.
  • Asa potong leungeun katuhu nyaeta leungiteun jalma nu pohara hadé gawéna atawa leungiteun jalma nu dipercaya. Artinya kehilangan orang yang kerjanya bagus atau kehilangan orang kepercayaan.
  • Asa rawing daun ceuli hartina mindeng ngadéngé omongan anu henteu ngeunah. Artinya sering mendengar omongan yang tidak enak didengar.
  • Asa teu beungeutan nyaeta ngarasa éra anu pohara. Artinya menanggung malu yang luar biasa.
  • Asa tungkeb bumi alam hartina asa kacida bingungna, keur poék mongkléng pipikirana. Artinya sangat bingung dan gelap pikiran.
  • Ateul dampal leungeun nyaeta gereget hayang nyabok atawa nampiling. Artinya greget mau menampar.
  • Ati mungkir beungeut nyinghareup hartina palsu; siga sono tapi henteu, siga resep tapi henteu, siga nyaah tapi henteu. Artinya palsu atau bagus di muka jelek di hati.
  • Ati putih badan bodas hartina beresih haté, taya geuneuk maleukmeuk.Artinya bersih hati tidak ada rasa benci sedikitpun.
  • Atung enéh atung enéh hartina kitu-kitu kénéh atawa euweuh parobahan. Artinya gitu-gitu aja tidak ada perubahan.
  • Aub payung, sabet sapon, sabasoba nyaeta wewengkon, ngeunaan tanah. Artinya tempat tinggal, tentang tanah.
  • Awak kawas badawang nyaeta jangkung gedé teu matut. Artinya badan tinggi besar tidak jelas bentuk.
  • Awi sadapuran tara lempeng kabéh hartina sanajan saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua. Artinya meskipun satu turunan tapi urusan milik dan rejeki tidak sama.
  • Awéwé dulang tinandé hartina awéwé nurutkeun kahayang salaki. Artinya istri menuruti keinginan suami.
  • Awéwé mah tara cari ka Batawi hartina awéwé mah tara nyiar kipayah. Artinya istri tidak pernah mencari nafkah. (Jaman sekarang banyak wanita karir yang mencari nafkah buat keluarga).
  • Aya astana sajeungkal hartina hal nu mustahil oge bisa kajadian. Artinya suatu hal yang mustahil juga bisa saja terjadi.
  • Aya bagja teu daulat nyaeta rek meunang bagja atawa untung teu tulus. Artinya akan bahagia atau dapat keuntungan tapi tidak jadi.
  • Aya cukang komo meuntas nyaeta kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan. Artinya kebetulan ada jalan untuk segera melaksanakan keinginan.
  • Aya dina sihung maung hartina jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung. Artinya orang yang punya hubungan dengan petinggi jadi mudah mendapat bantuan atau pertolongan.
  • Aya disihung maung hartina loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna. Artinya banyak kenalan para petinggi sehingga ketika mendapat kesulitan cepat dibantu.
  • Aya gantar kakaitan hartina aya hal anu teu sapuk jeung haténa tapi teu dikedalkeun, henteu iklas atawa aya perkara nu pasambung jeung kajadian anu ti heula. Artinya tidak ikhlas, ada sesuatu yang tidak sesuai dengan hatinya tapi tidak dikatakan, atau ada urusan yang terkait dengan kejadian dulu.
  • Aya jalan komo meuntas nyaeta aya lantaran anu diarep-arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun, pas aya kahayang kabeneran aya anu ngajak atawa eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun. Artinya ada jalan yang ditunggu-tunggu untuk cepat-cepat melaksanakan maksud, pas mau kebetulan ada yang ngajak, atau ada maksud terus ada jalannya.
  • Aya jodo pakokolot nyaeta bisa ngajodo sanggeus papada kolot. Artinya bisa berjodoh setelah masing-masing sudah tua.
  • Aya jurig tumpak kuda nyaeta aya milik anu teu disangka-sangka. Mendapat rejeki secara tidak terduga.
  • Aya kélong néwo-néwo hartina aya anu ngusutkeun (ngarorocét), padahal geus bérés pisan tadina mah. Artinya ada yang mengacaukan padahal sebelumnya sudah beres.
  • Aya nu dianjing cai hartina aya nu diarep-arep atawa digeroan. Artinya ada yang diincar atau ada yang ditunggu-tunggu.
  • Aya pikir kadua leutik nyaeta aya kahayang. Artinya menyimpan keinginan.
  • Aya hate kadua leutik hartina miboga kahayang anu teu kedal. Artinya menyimpan keinginan yang belum disampaikan.
  • Aya pikir kapingburi hartinya nyaeta aya kahayang anu timbul pandeuri atawa sanggeus lila ditimbang-timbang asal teu hayang jadi hayang. Artinya ada keinginan yang muncul belakangan, setelah ditimbang-timbang asalnya tidak mau jadi mau.
  • Ayak-ayak béas, nu badag moncor nu lembut nyangsang hartina kaayaan anu teu sawajarna upamana baé anu dihukum téh anu teu pira kasalahanana, ari nu gedé kasalahanana teu dihukum. Artinya menunjukkan pada keadaan yang tidak sewajarnya. Misalnya orang yang tidak bersalah dihukum, sedangkan yang bersalah tidak dihukum.
  • Ayakan tara meunang kancra nyaeta nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana. Artinya orang bodoh dan orang pintar tidak akan sama derajat dan penghasilannya.

Halaman berikutnya (2): Peribahasa Sunda dan artinya berawalan huruf B dan C.