SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Tebak-tebakan dalam bahasa Sunda disebut tatarucingan. Tebak-tebakan biasanya dilakukan untuk hiburan saat obrolan kehabisan topik. Daripada melamun atawa pabetem-betem, mending tatarucingan.
Tatarucingan asalnya dari kata ucing (kucing). Ucing dijadikan simbol sesuatu yang harus dicari atau ditebak jawaban.
Soal dan jawaban tebak-tebakan bahasa Sunda biasanya berupa pelesetan atau guyonan. Terkadang tidak masuk akal dan tak ada hubungan antara jawaban dengan soal tebak-tebakan. Bahkan jawaban yang secara umum dianggap benar, bisa jadi salah menurut orang yang ngasih pertanyaan.
Memulai permainan tebak-tebakan biasanya salah seorang mengajak yang lainnya. Misalnya, “tatarucingan yu!” (tebak-tebakan yuk!), lalu yang lain menjawab “hayu, sok ti dinya heula” (ayo, silakan dari kamu dulu).
Baca juga: Contoh Kalimat Ajakan Bahasa Sunda
Cara Permainan Tatarucingan
Cara mainnya, orang yang kegiliran pertama diberi kesempatan mengajukan pertanyaan. Penebak biasanya diberi kesempatan sampai 3 kali menjawab. Jika sudah 3 kali kesempatan jawabannya masih salah, penebak dinyatakan taluk (menyerah). Ada juga yang tidak dibatasi, penanya memberi kesempatan sampai penebak menyatakan taluk.
Jika penebak sudah taluk, penanya memberi tahu jawabannya lalu melanjutkan ke soal tatarucingan berikutnya. Penanya akan terus kebagian giliran selama soal tebakannya belum bisa dijawab dengan benar oleh penebak.
Penebak akan mendapat giliran memberi tatarucingan kalau ia sudah berhasil menjawab tatarucingan dengan benar.
Contoh soal tebak-tebakan bahasa Sunda dan jawabannya
Berikut ini tabel contoh soal tatarucingan atau tebak-tebakan dalam bahasa Sunda lengkap dengan jawabannya.
No | Soal tebak-tebakan (tatarucingan) | Jawaban |
1 | Akar di luhur, pucuk di handap. | Janggot |
2 | Anu bongkok sarena kumaha? | Peureum |
3 | Ari nakol bedug aya sabaraha warna? | Ti luarna |
4 | Asup tarik kaluar laun. | Leho |
5 | Asup tina beuteung, kaluar tina tongong? | Tai sugu |
6 | Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. | Sireum make helm |
7 | Aya buluan, aya enogan, dimana lamun arek dipake sok heuras, mimitina K tungtungna L naon ngarana? | Keuteupel |
8 | Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? | Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber |
9 | Bahasa arab na kopeah? Wadah hulu | |
10 | Bahasa arabna jangot? | Balagadona |
11 | Bahasa inggrisna budak cerik? | A is you |
12 | Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. | Obat nyamuk |
13 | Bangku naon anu bisa didahar? | Bangkuang |
14 | Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. | Kareta api |
15 | Baso dibalikkeun jadi naon? | Bahe |
16 | Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? | Minumpas kejahatan |
17 | Batu naon anu teu aya di cai? | Batu garing |
18 | Bisa naek teu bisa turun. | Haji |
19 | Bisa turun teu bisa naek. | Hujan |
20 | Boga hui 3 di kali 2 jadi sabaraha? | Sesana 1 da ges dikali 2 |
21 | Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. | Ganas |
22 | Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? | Buahenol |
23 | Buah naon anu sok diwedak? | Kesemek |
24 | Buah naon anu tara diala? | Buah murag |
25 | Budak dugul loba kutu. | Onde-onde |
26 | Bumbu dapur anu sahuruf naon? | U yah |
27 | Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din. | Pa Haji Samsudin |
28 | Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar,sakali nyebut! | Rujak |
29 | Di asupkeun kalah kaluar? | Kancing |
30 | Di luar hujan angina, di WC hujan naon? | Hujan-heujeun |
31 | Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. | Cau |
32 | Di paraban kalah beugang? | Batu asahan |
33 | Di tengah pasar aya naon? | Aya huruf S |
34 | Diajak Dahar Kalah naek? | Tukang gali sumur |
35 | Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. | Seupah |
36 | Dicabak aya dilieuk euweuh. | Ceuli |
37 | Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. | Tai kotok napel dina tihang listrik |
38 | Dicukur buluan, teu dicukur dugul. | Kadongdong |
39 | Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. | Rebab |
40 | Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. | Kuda |
41 | Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. | Goong |
42 | Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? | Korong |
43 | Diudag lumpat didagoan cicing. | Kalangkang |
44 | Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. | Kacamata |
45 | Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal tititinggi, naon sababna? | Sabab make sapatu heula, lila loba teuing sukuna |
46 | Gajah naon anu sukuna dua? | Gajah nu keur keprok |
47 | Gajah tumpak beca, gede naonna? | Gede bohongna |
48 | Gunung bitu, bandera kekelebetan. | Nu keur ngakeul sangu |
49 | Gunung di tugar, bendera berkibar? | Nu keur ngakeul |
50 | Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? | Hayam paeh |
51 | Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? | Hayam leungit |
52 | Hayam naon anu sukuna 1002? | Hayam nu keur gelut jeung titinggi |
53 | Hayam naon anu sukuna hiji? | Hayam nu keur jengke |
54 | Hayam naon anu sukuna sarebu? | Hayam keur pawey |
55 | Hayamna bodas, naonna anu hideung? | Kalangkangna |
56 | Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. | Langlayangan |
57 | Hideung, leutik, bahaya. | Sireum napel dina bom |
58 | Hiji diala ari loba teu diala. | Huis |
59 | Hurup naon anu ngeunah? | Nya T |
60 | Indungna cicing anakna ancul-anculan. | Lisung jeung halu |
61 | Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? | Aki-aki make iteuk jeung kacamata |
62 | Jam naon anu bisa nembang? | Jamrud |
63 | Ka handap muka ka luhur nutup. | Seleting |
64 | Kaca naon anu sok disada? | Kacapi |
65 | Kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? | Kasur ini rusak |
66 | Kalong naon anu pinter maen bal? | Kalonggak beckham ya…Del Piero |
67 | Kapal naon anu teu bisa ngapung? | Kapal nu mesinna ruksak |
68 | Kasur naon anu matak nyeri? | Kasura |
69 | Kasur naon anu nyeuri? | Kasura |
70 | Kuda naon anu teu bisa lumpat? | Kuda nu dicangcang |
71 | Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? | Eleketek heula, nu seuri eta huluna |
72 | Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? | Neangan kukuna nu sok dibabawa ku tukang jamu |
73 | Lamun ker mentas dina sasak, terus di tengah-tengah mangih bangke anu ges bau, muntangna kana naon? | Muntangna kana irung, da bau bangke. |
74 | Lamun shalat menang naon? | Menang wudhu |
75 | Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? | Sabab sieun S-na leeh kapanasan |
76 | Lauk naon anu bisa hiber? | Lauk Indosiar |
77 | Leutik bodas pikasieuneun. | Sireum nu napel dina huntu maung |
78 | Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat. | Remeh napel dina kareta api nu keur maju |
79 | Lima kali sabaraha anu eusina 17? | Lima kali solat |
80 | Luhureun i mah aya naon? | aya titik |
81 | Maju eleh, mundur meunang. | Nu keur lomba tarik tambang |
82 | Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. | Toge |
83 | Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. | Bebegig |
84 | Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? | Manuk anu katincak |
85 | Minyak naon anu rame? | Minyaksikan pertandingan sepakbola |
86 | Monyet turun naon heula? | Naek heula |
87 | Naha superman bajuna make hurup “S”? | Sabab mun XL mah bakal logor teuing |
88 | Nangkub dieusi nangkarak kosong. | Kopeah |
89 | Naon bedana daun sampeu rejeung onta? | Ari daun sampeumah di urab, ari onta mah di arab |
90 | Naon bedana nyolok jeung noel? | Ari nyolok mah kieu ( bari nyolok irung ), ari noel mah kieu ( bari noel ku urut nyolok liang irung) |
91 | Naon bedana onta jeung kangkung? | Onta mah di Arab, kangkung mah diurab |
92 | Naon bedana sawah, bensin, kamarang? | Ari sawahmah sakotak, ari bensin mah 2 tax, ari kamarang mah ngeong-ngeong jetak (bari neke). |
93 | Naon sababna anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? | Sabab teu make kaca spion |
94 | Naon sababna ban mobil tina karet? | Mun tina coklat pasti digembrong |
95 | Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? | Sabab banna buleud |
96 | Nini-nini bongkok kumaha sarena? | Peureum |
97 | Nu diakod maju, ari anu ngakodna cicing | Pancuran |
98 | Oray hejo panonna loba. | Peuteuy |
99 | Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? | Oray nu ngalegleg linggis |
100 | Palu naon anu bisa pidato? | Pa Lurah |
101 | Pang nyeubutkeun lima macam ngaran buah-buahan tapi kudu sakali kecap? | Rujak |
102 | Perdana mentri Jepang anu lahirna di Jayapura? | Kurasa takada |
103 | Piramida di jerona aya harta karun. | Bacang |
104 | Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? | Piring bolong |
105 | Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia? | Piringatan 17 Agustus |
106 | Pribumi di luar ari semah di jero. | Tukang beca jeung panumpang |
107 | Rancung lain landak, hejo lain tentara. | Kaktus |
108 | Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu. | Langit |
109 | Sapedah naon anu bisa ngapung? | Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur ngapung |
110 | Sapi naon anu bau? | Sapiteng |
111 | Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? | Sapiderman |
112 | Sato naon anu pangharam-haramna? | Anak bagong euweuh bapaan |
113 | Sato naon anu pangleutikna? | Cacing. Sabab sireum cacingan, tongo cacingan jadi nu pang leutikna cacing |
114 | Sato naon anu panonna dina suku, irung na dina suku, lengen na dina suku sagalana dina suku? | Sireum katincak |
115 | Sato naon anu sahuruf? | I kan |
116 | Sato naon anu sagala na sirah? | Kutu |
117 | Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? | Setandar |
118 | Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung. | Orok nu keur dikakandung ku indungna |
119 | Sisi-sisna daging na, terus tengah-tengah na aya kacangan naon ngarana? mimitina huruf na teh M tungtung na K | Martabak |
120 | Sukuna hiji, panonna tilu. | Lampu setopan |
121 | Supirna opatan ari panumpangna saurang. | Pasaran |
122 | Tangkal naon anu sok dipikasieun? | Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung |
123 | Ti peuting asak ti beurang atah. | Lampu bohlam |
124 | Tukang naon anu teu bisa ngitung? | Tukang poto, 2 x 3 jadi 5 rebu |
125 | Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? | Tukang maok |
Tatarucingan merupakan tradisi hiburan yang turun temurun. Eksistensinya sampai sekarang masih tetap bertahan dan suka dimainkan dalam beberapa kesempatan.
Itulah contoh-contoh soal tatarucingan dan jawabannya. Semoga bermanfaat dan selamat bermain!