Ringkasan Cerita Wayang Golek Asal Muasal Kuncung Semar

Ringkasan Cerita Wayang Golek Asal Muasal Kuncung Semar

457 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Bagi para penggemar kesenian wayang golek, berikut ini ringkasan cerita wayang golek asal muasal kuncung Semar dari Giri Harja 3 dalang Asep Sunandar Sunarya (alm).

Kacaritakeun di karaton Mercu Konda, Sang Naléndra Otipati Hyang Jagatnata Batara Guru keur nyaritakeun kabingungna ka Panji Narada jeung Batara Indra.

Ari kabingungna Batara Guru téh nya éta hayang nyampurnakeun jiwana. Carana nyaéta kudu mibanda kuncung sajatining hurip kuncung sajatining hirup nu aya dina emun-emunan sirah Semar Badranaya.

Batara Guru rido ngécagkeun kalungguhan raja pikeun nukeuran kuncung Semar.

Batara Guru ngutus Panji Narada pikeun lumampah ka Tumaritis pikeun ménta kuncung ka Semar Badranaya. Panji Narada teu sanggup kudu ménta kuncung Semar, sieun campelak sabab Semar téh kapanan lanceuk Batara Guru jeung Narada anu panggedena. Sajaba ti éta, lamun Semar diganggu, inggis aya mamala anu teu hadé.

Batara Guru bendu, Panji Narada dipecat tina jabatanana. Narada rido kénéh dipecat tibatan kudu ménta kuncung ka Semar. Narada diusir kudu nyingkah ti sawarga.

Tuluy Otipati  nyebarkeun béwara ka marcapada yén Otipati Raja Triloka ngabutuhkeun kuncung Semar. Sing saha nu meunangkeun kuncung Semar tuluy dibawa ka sawarga bakal meunang hadiah widadari jeung bakal ditempatkeun di sawarga.

Di marcapada geunjleung, loba jelema anu ngajugjug ka Tumaritis, kabita ku pangbibita Batara Guru. Indra ogé diutus nepungan batara-batara anu satuhu ka Batara Guru pikeun ménta kuncung sajatining hurip kuncung sajatining hirup.

Satuluyna Indra ngayakeun gempungan jeung Batara Bayu katut dulur-dulur lianna pikeun nyawalakeun kahayang Otipati Batara Guru.

Kacaturkeun Panji Narada ngajugjug ka hiji kampung di désa Medang Kamulyan. Barang Narada keur aya di satengahing marga sopana, katempo aya anu ngagenyas hérang dina sela-sela tatangkalan anu jaranggotan.

Au moncorong téh dipalengpeng ku Narada. Sihoréng anu hérang téh cupu, barang antik anu nyangsang.

Kalayan nyebat asma Alloh, éta cupu teh dibuka. Pinasti kersa hyang dumampara. Tina jero cupu kaluar cahaya tuluy robah jadi wujud manusa anu kasép ngalémperéng konéng.

Éta jalma téh ngaku bapa ka Panji Narada, ari nu diaku indungna nyaéta cupu. Tuluy ku Panji Narada dibéré ngaran Bambang Mélasrana.

Bambang Mélasrana maksud rék protés ka Otipati di Sawarga Maniloka, ari Batara Narada abus kana cupu tuluy disakuan ku Bambang Mélasrana.

Barang rék lumampah katempo aya lalaki duaan, tuluy digeroan. Éta jalma nu duaan téh sihoréng si Astrajingga alias si Cépot jeung si Dawala anu rék ka karaton Mercu Konda, rék bébéja yén di Tumaritis loba jalma nu ménta kuncung Semar.

Di satengahing jalan, Bambang Mélasrana, Astrajingga, jeung Dawala pasarandog jeung Batara Indra, Batara Brahma, jeung Batara Bayu.

Singget carita Mélasrana anu teu panuju kana kahayang Otipati tarung jeung Batara Indra, Batara Brahma, jeung Bataraa Bayu, kalayan dimeunangkeun ku Mélasrana. Para batara kabur ka sawarga maniloka.

Antukna Otipati turun ka marcapada, nepungan Mélasrana, Cepot, jeung Dawala. Otipati Hyang Jagatnata Batara Guru tarung ngalawan Bambang Mélasrana. Otipati disapa jadi buta héjo ku Mélasrana.

Otipati ngabelesat muru ka Tumaritis rék ménta kuncung Semar, disusul ku Bambang Mélasrama, Cépot, jeung Dawala.

Kacaturkeun di Kampung Tumaritis. Anu kapapancénan jaga dina waktu harita nyaéta Gatot Kaca. Pamaréntah di Amarta yakni Pandawa dina hal ieu patukang tonggong jeung Batara Guru. Gatot Kaca baris ngahalangan singsaha baé anu rék ménta kuncung Semar sok sanajan salambar.

Semar Ngaguar Kuncung

Dina mangsa keur paduduaan jeung Semar, Gatot Kaca nanyakeun naon kasangtukang kuncung Semar. Tong boro rahayat di marcapada, dalah para déwa ogé ngabutuhkeun éta kuncung.

Saméméh medar kasangtukang kuncung, Semar ménta ka Gatot Kaca pikeun nyucikeun heula pamadegan sangkan teu bentrok pamadegan, sabab di jaman kiwari mah cenah nu diténgan téh perbédaan lain persamaan.

Ceuk Semar, kuncung Semar téh aya 360 lambar. Rusiah manusa ti mimiti tungtung buuk nepika dampal suku aya 360 rusiah. Aya ogé nu nyaritakeun 99, éta ogé sarua.

Kuncung téh jadina di tengah-tengah sirah, hartina panteng istikomah ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan. Cicing dina pamadeganana.

Ieu audio paguneman salengkepna antara Semar jeung Gatot Kaca ngeunaan asal muasal kuncung Semar.

Keur kitu, jol buta héjo jajadian Otipati Hyang Jagatnata Batara Guru datang. Buta téh ménta kuncung ka Semar. Barang buta rék ngarawél kuncung Semar, teu kanyoan Gatot Kaca narajang ka éta buta.

Sabot Gatot Kaca keur tarung jeung Buta, torojol Cepot, Dawala, jeung Bambang Melasrana. Batara Narada dikaluarkeun tina cupu ku Mélasrana.

Kacaturkeun deui Gatot Kaca dijambak ku buta héjo nepika ngalumuruk lir kapuk kaibunan lir kapas kaanginan. Sanggeus diubaran ku Mélasrana, teu sakara-kara Gatot Kaca téh cageur deui.

Mélasrana tarung ngalawan buta héjo. Basa dijambak ku éta buta, Mélasrana robah wujud jadi Otipati Hyang Jagatnata Batara Guru anu asli. Sihoréng basa keur bongoh, Batara Guru diculik tuluy diasupkeun kana jero cupu manik ku éta buta. Batara Guru nepika cicing mangtaun-taun dina jero cupu, anu tungtungna kapanggih ku Batara Narada.

Buta héjo mamalihan Batara Guru dijambak ku Semar Badrayana, janggélék jadi mahluk. Éta mahluk mamalihan Batara Guru téh sihoréng kumpulan tina napsu-napsuna Sanghyang Rancasan anu cicing di alam marakayangan. Buta héjo paburisat balik deui jadi dedemit.

Tamat.

Baca juga: Sinopsis Cerita Wayang Golek Semar Rarabi (Jaka Gintiri)

Demikianlah, semoga bermanfaat.