Ringkasan Wawacan Panji Wulung

Ringkasan Wawacan Panji Wulung dalam Basa Sunda

6 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Cerita Panji Wulung ditulis oleh R.H. Moehamad Moesa, seorang Penghulu Kabupaten Garut pada zaman penjajahan Hindia Belanda. Wawacan ini diterbitkan pada tahun 1931 oleh penerbit Mangkoenagara.

Wawacan Panji Wulung adalah cerita tradisional masyarakat Sunda. Wawacan Panji Wulung menceritakan perjalanan hidup seorang putra raja Sokadana dari selir yang difitnah selingkuh dengan pengawalnya.

Akhir ceritanya, Panji Wulung menjadi raja di negara Cempa. Sedangkan yang menjadi raja di Sokadana menggantikan ayahnya adalah putra patih Sokadana.

Biar kamu tidak penasaran, silakan simak ringkasan wawacan Panji Wulung dalam bahasa Sunda.

Ringkasan Wawacan Panji Wulung dalam Bahasa Sunda

Kacaturkeun nagara Sokadana, anu kaceluk nagara beunghar taya kakurang. Rajana sabar tur adil. Ngaran rajana Déwakéswari. Raja téh miasih pisan ka Tunjungsari, selir anu asalna ti Balangbangan.

Praméswari ijideun pisan ka Tunjungsari. Manéhna sakongkol jeung Ajar Guna Wisésa pikeun ngusir Tunjungsari ti karaton. Ajar bébéja ka raja, majarkeun Tunjungsari ngalampahkeun jinah jeung pangiringna nu ngaran Panolih.

Raja bendu kacida. Raja maréntah patih Lembu Jayéng Pati pikeun nelasan Panolih jeung Tunjungsari anu keur kakandungan. Tapi patih teu tegaeun. Tunjungsari disingkurkeun, sedengkeun Panolih dititah kaluar ti Sokadana.

Tunjungsari ngalahirkeun budak lalaki anu dingaranan Panji Wulung. Éta budak téh dipikanyaah jeung dididik ku Patih. Panji Wulung ménta Ajar Guna Wisésa ngabuktikeun élmuna, tapi batan ngabuktikeun kalah malédog ku batu. Antukna Ajar Guna Wisésa ditewek ku péso nepika tilar dunya.

Panji Wulung ngumbara ka Cempa di baturan ku pangiringna, Janggala jeung Janggali. Di kapal, Panji Wulung tepung jeung Daéng Bramani nepika nyobatna. Maranéhna tatanén dinu nyingkur.

Sataun ti harita, Panji Wulung jeung tilu sobatna lumampah ka leuweung. Di leuweung, papanggih jeung Mantri Panglima anu hianat ka raja Cempa bari nyulit putrina nu ngaran Andayaningrat.

Panji Wulung jeung Andayaningrat silih pikacinta. Raja Cempa ngembarkeun yén sing saha baé nu manggihan putri Andayaningrat bakal dibéré hadiah satengah wewengkon karajaan Cempa.

Kacaturkeun di nagara Cempa, jol Andakasura ngaku-ngaku geus maéhan Mantri Panglima. Padahal manéhna ukur manggihan bangkéna di leuweung.

Ari Panji Wulung masih kénéh bingbang pikeun mulangkeun putri. Manéhna nulis surat ka raja Cempa, ngabéjakeun yén putri geus salamet.

Putri Andayaningrat jeung Panji Wulung dipapagkeun ku aleutan ti Cempa. Panji Wulung dijenengkeun jadi pangéran sarta meunang jujuluk Déwa Kusumah, Bramani dibéré jujuluk Urawan. Waktu raja rék nibanan hukuman pati ka Andakasura, dihalang-halang ku Panji Wulung sarta ménta Andakasura dibebaskeun.

Andakasura kabur ti Cempa, anjog ka nagara Gilingwesi. Andakasura mangaruhan raja Gilingwesi sangkan ngarebut sarta ngawin putri Andayaningrat anu geulis kawanti-wanti. Niat raja dihalangan ku patih, tapi patihna kalah ditelasan.

Perang rongkah antara pasukan Gilingwesi jeung pasukan Cempa anu dipingpin ku Panji Wulung lumangsung di basisir. Dina éta pangperangan aya prajurit nu hayang males pati ka raja Gilingwesi sabab geus maténi pamanna.

Perang ahirna lekasan kalawan kaunggulan aya di pihak Panji Wulung. Sésa prajurit Gilingwesi digiring ka karaton Cempa.

Panji Wulung unjukan ka raja Cempa, supaya prajurit Gilingwesi anu baruntak dijadikeun raja di Gilingwesi. Tapi raja nyaur yén hadéna mah Sudarma dijadikeun patih Cempa baé, sarta ngajenengkeun Bramani jadi raja Gilingwesi.

Nagara Cempa beuki maju. Dina haté Panji Wulung teu weléh inget ka patih Sokadana. Ti dinya Panji Wulung ngutus Janggala jeung Janggali nepikeun surat ka Patih Sokadana sarta ngabéjakeun yén dirina geus jadi putra mahkota di Cempa.

Kacaturkeun di Sokadana, patih ogé teu weléh inget ka Panji Wulung. Barang narima surat nu dibawa ku Janggala jeung Janggali, patih, istrina, katut Tunjungsari kacida kagagasna. Patih Sokadana nulis surat anu eusina ngadadarkeun rusiah kahirupan Panji Wulung, sarta nepikeun piwulang yen Panji Wulung ulah sombong, kudu nyaah ka pamajikan, jeung bisa nahan hawa napsu. Dicaritakeun oge putra patih anu ngaran Panji Pamekas dijenengkeun putra mahkota ku raja Sokadana, sabab raja teu kagungan rundayan.

Barang maca surat ti patih Sokadana, Panji Wulung kacida ngangresna tur nyaluyuan Panji Pamekas jadi putra mahkota nagara Sokadana.

Teu lila ti harita, raja Cempa gering parna. Raja nepikeun wasiat yen Panji Wulung kudu jadi gaganti manéhna. Sanggeus masrahkeun cingcin karajaan, raja tilar dunya.

Panji Wulung nulis surat, ngabéjakeun pupusna raja Cempa sarta dirina geus jeneng jadi raja Cempa. Patih Sokadana kacida bungahna, malah aya niat rék nganjang ka Cempa jeung istrina, katut Tunjungsari.

Panji Wulung ogé bungaheun pisan ngadéngé beja kitu téh. Manéhna badami jeung pamajikanana pikeun sasayagaan mapagkeun urang Sokadana.

Kacaturkeun di Sokadana, raja anu tos sepuh ngersakeun bubujeng. Di sasaungan raja ngobrol jeung patih ngeunaan maksudna masrahkan karajaan Sokadana ka Panji Pamekas. Raja ogé nepikeun rasa kaduhungna geus nibanan hukuman pati ka Tunjungsari. Teu ku hanté, raja ogé kungsi ningali awéwé anu sarimbag jeung Tunjungsari, selirna téa.

Ku patih dicaritakeun yén dirina geus ngabohong. Tunjungsari teu tulis ditelasan. Dicaritakeun ogé talajak prameswari anu teu satia. Teu lila ti harita, raja ngejenengkeun Tunjungsari jadi pawarang di Sokadana ngaganti ratu anu tiheula.

Raja jeung Tunjungsari teu weléh inget ka Panji Wulung. Antukna raja ngutus patih pikeun nemonan Panji Wulung di Cempa.

Sanepina di Sokadana, Panji Wulung ditepungkeun jeung indung bapana anu kacida ngarep-ngarepna dina suasana anu pikasediheun. Panji Wulung ogé nyakséni Panji Pamekas diistrénan jadi raja. Panji Pamitran anu masih kénéh alona Tunjungsari dijungjung lungguh jadi patih.

Kacaturkeun di Cempa, barang ngadéngé raja euweuh di nagarana, Andakasura mangaruhan patih Cempa sangkan baruntak ka Panji Wulung. Lila ti lila antukna patih kapangaruhan.

Pasukan anu baruntak ka Panji Wulung tuluy ngajugjug ka basisir pikeun mapalangan Panji Wulung. Barang anjog ka basisir, Panji Wulung diserang ku témbakan mariem tuluy balik deui ka laut. Teu lila ti harita datang Jayaperbangsa nu ngalolos ti Cempa, ngabéjakeun yen patih geus ngabaruntak.

Barang pasukan Panji Wulung rék malik nyerang, jol pasukan bantuan ti nagara Gilingwesi. Perang campuh di laut jeung basisir, antukna pasukan Panji Wulung nu dibantuan ku pasukan Gilingwesi hasil numpes nu ngabaruntak.

Panji Wulung mulang deui ka karaton Cempa. Kaayaan karaton geus burakrakan, sabab diranjah ku patih. Raja Gilingwesi teu dihaturanan mulang deui, tapi sina netep heula bari tuluy dijenengkeun jadi patih. Sabadana sabulan aya di Cempa, raja Gilingwesi amitan.

Patih Cempa anu baruntak jeung Andakasura hirup sangsara di leuweung. Patih ngarumasakeun geus kagoda pikeun ngalawan raja. Dina hiji poé, patih jeung Andakasura katéwak ku urang lembur sarta dijagragkeun ka karaton. Panji Wulung maréntahkeun sangkan patih nu baruntak jeung Andakasura dibawa ka pangadilan. Patih mah dibéré tobat, sedengkeun Andakasura ditibanan hukuman pati.

Ti harita, nagara Cempa beuki makmur loh jinawi.

Baca juga: Kamus Bahasa Sunda pada Ringkasan Wawacan Panji Wulung

Demikianlah, semoga bermanfaat.