Tatarucingan Sunda Sasatoan dan Conoh Kalimatnya

27 Tatarucingan Sunda Sasatoan dan Jawabannya

27 Dilihat

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Tatarucingan biasanya untuk lucu-lucuan atau hiburan, oleh karena itu soal tatarucingan pun biasanya jarang serius. Pertanyaan dan jawabannya kadang tidak nyambung, atau berupa pelesetan.

Salah satu objek yang bisa dijadikan tebak-tebakan yaitu sasatoan. Tatarucingan Sunda sasatoan adalah tebak-tebakan bahasa Sunda tentang binatang atau hewan. Bisa jadi soalnya tentang hewan atau jawabannya masih ada kaitan dengan hewan.

Contoh soal tatarucingan Sunda sasatoan dan jawabannya

1. Hayam naon anu sok diteangan? (Hayam leungit)

2. Hayam naon anu pikalucueun? (Hayam seuri = hayang seuri)

3. Hayam naon nu sok menta dihampura? (Hayam sori = I am sorry)

4. Naon sababna hayam nyatuna sok macokan? (Sabab teu bisaeun ngahuap)

5. Hayam naon anu sakti mandraguna? (Hayam Wuruk)

6. Sapi naon anu bau? (sapiteng = septic tank)

7. Sapi naon nu bisa ngapung? (Sapidermen = Spiderman)

8. Sapi naon anu deukuet ti imah? (sapipir)

9. Sapi naon anu bisa nulis? (Sapidol = spidol)

10. Nyamuk naon anu rupana bodas? (Nyamukena)

11. Sato naon anu ngaranna ngan sahurup? (i-kan?)

12. Sato naon anu baseuh? (Sato kahujanan/ sato kacaian)

13. Lauk naon anu garing? (Lauk goreng)

14. Lauk naon anu ngeunah? (Lauk asak)

15. Ari lauk kumaha sarena? (Peureum)

16. Galak mana kutu jeung maung? (Galak kutu. Teu percaya? ajaran kutu dina sirah jawara tines ku maneh)

17. Naon bedana munding jeung nu budug? (Mundingmah sok ngagaru, nu budug mah sok gagaro)

18. Kuda naon anu sukuna tilu? (Kuda baramaen)

19. Kuda naon anu pangatohna? (Kudapat cintamu)

20. Maung naon anu sok ulin jeung jelema? (Maung Bandung)

21. Naon sababna lamun anjing dibaledog sok ngalieuk? (teu make spion)

22. Sireum naon anu pangbeuratna? (Singsireumeun)

23. Gede mana dunya jeung beurit? (Gede beurit: dunia dalam beurita = berita)

24. Sato naon anu geus kolot? (Bang Engkong = Bangkong)

25. Hiji marmot + hiji marmot jadi sabaraha? (Rp. 20.000 atau jadi loba = orokan)

26. Naon sababna sapi sok ngacay? (Sabab teu bisaeun nyiduh)

27. Sato naon nu bisa ngomong? (Kalong; kalong bulan bisa ngomong =kalau bulan bisa ngomong).

Baca juga: 45 Tatarucingan Bahasa Sunda dan Jawabannya

Itulah tatarucingan bahasa Sunda tentang sasatoan (hewan). Semoga bermanfaat.