Pengertian Kecap Saharti dan Contoh Kalimatnya

Pengertian Kecap Saharti Bahasa Sunda dan Contoh Kalimatnya

11 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Postingan ini berisi pengertian kecap saharti dalam bahasa Sunda lengkap dengan contoh kalimatnya.

Apa itu kecap saharti?

Kecap saharti nyaeta kecap anu béda tapi mibanda harti anu sarua. Artinya, kata dalam bahasa Sunda yang berbeda tetapi mempunyai arti atau maksud yang sama. Dalam bahasa Indonesia disebut juga sinonim atau persamaan kata.

Contoh kecap saharti dan kalimatnya

1. Murang maring saharti jeung ambek-ambekan, artinya marah-marah.

  • Bakat Kang Kabayan mah lamun keuheul ka pamajikanana sok murang maring ka saréréa. Nu teu tuah teu dosa ogé milu kacarékan.
  • Kang Kabayan keur ambek-ambekan ka anak buahna pédah dititah sasapu di buruan euweuh nu ngagugu saurang-urang acan.

2. Soméah saharti jeung kecap daréhdéh, artinya ramah.

  • Nyi Ningsih mah soméah ka unggal jelema ogé. Lamun pareng nempo jelema ngaliwat ka hareupeun imah na teu weléh ditanya.
  • Urang Sunda mah ti baheula katelah daréhdéh. Nyaritana lentong bari sok dibarengan ku seuri.

3. Sengserang panon hartina sarua jeung meujeuhna resep naksir atawa begér, artinya sedang masa puber.

  • Pédro mah buukna teu weléh leucir bari tara poho maké minyak seungit, kawantu keur meujeuhna séngsérang panon.
  • Bisa dicirikeun, lalaki anu keur begér mah biasana sok nyetil bari jeung hahariringan.

4. Barongkéakan sarua hartina jeung barudak uruseun kénéh, artinya anak-anak kecil masih perlu diurus.

  • Teu karunyaeun Kang Dadang mah nyerahkeun pamajikanana anu sakitu bageurna bari jeung budak barongkeakan.
  • Kolot nu bogaeun barudak laleutik kénéh mah tara jongjoneun dahar.

5. Ngotok ngowo saharti jeung kecap uluketek waé; tara nyingkah, artinya tidak bepergian.

  • Tisaprak pepegatan jeung salakina, Ceu Popon gawéna ngan ngotok ngowo di imah.
  • Sakali-kali mah urang téh kudu ngalanto ka kota, ulah ulukutek waé di lembur ambéh loba kanyaho.

6. Cocoba sarua hartina jeung musibah atawa kacilakaan.

  • Saban-saban jalma ogé tangtu kungsi meunang cocoba ti Nu Maha Kawasa.
  • Ceuk kolot, dina bulan Sapar mah sok loba musibah.

7. Martabat ngandung harti kalungguhan, artinya keudukan.

  • Martabat hiji bangsa bisa diukur tina budayana. Lamun budayana awut-awutan tangtu bangsana bakal ruksak (Quote Asep Sunandar Sunarya).
  • Kalungguhan Gubernur teh leuwih luhur tibatan Bupati.

8. Nguyup getih sarua hartina jeung bela pati, artinya berkorban jiwa.

  • Abong jiwa satria, para tentara mah wani nguyup getih keur melaan lemah cai.
  • Para pahlawan kamerdikaan teu inggis bela pati keur ngusir penjajah ti nagara urang.

9. Tibra haté hartina sarua jeung sugema, artinya bahagia.

  • Kabéh kolot ogé bakal tibra haté lamun ninggali anakna hirup cageur, bageur, jeung bener.
  • Kuring mah can sugema lamun kahayang can kalaksanakeun.

10. Gurung gusu sarua jeung rurusuhan, artinya tergesa-gesa atau terburu-buru.

  • Anu baranggawena gurung gusu mah hasilna oge tara bener.
  • Beunang nulis rurusuhan mah aksara téh acak-acakan kawas cékér hayam.

Baca juga: Daftar Kata Sinonim dalam Bahasa Sunda

Demikianlah, semoga bermanfaat.