Sinopsis Carita Wayang Golek Tirta Wanara Suta Giri Harja 3

Sinopsis Carita Wayang Golek Tirta Wanara Suta Giri Harja 3

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Berikut ini sinopsis cerita wayang golek yang berjudul Tirta Wanara Suta, dalang Asep Sunandar Sunarya dari Giri Harja 3.

Ringkasan Cerita

Ringkasan cerita wayang golek ini adalah sebagai berikut.

Bima ditahan oleh Prabu Banjar Pati dari kerajaan Banjar Kencana dan akan diambil darahnya untuk tumbal musibah dan wabah. Bima sangat kuat, tak ada satu pun senjata yang mempan. Agar bisa diambil darahnya, kepala Bima harus dipukul oleh pusaka kerajaan Amarta.

Patih dan Senopati kerajaan Banjar Kencana berhasil mengambil pusaka tersebut dengan memperdaya Prabu Yudistira.

Sementara itu, Semar Badrayana sedang sakit keras, ada benjolan besar di matanya. Batara Kresna dan Gatot Kaca bertemu si Cepot dan Dawala. Si Cepot mengatakan, ayahnya ingin dijenguk oleh Pandawa.

Batara Kresna dan Gatot Kaca pun menemui Semar. Batara Kresna berhasil mengobati Semar hingga keluar seekor kera putih dari benjolan di mata Semar. Kera itu bernama Titra Wanara Suta dan mengaku anaknya Semar.

Semar mau menerima Tirta Wanara Suta sebagai anaknya dengan syarat harus dapat menemukan Bima, Arjuna, dan pusaka Layang Jamus Kalimusada.

Bima berhasil dibebaskan, pusaka Layang Jamus pun berhasil direbut oleh Tirta Wanara Suta. Bima menawari hadiah pada Tirta Wanara. Monyet itu ingin menikahi Srikandi. Bima marah besar hingga leher kera itu ditusuk. Tiba-tiba Tirta Wanara hilang dan berubah wujud jadi Arjuna.

Sinopsis dalam bahasa Sunda

Kacaritakeun di karaton karajaan Banjar Kancana. Nu jadi rajana nyaéta Prabu Banjar Pati, raja sakti mandraguna, pangawakan jangkung gedé simar dada béwos témros taya papadana pasemon lir bangbarongan upami ngandika sentak sengor.

Patihna masih kénéh adi teges raja, ngaranna Déwi Banjar Wati. Anu jadi sénopati nyaéta Banjar Segara, adi raja anu bungsu.

Prabu Banjar Pati keur bingung kacida sabab di nagara Banjar Kencana keur loba musibah jeung wabah. Paling saeutik saratus jalma mah sapoé nu maot alatan katarajang rupa-rupa wabah.

Ceuk béja tinu beunang dipercaya, waluyana nagara Banjar Kencana téh kudu ditumbal ku getih Bima, Pandawa anu kadua. Kacaritakeun Bima geus aya dina calongcong beusi, ditahan ku Prabu Banjar Pati. Ngan, taya hiji ogé pakarang anu teurak kana awak Bima.

Patih Déwi Banjar Wati meunang béja ti Lurah Togog Téjomantri, yén Bima bakal teurak ku pakarang asal sirahna dibabuk heula ku pusaka Layang Jamus Kalimusada, lambang kaagungan nagara Amarta.

Raja bungaheun pisan ngadéngé béja ti adina. Tuluy raja nitah patih jeung sénopati pikeun ngiwat pusaka Layang Jamus Kalimusada ti Amarta.

Patih jeung sénopati lumampah ka Amarta rék ngiwat pusaka tina leuengeun Prabu Yudistira. Saméméh mariang, patih méré béwara heula ka wadia balad tamtama sangkan ngajaga kaamanan nagara.

Sénopati Banjar Segara sakti mandraguna, bisa mancala putra mancala putri. Datangna ka karaton Amarta malih warna jadi Batara Kresna ti Jenggala Manik. Cacaritaanna rék nginjeum pusaka Layang Jamus Kalimusada. Atuh ku Prabu Yudistira éta pusaka téh dibikeun.

Kaayaan Amarta harita keur meujeuhna katurug katutuh. Eukeur mah Arjuna leungit tanpa laratan, atuh Bima nu néangan Arjuna ogé euweuh. Katurug-turug lambang kaagungan nagara geus aya dina leungeun musuh.

Dina kaayaan kitu, Batara Kresna anu asli datang ka Amarta rék ngalongok Yudistira wiréh meunang béja Arjuna leungit. Barang narima béja Layang Jamus diiwat musuh ku cara tipu daya, Kresna ngabelesat nyusul musuh nu ngiwat pusaka téa.

Tunda lalampahan éta.

Kacaritakeun Gatot Kaca anu keur néangan Arjuna. Manéhna geus ngarasa kesel ngambah jomantara tuluy turun ngambah lemah.

Gatot Kaca curiga ka urang Astina anu nyieun pucuk ti girang sangkan Pandawa nandangan lara. Ari rék nyieun tindakan ka Astina, Gatot Kaca inggis melengkung bekas nyalahan sabab can aya bukti. Para juru talungtik anu diutus pikeun nalungtik urang Astina nepi ka kiwari can méré laporan.

Gatot Kaca nuluykeun lalampahan, saméméhna ngalirik kana busana. Ari busana Gatot Kaca téh disebutkeun:

busanané gatot kaca, jamal mas susun tiga susumping mas rinéka…
hulur-hulur nganggem deras rama aja jamang susun tiga..
gelung cupit hincal prahasta uncal kancana..
alas-alasan kancing garuda mungkur..
simawé raksukan kré anta kusumah…
pengawasanepu, ora nana braja hingkang tumama..
simawé sinjang wasunona..
suasané wanci tengah hujan boten keujanan wonten panas boten datan kepanasan..
simawé tarumpah crama…
pengawasanepun bisa mabur tnpa helar..
cangcut taliwanda, cangcut arané wonga cingcin kayu bedakan melesat dateng gegana tuminak dateng ngarsa..

Barang keur lurak-lirik ti awang-awang, Gatot Kaca nempo anu keur laleumpang duaan nyaéta si Cépot jeung si Dawala.

Si Cépot jeung Dawala téh keur lumampah rék ngadeuheus ka Pandawa, arék ngabejakeun talatah Semar Badrayana anu keur gering parna hayang dilongok ku pangawulaan.

Barang disampeurkeun ku Gatot Kaca, si Cépot nyegruk ceurik bari nyaritakeun kaayaan bapana nu keur gering, panonna bareuh sagedé sirah.

Keur kitu, torojol Batara Kresna datang. Batara Kresna ngunikeun pamaksudan ka Gatot Kaca, tadina rék ngalongok Pandawa lantaran ngadéngé béja Arjuna leungit. Ari nepi ka Amarta, Yudistira ngabéjakeun Layang Jamus Kalimusada diiwat musuh ku cara réka perdaya.

Si Cépot ogé sakalian bébéja ka Batara Kresna, ngabéjakeun kaayaan Semar anu keur gering parna bari hayang dilongok ku dunungan ti Amarta. Ngan, Batara Kresna leuwih ngaheulakeun urusan Layang Jamus Kalimusada.

Ditempo tina kaca lopian, nu ngiwat pusaka téh masih kekeleyengan di wewengkon éta. Kresna apaleun nu maok pusaka aya duaan, nu hiji awéwé nu hiji deui lalaki. Tuluy Batara Kresna ngagibegkeun dirina maké aji malih warna, leungit jirim nu sayakti ilang warna nu sanyata ngajangélék jadi Banjar Wati.

Déwi Banjar Wati jajadian megat Banjar Segara di jajalaneun. Sanggeus pusaka Layang Jamus Kalimusada dibikeun ku Banjar Segara, Déwi Banjar Wati jajadian ngarobah deui jirim kana wujud aslinya, nyaéta Prabu Batara Kresna.

Gatot Kaca nyirorot ti awang-awang ngajambak Banjar Segara. Tuluy maranéhna tarung patutunggalan.

Barang diképrét ku Gatot Kaca, Banjar Segara abus kana jero taneuh. Gatot Kaca ngarasa bingung jeung éra ku Batara Kresna. Nya ménta pandangan ti si Dawala.

Si Dawala ngingetan yén Gatot Kaca boga lanceuk di Catur Pertala (empat bumi) anu ngaranna Anterja. Lajeng Gatot Kaca nyambat Anterja. Teu kungsi lila Anterja datang.

Gatot Kaca nanyakeun ngeunaan laratan Arjuna jeung Bima ka lanceukna. Ngan Anterja can bisa manggihan Arjuna jeung bapana (Bima). Gatot Kaca ogé ngabéjakeun kaayaan nu keur kaalaman ayeuna. Di antarana Semar keur gering jeung pusaka Layang Jamus Kalimusada aya nu maling. Pusaka mah geus beunang deui ku Batara Kresna, ngan nu malingna lumpat ka jero taneuh.

Anterja ngabagi-bagi tugas, manéhna asup ka jero taneuh, si Cépot jeung Dawala ngajaga di luhur taneuh, sedengkeun Gatot Kaca ningker ti awang-awang.

Di jero taneuh, Banjar Segara kapanggih ku Anterja. Sanggeus tarung ngaradu kasaktén, Banjar Segara lumpat ka lapisan bumi kadua, tuluy diberik ku Anterja. Banjar Segara inget kana élmuna, manéhna ngagunakeun aji halimunan, ngaleungit tina paninggali Gatot Kaca, Anterja, jeung Batara Kresna.

Batara Kresna tuluy indit ka karaton, maksudna rék mikeun Layang Jamus Kalimusada ka Prabu Yudistira. Di lawang karaton, geus nyampak Prabu Yudistira. Singget carita, éta pusaka dibikeun ka Prabu Yudistira. Barang geus katarima, Prabu Yudistira robah wujud jadi Banjar Segara. Sihoréng Yudistira nu asli mah aya di jero karaton.

Batara Kresna geuneuk lir beusi atah beuleum. Manéhna sadar yén jalar kaluarna lintang ti kudu néang Semar Badranaya anu kiwari keur gering. Kresna tuluy lumampah deui nyampeur Gatot Kaca, Cépot jeung Dawala pikeun néang Semar.

Siti Ragén jeung Nala Garéng bungaheun kacida kadatangan Kresna jeung Gatot Kaca. Sedengkeun Semar kasampak keur tibra saré. Satuluyna, Semar anu keur tibra dipangku ku Gatot Kaca, didiukeun dina handapeun tangkal kai anu gedé.

Semar diubaran ku Batara Kresna maké pusaka senjata cakra udaksana. Tina nu ngajendul dina panon Semar kaluar monyét bodas ngaranna Tirta Wanara Suta. Éta monyét téh ngaku anak Semar jeung Siti Ragén. Semar teu narima, asa diwiwirang tuluy éta monyét téh dibabuk ku Semar.

Batara Kresna ménta pengertian Semar, yén kaayaan nagara keur riweuh. Layang Jamus Kalimusada, Arjuna jeung Bima leungit.

Semar daék ngaku anak lahir batin ka Tirta Wanara Suta asal kudu bisa manggihan Layang Jamus, Arjuna, jeung Bima. Tirta Wanara Suta nyanggupan kalawan ménta disaksi ku Gatot Kaca, Cépot, jeung Dawala.

Kresna jeung Gatot Kaca merhatikeun ti awang-awang, si Cépot jeung Dawala milu nganteur Tirta Wanara Suta.

Kacaturkeun Bima nu keur aya dina calongcong beusi, sirahna rék dibabuk Layang Jamus ku Prabu Banjar Pati. Barang rék muka konci calongcong, Tirta Wanara Suta datang ngajorélat tuluy diudag ku Banjar Pati jeung Banjar Wati.

Bima nu aya dina jero calongcong beusi bari keur kaayaan diracun ku musuh, diubaran ku Batara Kresna. Bima ngaluarkeun ajian Bandung Bandawasa, calongcong beusi anu sakitu kuatna nepi ka amburasut.

Patih Déwi Banjar Wati perlaya ku Tirta Wanara Suta ku cara mulangkeun senjata panahna. Prabu Banjar Pati ogé perlaya ku Bima. Sedengkeun Banjar Segara perlaya dina leungeun Gatot Kaca.

Tirta Wanara Suta nyérénkeun pusaka Layang Jamus Kalimusada ka Bima. Tirta Wanara dirojok tikorona ku Bima lantaran hayang kawin ka Subadra Srikandi.

Pinasti kersa Hyang Tumampara, Tirta Wanara Suta leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, ngajanggélék jadi Arjuna.

Baca juga: Sinopsis Cerita Wayang Golek Semar Rarabi (Jaka Gintiri)

Demikianlah, semoga bermanfaat.